"Arga!" Sorana meni handaruan basa nyebut ngaran kuring.
"Ngageroan urang?" Ceuk kuring bari nunjuk diri sorangan.
"Lain, ngageroan jurig!" Tembalna bari ngehkeh seuri.
"Gehel siah maneh."
Rania, atawa Nia, babaturan kuring ti orok keneh. Salian ti imah kuring jeung imah manehna pagigir-gigir, oge kuring jeung manehna lahir di poe, tanggal, taun jeung bidan anu sarua, najan waktuna beda dua jam heulaan kuring.
Teu ngarti kumaha carana ambu jeung abah kuring, sarta indung jeung bapana Nia bisa nyitak kuring jeung Nia babarengan. Cikikik kuring seuseurian sorangan.
"Kunaon maneh sura seuri sorangan?" Tanya Nia. "Siga nugelo wae." Tuluyna deui bari ngaregot teh botol di kantin sakola.
"Tepi ka ayeuna urang masih bingung mikirkeun kumaha carana ambu, abah, indung jeung bapa jangjian nyitak urang duaan."
PLAAAKKK
Nia ngeplak leungeun kuring sataker kebek.
"Nyeri ari sia!" Ceuk kuring bari ngusapan leungeun nu geus aya tapak beureum lima ramo Nia.
"Atuda ngomong teh sok sangeunahna. Can 21 taun geus mikiran nu kararitu, dasar omes."
"Tapi kan geus 17 taun." Tembal kuring."17 taun mah sakola keneh can usum mikiran kawin komo lalaki. Hayoh weh kalah mikiran ambu jeung abah nyitak maneh."
"Naon ieu teh nyitak-nyitak?" Sora sejen marengan obrolan kuring jeung Nia nu langsung direspon ngabalieur ku kuring, beda deui jeung Nia nu ngarespon semu era-era tai ucing.
"Kepo." Tembal kuring na jero hate.
"Eh kang Wira." Tembal Nia, "Ieu Arga nyarioskeun ambu sareng abahna nyitak kueh tadi enjing-enjing." Tuluyna.
"Wadul anjir." Batin kuring deui.
Kuring langsung nangtung, teu malire si Wira nu keur unggeuk-unggeukan.
Lain teu sopan deuih nyebut saluhureun ngaran, ngan asa teu hayang weh. Sabab sanggeus si Nia kenal jeung si Wira, kuring jadi jarang ngobrol jeung manehna.Geus puguh mah di sakola, ieu weh buktina, karek ge ngobrol saeutik najan eusina unfaedah ge, kalah direcokan ku si Wira. Di imah kitu deui, mun kuring luncat ka imahna Nia, kalah hayoh we anteng jeung HP.
"Kela nya Ga, kang Wira rek nelepon."
"Kela nya ga, urang keur chat jeung kang Wira."
Tuluy we kitu jeung kitu. Enya kuring ngarti ayeuna mah perhatian manehna teh geus kabagi, tapi kan teu tuksel jeung si Wira wae, manehna ge boga dunia sorangan meureun, lain ngan saukur kudu jeung si Wira wae. Dasar bucin!
"Kamana Ga?" Tanya Nia.
"Kelas." Tembal kuring tiis, bari leos wae ninggalkeun manehna duaan.
****
Drrrttttttt"Naon?"
"Dimana?"
"Kamar."
Manehna geus nangtung di balkon kamar kuring bari ngetrokan kaca. Saking deukeutna kamar kuring jeung manehna pagigir-gigir euweuh jarak. Kitu deui balkon kamar kuring jeung manehna nu aya di lantai dua imah. Jadi teu kudu liwat panto imah lamun rek nyampeur teh. Tinggal luncat wae tina pager balkon.
"Rek naon?" Tanya kuring bari nyarande kana kusen panto kamar.
"Urang bingung, maenya urang ulah deukeut teuing jeung maneh ku kang Wira."