SI ENENG TI BANDUNG

16 2 0
                                    

Belentrang... sora na kadenge ka kamar Eneng, nandakeun yen poe ieu geus beurang. Lesley nyaeta ngaran asli si Eneng, ngaran anu dibere ti buyutna pas manehna keur orok tapi ti leleutik manehna ngan disebut Eneng tara make ngaran asli, teuing kunaon. Manehna boga tilu lanceuk awewe, dua lanceukna geus kawin lanceukna nu katilu ayeuna digawe di Jakarta sedengkeun manehna budak bungsu. Geus mindeng manehna dicaritakeun kumaha kaayaan Jakarta teh mun lanceukna balik ka Bandung.

"Eneng...Eneng...Eneng!" ceuk Indungna, sora tarik jeung jentre ngahudangkeun sare si Eneng. Jam opat subuh kaayaan di imah si Eneng geus rame jeung paciweuh.

"Muhun Ma abdi tos hudang." Bales si Eneng, langsung manehna indit ka cai nyokot wudhu jang sholat subuh bari ngaji sakedeung.

Beres sholat manehna nyamperkeun indungna ka dapur, ditingali indungna keur ngajieun ali agrem.

"Ma, aya naon subuh-subuh tos ngadamel ali agrem?"

"Aeh aeh ngajieun dahareun mah teu kudu aya naon-naon atuh neng."

"Bisi aya tamu nu bade dongkap ka bumi kitu?"

"Tamu saha neng, kabogoh Eneng rek kadieu?"

"Ah si Ema mah hereuy wae."

"Neng bantuan Ema, gorengkeun ranginang!"

***

Isuk-isuk kaayaan Jakarta geus macet, loba tukang kaki lima anu ngamangpaatkeun macet jang neangan duit dina ngajual daganganna. Andi kajebak macet, manehna rek indit ka imah mamangna di Bandung, kolotna nitah Andi ka Bandung meh manehna bisa mopohokeun kabogohna nu geus maot.

"Andi, ada yang ingin mama bicarakan denganmu."

"Ada apa Ma?"

"Sebaiknya besok kau pergi dan menginap untuk sementara waktu di rumah pamanmu!"

"Maksud Mama di Bandung?"

"Iya, nak."

"Kenapa? Apa ada yang terjadi dengan keluarga paman?"

"Tidak, Mama hanya ingin kau pergi untuk menjernihkan pikiranmu."

Jalanan kota Bandung anu masih keneh asri nyieun hate Andi tengtrem, geus lila manehna teu ka Bandung saprak ti kelas 6 sd. Imah emangna aya di daerah Nagrog, Ujungberung pas asup ka jalan Nagrog anu nanjak manehna ningali aya raramean jeung loba jelema, manehna ereun jeung turun tina mobil Mercedes hideungna manehna panasaran aya naon dijalan. Pas manehna cicing di sisi mobil, teu sangaja manehna ningali awewe bandung anu geulis keur maen Angklung jeung barudak leutik.

Andi tuluy wae ningalikeun awewe geulis eta, seuri na anu endah ngajieun hate manehna bungah, loba awewe geulis jeung gaul di Jakarta tapi eweuh anu boga seuri na siga kieu. Lila kalilaan manehna kanyahoan keur ningalikeun eta awewe akhirna mah manehna indit ka imah emangna, teu jauh ti daerah eta.

***

"Teh eneng!" jorowok the budak leutik ngageroan si eneng anu keur ngajarkeun budak leutik maen angklung.

"Aya naon, Upi?"

"Ceuk Mak teh eneng geura uih."

"Muhun pi, sakedap deui."

Beres ngajarkeun budak leutik maen Angklung, manehna langsung balik ka imah, ditingali si Ema keur nyiapkeun dahareun anu subuh di jieun.

"Ma, ieu sadaya bade dikamanakeun?"

Kamu telah mencapai bab terakhir yang dipublikasikan.

⏰ Terakhir diperbarui: May 08, 2017 ⏰

Tambahkan cerita ini ke Perpustakaan untuk mendapatkan notifikasi saat ada bab baru!

SI ENENG TI BANDUNGTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang