Tatangga 4

307 21 0
                                    

Teu lila notif disada
Pas di cek, notif line

"Selalu lucu kalo baru bangun tidur"
Make stiker cony nu lope lope

Si rian ngechat aing. Pasti meunang id aing ti si anhar. Aing cuma diem mematung teuing rek bales naon
🧑 : kok di read ajaa?
🧑 : Mau bubur ga?
👧 : Bubur?
🧑 : Liat kebawah

Aing muka jandela deui. Ningali kahandap. Manehna geus nangtung harepeun pager, nyekel 2 mangkok bubur bari senyum ningali ka balkon kamar aing. Aing ngan cengo teu nembal nanaon

🧑 : buruan ih keburu dingin
Manehna ngajorowok

Aing buru buru ka handap teu sibengeut heula. Aing teu paduli rek dahdir rek cileuh rametek ge

👧 : Aikamu ih ngapain beliin bubur
🧑 : Engga beliin da ey bayar sendiri
Anying

Ku aing teh dicokot we buburna, abus deui kajero imah

🧑 : gaakan makan bareng?
👧 : GA

Pas abus kajero imah
👩 : Mana rian?
👧 : Naon nanyakeun rian
👩 : Cenah rek dahar bubur jeung dian
👧 : Hah?

Si mamski carita
Zzzzzzrrzrrzttttt (caritana backsound flashback)

Pas aing sare keneh
Si mamski seperti biasa nyebor kembangna beres subuh

🧑 : Bu, rajin banget masih subuh udah nyiram taneman
👩 : Eh rian, iya biar seger nanti pagi. Rian abis dari masjid?
🧑 : Iya bu, abis subuhan
👩 : Meuni udah kasep, soleh deui

Si anhar kaluar
👦 : si dian can hudang mams?
👩 : Acan, kebluk pan
👦 : Angger budak etamah
👦 : Nyaatos mams anhar mios heula
👩 : Angkat ayeuna? Panonpoe ge can katingali atuh, sarapan heula
👦 : Gampang sarapan diditu we mams
🧑 : Kemana har?
👦 : Eh yan. Ke jakarta yan, ngurus kerjaan
🧑 : ih jauh har. Sarapan dulu mending
👩 : Enya atuh aa sarapan heula, kedeng deui ge tukang bubur ngaliwat
👦 : Hm nya atuh
🧑 : Kalo anhar buru buru mah mending urg beli bubur yg didepan aja yg udh buka jam segini
👦 : Ulah ah jgn repot2
🧑 : Gapapa urg juga mau beli sekalian
👩 : aa rian, nitip sekalian atuh ya buat dian sama bapanya juga, jadi beli 3. Gapapa?
🧑 : Siap ini langsung gas

Pas geus meuli bubur
🧑 : Ini bu, buburnya
👩 : Uluh iya nuhun pisan. Rian sini atuh makannya bareng anhar
👦 : Sini yan
🧑 : Kalo dian belum bangun bu?
👩 : iya belum, abong lagi mens
🧑 : Yaudah rian mah nunggu dian bangun aja makannya
👦 : Nungguin si dian hudang mah kaburu paeh manten atuh rian
🧑 : Haha artinya apa tu bang
👦 : Nanti tanyain ke dian
👩 : Yaudah ibu bangunin dian dulu
🧑 : Gausah bu. Biarin aja sebangunnya

Zzzzzzzzrzrzttt (balik deui)
Si anhar geus indit ka jkt
👧 : Ih nanaonan sih jelema teh kan bisa sarapan sorangan
👩 : Buru atuh titah kadieu deui karunya nunungguan tatadi, rek ngahudangkeun dian da ulaheun. Kumaha mun dian hudang bada lohor karunya budak batur salatri

Aing balik deui kaluar. Manehna masih nagen nangtung dihareupeun pager

👧 : Kata mamski sini masuk

Manehna atoh siga budak lemet dipangmeulikeun balon

👧 : Ngapain nungguin aing bangun sih
🧑 : Dih geer siapa yang nungguin kamu bangun coba

Aing ngan muter panon. Manehna soide api api, padahal mah aing geus dicaritakeun kabeh ku si mamski

👩 : Rian ini tadi bubur berapaeun?
🧑 : Udah tadi dibayarin dian bu
👧 : Hah?
👩 : Oh dibayar ku dian? Sukur atuh alhamdulillah, lumayan ieu duitna keur meuli baskom nu geus barolong

DianTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang