3

6.1K 94 37
                                    

_*Isteri Gauuul...*_

*"Pa..."*

"Aya naon Bu?"

*"Ibu badé naros, ngan omat! Ba pa kedah jujur.."*

"Naros naon?"

*"Ari Bapa gaduh kabogoh?"*

"Kabogoh? Naha ujug-ujug bet naros kitu?"

*"Waler wé patarosan Ibu!"*

"Teu rumaos gaduh kabogoh Bapa mah!"

*"Yakiiiin?"*

"Yakin! Da mémang enya teu gaduh atuh!"

*"_Leresss?_"*

"Wantun sumpah Bu!"

*Yeuh Pa, dangukeun! Ibu teh sin ku réréncangan di tempat arisan, di komplek, di warung ceu Icih*

"Haaar! Isin kunaon ari Ibu? "

*"Cik atuh Pa, sing émut, sing karunya ka Ibu!"*

"Maksudna naon ieu téh? Sok araranéh Ibu mah! Saha nu ngabéjakeun Bapa gaduh kabogoh? Béjakeun!"

*Yeuh Pa, salaki batur gé garaduh kabogoh ... Maenya Bapa henteu  Pasti Bapa ge kitu!*

"Ih, nya tong disamikeun atuh! Bapa mah teu kitu!"

*"Tong ngérakeun Ibu. Apan Bapa téh kasép, jaba gagah kénéh. Maenya salaki ibu teu gaduh kabogoh-kabogoh acan? Isin ibu téh! Nya pa nya? Wayahna, gaduh kabogoh atulah! Pliiis...pa"*

_*Isteri Solehah....*_
😂😂😂😂 😄😄😄💃💃💃💃💃💃🚴🚴🚴🚴😄

CERITA NGAKAKTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang