Si Kabayan Pasea

0 0 0
                                    

Si Kabayan mah ari nyarita sok sahinasna, tara dijieun-jieun. Tapi ku lantaran jujur teuing, ku tatanggana sok di sebut jelema bodo. Pedah ari ngomong sok satarabasna. Padahal mun dilenyepan mah, omongan Si Kabayan teh bener, malah tampolana mah sok bener teuing. Geura model kieu omong-omongan Si Kabayan mah, mun di ajak nyarita ku batur teh.

Si Kabayan keur ngasah bedog sisi balong, lar tatanggana ngaliwat. Tuluy ditanya, "Keur ngasah bedog Kabayan?" Jawabana teh, "Naha atuh ari nyaho mah make nanyakeun?"

Papanggih jeung baturna nu geus lila ngumbara ka jauhna. Baturna nanya, "Cageur Kabayan?" Jawabna, "Naha da kuring mah henteu gering!"

Si Kabayan ngajingjing ganas, ditanya ku tatanggana, "Ti mana ngala ganas, Kabayan?" Jawabna, "Tina tangkalna, rek dibawa ka hareup," jawab Si Kabayan. Ngomong kitu teh daria naker, teu euleum-euleum.

Si Kabayan pasea jeung pamajikanana. Pamajikanana ceurik. Kadengeeun ku tatanggana, tuluy nanya, "Ku naon Nyi Iteung ceurik, Kabayan?" Jawabna, "Ku biwirna." Di jawab kitu tatanggana teu ambek, kalah ka ngomong deui, "Ari sugan ceurik ku irungna."

"Nyeta pinuh ku leho," omong Si Kabayan.

"Tadi kadenge aduh-aduhan sagala. Ku maneh diteunggeulan?" tatanggana nanya deui.

"Heunteu. Kuring keur nyekel sapu. Pamajikan nyampeurkeun. Ah, disapukeun we!" ceuk Si Kabayan.

"Teu kadenge ceurik ayeuna mah," ceuk tatanggana.

"Capeeun," tembal Si Kabayan.

Lila-lila mah tatanggana keuheuleun, asa diheureuykeun.

"Sugan gelo maneh mah, Kabayan! Ditanya sabener-bener, ngajawab sakainget!"

"Naha atuh ari nyaho kuring gelo mah, barang tanya bae?"

Pamajikanana nonghol tina panto. Panonna rambisak. Omongna, "Salaki kuring mah satengah buah leunca. Dititah ngala keusik jeung batu ka walungan, jualeun ka dayeuh, kalah ka ngambek."

Si Kabayan nembal, "Atuda sieun, ngala keusik jeung batu mah da lain pelak sorangan. Mun dititah ngala nangka, ngala lauk di balong, daek. Sabab pelak kuring sorangan. Ari ngala keusik jeung batu ti walungan mah, engke heula. Sieun ku nu bogana. Manasina walungan teh anu mitoha."

Ceuk tatanggana, "Hih, Kabayan, walungan mah eweuh nu boga."

Tembal Si Kabayan, "Moal enya barang euweuh nu boga. Geuning kuring nuar kai ti leuweung, ditangkep ku kokolot. Cenah leuweung teh boga nagara. Walungan katut eusina oge pasti aya nu boga. Ngan teuing saha nu bogana. Pokona lain nu kuring, lain nu pamajikan, lain nu mitoha."

Ngadenge kitu, tatanggana teu ngajak nyarita deui, tuluy we ngaleos. (*)

Si KabayanWhere stories live. Discover now