itsme_Aisyah28
Prolog
Lembur sukamaya harita masih kénéh hieum.Angin peuting ngahiliwir mawa bau taneuh baseuh saatos hujan silantang.Di handapeun tangkal caringin kurung nu akarna ngarumbay jiga leungeun buta, Nyi asih nangtung bari ngaleper. Awakna nu leutik camérek dibungkus ku kabaya bodas nu geus rada kotor ku leutak.
Dihareupanana,kang surya nangtung gagah.Leungeun kéncana nyekel biola tina kai jati kolot,leungeun katuhuna nyekel bus (pamaén biola). Panon surya katingali beureum,lain ku amarah,tapi ku kasedih nu geus teu kabendung deui.
"Nyi,naha leres anjeun bakal nikah ka den barkah?" Sora surya beurat,jiga sora gelap di kajauhan.
Asih ngan bisa tungkul. Cipanon ngeclak kana taneuh beureum, "Abdi teu tiasa kumaha-kumaha,kang. Bapa parantos nampi artos titipan ti kulawarga Den Barkah. Upami bade nolak, kulawarga abdi bakal diusir ti ieu lembur
Surya seuri pait. Manéhna ngangkat biolana, terus mimiti nembangkeun hiji nada. Mélodina kacida sedihna, jiga sora awéwé nu keur ceurik menta tulung. Waktu harita, langin jug ujug poék sanajan tadi mah caang bulan.
"Asih dangu ku anjeun. Lamun dunya misahkeun urang ayeuna ku cara nu telih,kuring sumpah! Getih kuring moal tenang. Turunan kuring bakal balik deui ka dieu, néangan turunan anjeun. Cinta urang moal tamat di dieu, Asih. Ieu biola bakal jadi sora haté kuring nu terus ngahariring dina peuting, nepi ka urang patepung dina raga nu beda!"
Surya neukteuk rambutna, dibungkus ku sapu tangan, terus dikubur handapeun akar caringin. Harita kénéh, surya leungit dina poékna peuting, ninggalkeun sora biola nu terus ngahiang dina angin.