Sapopoe saacan aya covid, aing sok diimah wae. Anak rumahan banget, balik kuliah langsung balik wae. Nyungseb di kamar. Komo geus covid? Beuki we aing teh jadi bangke di imah. Hiperbola na mah aing teh abus ka imah orok keneh, sakalina kaluar geus incuan.
Saking tara kaluar imah, tatangga gigireun ge aing mah teu wawuh. Pernah basa eta diwarung patubruk jeung ibu ibu
👧 : Eh punteun bu teu kahaja
👩 : Teu nanaon. Neng bumina dimana? Naha asa nembe ningali. Nembe ngalih?
👧 : Dipinggir salon ica bu
👩 : Palih mana bumi bu nunung?
👧 : muhun abi putrana bu nunung
👩 : Aeh nu leres neng? Putrana bu nunung? Gusti meni geulis, nembe ningali ibu mah
👧 : Muhun dibumi wae da bu
👩 : Ameng atuh kaluar, ameng srg putra ibu. Istri da namina dini. Bumina gigireun pa udin. Terang teu?
👧 : Punten teu terang bu heheBoro boro apal atuh kaluar imah ge jarang. Saacan aya covid ge urg mah mineng make masker mun kaluar imah jadi jarang aya nu apal wajah dian. Ngan sababaraha hiji hungkul nu apal, eta ge babaturan pas keur leutik nu sok ulin ucing boy jeung urang pas pasosore di kebon.
Suatu hari, aing keur lalajo drakor. Tumben lalajo na di ruang tengah, biasana sok di kamar. Jol aya nu mencet bel imah
"tingnung" "tingnung"
Aing teh lainna muka panto ngadon lumpat ka si mamski
👧 : Ma itu ih
👩 : Naaimaneh lainna dibukakeun ngadon lumpat ka indung
👧 : Isin ah
👩 : bukakeun ieu indung teh keur migren jaba mamake lekbong kieuAing teh akhirna mah kaluar kamar si mamski, otw panto luar nu geus tingnung tingnung sabaraha kali
Mukakeun panto ngan, ah saparapat ge henteu. Ngan mahi ngelokeun hulu digigir panto. Da era aing can mandi
Jaba ngan make calana pendek jeung baju oversize warna hideung, jiga jamet. Pas ngelokeun hulu, anjir lalaki:( katingalina saumuran.
👧 : Iya, mau ke siapa?
🧑 : Ini rumah pa dayat bukan ya?
👧 : iya, ada apa ya?
🧑 : Oh gapapa. Ini mau ngasih bingkisan aja
👧 : Bingkisan apa?Aing teh loba tatanya da sieun bom :(
🧑 : Bingkisan syukuran aja inimah soalnya saya baru pindah rumah ke sebrang itu
Imah na pas pisan diharepeun imah aing
👧 : Oohiya iya, makasih ya
🧑 : Iya sama sama. Saya pamit kalo gitu, assalamualaikum
👧 : Iya, walaikumsalamAing mawa bingkisan ka jero imah. Sapertos biasa, sangu koneng dll.
Si mamski ngageroan
👩 : Saha yan?
👧 : Tatangga anyar eta di sebrang
👩 : Ohenya da karek tadi wengi pindah kadieu na ge
👧 : Naha apal?
👩 : Kamari ningali di jandela. Budak na ngan hiji nya eta
👧 : sugan atuh:(
👩 : Ai bieu eta saha nu nganteur sangu na?
👧 : Duka, lalaki
👩 : Enya sigana budakna. Saha namina?
👧 : Sugan da teu kenalan atuh:(
👩 : Meni teu someah someah acan, tanya atuh basa basi ka tamu tehDa kumaha atuh nya tara ngobrol jadi asa karagok ning:(
Nyangges we aing teh lanjut deui ngadrakor. teu lila si anhar datang, rusuh
👦 : Mamskiw, dimana niy
👧 : Keur migren si mamski tong gandengManehna sibuk di dapur
👦 : Ih hamba lapar ieu eweuh nanaon? Manya kudu emih endog deui
👧 : ngeluh wae maneh, meuli padang atuh kahareup
👦 : ay gening aya sangu koneng ieu nusahaOh heeh aing poho aya sangu koneng
👧 : Pamasihan
👦 : Tisaha?
👧 : Tatangga anyar harepeun imah
![](https://img.wattpad.com/cover/254961114-288-k870596.jpg)
KAMU SEDANG MEMBACA
Dian
Historia CortaSemua yang ditulis disini carponnya Dian. Kalo kamu gasuka, gaboleh. Harus sukaa!😠