Liburan ka Bandung

25 0 1
                                    

Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung dina rangka liburan.

Abdi sadayana angkat sapoe sanggeus nampi rapot.

Dugi di Bandung, abdi sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun Bambu jeung Kebon Binatang.

Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun

Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun.

Abdi jeung kulawarga  angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.

Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom.

Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna.

Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas.

Puncakna, tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit Kota Bandung.

Kamu telah mencapai bab terakhir yang dipublikasikan.

⏰ Terakhir diperbarui: Dec 01, 2022 ⏰

Tambahkan cerita ini ke Perpustakaan untuk mendapatkan notifikasi saat ada bab baru!

LIBURAN KA BANDUNGTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang