[B.Sunda] Gagak Hayang Jadi Merak

3.9K 16 34
                                    

Dihiji leuweuh geledegan, aya dua tangkal kiara anu kacida gedena. Perenahna di sisi sampalan paranti sato jarah nyatoan. Eta tangkal kiara teh sok dipake panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, anu hiji deui panonoban bangsa merak.

Kacaritakeun diantara bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, gagak jalu anu keur meujeuhna belekesenteng, ngaranna si Candrika. Sanajan umurna ngora keneh, si Candrika mah loba onjoyna di bandingkeun jeung gagak-gagak anu sejenna. Awakna leuwih keker, utekna oge leuwih pinter. Sakabeh gagak di eta leuweung geus boga sangka yen dina hiji mangsa mah si Candrika teh bakal jadi kokolot gagak. Gaganti kokolot gagak anu ayeuna, anu umurna geus kacida kolotna.

Tapi dina hiji mangsa mah, si Candrika teh beda ti sasari. Anu tadina lincah luluncatan dina dahan kiara, ayeunamah jadi cicingeun. Anu tadina hegar ngelak, malah sorana oge sok pangtarikna, ayeunamah tara kadenge sorana. Gawena ukur cindeuteun dina dahan kiara anu buni, mencilkeun maneh. Kabeh bangsa gagak ngarasa heran ka kaayaan si Candrika teh, tapi hiji oge taya anu nyahoeun sabab-musababna. Ari sababna si Candrika teu daek betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu teh angger ngabetem.

"keun bae anteupkeun, meureun keur mangsa mangkat birahi" ceuk kokolot gagak.

"teu umum Olot," ceuk gagak sejen. "anu keur mangkat birahi mah biasana sok leuwih motah!"

"sing inget, si Candrika mah beda jeung batur-baturna, tong disaruakeun jeung gagak anu biasa-biasa atuh!"

"enya ari kitu tea mah, anu loba kaleuwihan mah biasana oge sok loba kaanehan"

Antukna si candrika pada ngantep

"keun, engke oge cageur sorangan!" ceuk kokolot gagak.

Padangantep teh si Candrika kalah beuki resep nyorangan, lamun keur cinutung dina dahan anu suni, gawena ngan nyerangkeun bangsa merak. Komo lamun isuk-isu atawa pasosore mah, dina mangsana bangsa manuk midang. Panona terus melong ka merak jalu anu keur meberkeun buntutna.

"leuh teda teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu endah, patinggurilap mun katenjo panonpoe. Na ari aing, bulu hideng lestreng, suku pacer, pamatuk gede, meni teu mararatut!" ceuk si Candrika dina hatena.

Tetela si Candrika teh hayang jadi merak. Geus lila manehna henteu sugema ku kaayaan dirina, anu ceuk pangrasanamah manuk anu panggoreng-gorengna saalam dunya, manuk anu pangsial-sialna, tong boroning bangsa manuk deui, malah bangsa manusa oge loba anu teu resepeun. Eta we basa manehna teu ngahaja ngaliwat ka lemur di sisi gunung, jelema-jelema patingjorowok, "kaditu siah jauh. Ka Sabrang, Ka Palembang!" malah aya anu di tungtungan ku, "balikna mawa kurupuk" nya we aya rasa keuheul, aya rasa ambek ka bangsana sorangan. "aing kudu jadi merak!" ceuk pikir si Candrika.

Hayang jadi merak, kudu jadi merak, terus jadi panyileukan si Candrika, anu mangaruhan kana tingkah paripolah sapopoe. Lamun keur nyorangan, manehna sok nurutan kanu paripolah merak. Leumapang rada diaced-aced, terus meberkeun buntutna, buntutna kalah rancung teu puguh.

"leuh, lamun aing jadi merak!" beuki ambek wae ka dirina, antukna ambek kanu nakdirkeun manehna jadi bangsa gagak. "naha atuh aing teh bet kudu jadi gagak?"

Hiji poe si Candrika hiber neangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat kahiji walungan, manehna nenjo baju merak, nambru disisi walungan. Ku manehna di deukeutan. "kamana anu bogana?" si Candrika ngomong sorangan. Luak lieuk euweuh sasaha. Buru-buru bae baju merak teh disamber, dibawa hiber kanu jauh tidinya. Cle tina tangkal anu suni. Rap baju merak teh dipake. Logor teuing, waktu dicobaan dipake hiber teh kokoplokan. "kawas namah kudu dirapet!"

Henteu talangke, manehna ngala leugeut tereup. Tuluy di ulas-oles kana awakna jeung kana baju merak tea. Rap baju merak dipake deui. Pel bae napel rapet pisan. Dicoba dipake hiber, najan karasana beurat, tapi leuwih ngeunaheun tibatan tadi.

Tugas Coy!!Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang