galindeng hate, jumerit ati

8.3K 16 2
                                    

duh gusti sesembah ati, nu'nga gaduhan hirup jeng hurip na, tur kawasa ngusik maliken abdi abdi sadaya.........

iye hate bet jumerit kana nasib nu kasorang, lalakon nu tos karandapan ngan tumiba dodoja jeng panyiksa....

pait perih ges kapanggih.....
lara wirang ges kasorang.....

ngan cipanon nu nyaksi sajati, kana tunggara sangsara raga....

gusti.... sanes abdi ingkar kana takdir diri, ngan sa ukur iye panyingray kamelang nu mungguhing jadi doa di cabut na sagala lara.....

sanajan abdi sadar kasusah jeng kasenang ngan sa ukur pang ulinan rasa, rasa nu can nepi kana nasab na..

tapi abdi jalma nu jauh tina sampurna, nu sok berat keneh kana perkara nu pana..

napsu nu melit na ati, meredih kana janji gusti.. yen satiap jalma nu dipaparin cocoba, pasti hiji ciri bakal menang asih gusti..

ya alloh.. ya robbi...
abdi sadar ngan sa ukur loba kahayang.. kahayang nyumponan lapar... tapi jauh tina kamelang...kamelang kana laku lampah sorangan..

tobat..

minggu-22 mei-2016-12:49 WIB

carita jeng puisi dina basa sundaTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang