1 jam kemudian, aing di telfon si anhar
👦 : Halo yan? Halo halo?
👧 : Naon
👦 : Yan calana jersey aing tinggaleun dina kastop di kamar
👧 : Terus
👦 : Pangmawakeun kadieu ka lapang
👧 : Aimaneh ih mbung ah
👦 : buru atuh piraku aing futsal make lepis kieu
👧 : Tong dicalana
👦 : Tadina erek ngan karunya si bryan gondal gandul
👧 : Atuh ah manehmah ngagawekeun. Aing gojekeun weh
👦 : Sok asal maneh nu mayar
👧 : IH DAJAL MANEH NU BUTUH
👦 : Matak kadieu we leumpang atuh da dekeut
👧 : dekeut mah kadieu we atuh balik heula ka imah
👦 : Yan atuh baleg we aing menta tulung teh
Ku aing di pareuman
Aing tarik napas
👧 : haahhh gelo boga lanceuk tehTerus aing teh mikir. Karunya oge si anhar mun futsal eweuh calana. Ah tapi da bonganna. Tapi karunya. Tapi mun digojekeun lebar duit. Mun dianterkeun aing hoream
👧 : Anjis boa aing nu gelo kieu terus mahAing buru buru ka kamar si anhar nyokot calana na, kotka bau naraka eta sabaraha bulan teu diseuseuh gusti. Jadina teh hayang miceun lain hayang nganterkeun.
Aing chat si anhar
"Aing dijalan mawa calana setan"Buru buru aing nyisiran, make hoodie, calana leging, teu dilipen lipen acan da ah ngan sakedeung nganter calana hungkul jaba dekeut kari leumpang. Mawa duit we 10rebu sugan we pas dijalan panggih jeung tukang cimol.
Leumpang sekitar 10 menit, nepi we di lapang futsal. Tikajauhan kadenge sora motor jigana rek ka lapang oge. Pas malik
👧 : Rian?
🧑 : Eh dian?Pekteh si rian, mawa motor nu tadi karek di kumbah. Nanaonan coba make motor, jarak ti imah nepi ka lapang ge deket. Lemah
👧 : ngapain pake motor kan deket atuh dari rumah
🧑 : Iya gatau kalo ternyata lapang nya deket jd pake motor. Kamu ngapain disini?
👧 : Oh. Ini mau ngasih celana anhar
🧑 : Mau ngasih celana anhar atau mau nontonin aku main futsal?GARILA PEDE NA
👧 : hah apaansi
🧑 : Hayu atuh masukPas abus ka lapang, aing ningali si anhar NYAAN NGAN DI CANGCUT HUNGKUL. nugelo
👧 : Anhar! Anhar ih!
Aing ngageroan ti sisi lapang. Si anhar nyamperkeun
👦 : Suganteh moal dipangmawakeun
👧 : aisia mikir naon bubulucunan tengah lapang teu make calana?
👦 : Kalem da geus biasa barudak mah asal ulah aya awewe. Eh gening bareng jeung rian?
👧 : Henteu lain bareng ngan tadi panggih di luar
👦 : Ah da mun rek babarengan ge teu nanaon atuhSi rian ngan seura seuri
👧 : nya geus aing rek balik ieu buru pake calanana
Si anhar make calana
🧑 : Mau dianterin engga pulangnya?
👧 : Hah gausah ngaco, deket ini
🧑 : Hm yaudah atuh
👦 : Hayu rian, aing kenalin dulu sama yg lainSi anhar ngarangkul si rian bari leumpang ka tengah lapang
Aing leumpang kaluar lapang
👧 : Ah aih mun balik ge gabut, atau aing lalajo si anhar heula maen futsal nya?Tapi naha tara tara aing daek lalajo si anhar maen futsal nya hmm
Aing balik deui we kajero, diuk di korsi sisi lapang. Permainan teh geus mulai
Awal awal aing merhatikeun si anhar. Tp lila lila naha jadi ka si rian?
👧 : Ayo rian hayu eta saeutik deui golllAing antusias lamun bal keur dibawa ku si rian. Teu lila si rian ngagolkeun
👧 : GOOOLLL YEAYYYAing teh ngajorowok bari luncat, sakabeh pemain ningali ka arah aing, jeung pastina, si rian oge :')
Aing buru buru diuk deui bari menerkeun baju, buuk, naon we dibenerkeun, bari api api teu apal nanaon seakan akan eweuh kajadian
👧 : Tahan yan, kagok era bae tong lumpatTi kajauhan, aing ningali anhar ngaharewos ka si rian. Si rian jol kaluar lapang, nyamperkeun aing
🧑 : Katanya mau pulang?
Ceuk manehna bari diuk di sabeulah aing👧 : Iya tadinya mau, tapi gabut dirumah juga. Jadi pengen nonton dulu sebentar
Si rian muka akua botol, trs nginum dengan kesang yang ngucur tibelah pelipisna
Aing jeung si eta hening. Inisiatip lah aing nanya
👧 : Kenapa ga dilanjut lagi maennya?
🧑 : Engga ah, capeAing apal eta bohong. Pasti dititah si anhar maturan aing didieu. Ngan aing teu ngomong we
🧑 : Kamu tadi seneng banget kayanya liat aku ngegolin
👧 : Oh reflek itumah
🧑 : ya gapapa si reflek juga, yg penting tetep seneng kan?
Aing teh teu nembalan🧑 : Sorry ya buat masalah cuci motor tadi, keknya aku agak lancang
Aing teh kaget
👧 : Lancang gimana?
🧑 : Ya lancang aja, bikin kamu ga nyaman, mungkinTerbitlah ide jail
👧 : Iyasih agak ga nyaman gitu
Ceuk aing bari nyilangkeun suku
🧑 : Yaudah kan udah minta maaf
👧 : Ga segampang itu ya
Si rian tarik napas
🧑 : Yaudah terus aku harus gimana?
👧 : HmmAing mikir
👧 : Kamu bisa bahasa sunda ga sih? Kagok tau ngobrolnya
🧑 : hm sedikit sedikit bisa tapi sundanya kasar
👧 : Yaudah gini
Aing menerkeun posisi diuk
👧 : Kamu belajar bahasa sunda, sampe fasih. Ya ga fasih bgt sih, seengganya lancar. Baru dimaafin
🧑 : Itu aja?
👧 : Oh mau ditambah lagi?
🧑 : Engga engga, udah itu aja hehe
👧 : bisa ga?
🧑 : Bisa atuhh
👧 : Oh ya, dalam 30 hari ya. Setelah 30 hari ngomong sama aku harus pake bahasa sunda
🧑 : Yaudah nanti dicoba dulu
👧 : Ok deal
Aing ngulurkeun leungeun. Manehna nyanggap, sasalaman tanda deal
🧑 : DealAing seuri we. Da atuh kumaha yah, karagok kitu ngomong indonesia sama cowo gemes teh. Aing pengen sieta bisa bahasa sunda. Jujur da si rian mukanya gemes, apalagi mun senyum aya kempot na. Manis. Aaah aingmah:)
👧 : aku mau pulang sekarang atu yah
🧑 : Aku anter atuh?
👧 : Gausah ih atuh da deket
🧑 : Gapapa atuh, aku juga sekalian mau pulang
👧 : Kenapa? Gaakan main lagi?
🧑 : Engga kayanya, sakit perut
👧 : Yaudah atuhAing teh kaluar lapang we bari dituturkeun si rian
🧑 : Yu naik
Eh nya poho si rian teh mawa motor
👧 : Ih gamau naik motor ah, apalagi motor gituan nyeuri cangkengSi rian ngan senyum
🧑 : Yaudah atuh hayu jalan aja
👧 : Trus motor kamu kumaha
🧑 : Gapapa tar aku balik lagi
Si rian turun tina motor, aing teh cicing melongkeun
🧑 : Hayu atuh?
👧 : Ohiyaa
Aing gera gera leumpang bareng jeung si rian
Pas pisan, aya tukang cimol
👧 : Aku mau beli cimol dulu ah
🧑 : Aku juga mau ya
👧 : Oke. Mang cimol 2 bungkus yaa
🧔 : Mangga nengSingkat cerita geus nepi harepeun imah
👧 : Aku masuk kerumah ya
🧑 : Bentar
Si rian narik lengeun aing. Kaget
Manehna ngadekeutkeun biwirna ka pipi aing,
👧 : Hah siah!
Ku aing dicabok
👧 : REK NAON SIAH MESUM!Rian ngan ngusap ngusap pipi na
🧑 : dian ah siapa yang mau mesum sih!
👧 : TERUS REK NAON?!
🧑 : Yeh orang mau ngebisikin, mau nanya tadi kalo nyeuri cangkeng tuh artinya apa?Hayang seuri tarik ngan keneh ambek
👧 : Teuing ah cari tau we sendiri!Aing lumpat kajero imah bari nahan seuri
Hayang seuri ongkoh, asa dosa ongkoh. Tapi keun we meh ngartieun..
.Isukna, aing muka jandela. Seperti biasa bari nguliat
👧 : AAAAKKKHHHAing karek nyadar, si rian kan kamarna sebrangeun aing
Aing buru buru abus deui kajero, sieun si rian ningali aing nguliat deui
👧 : huft untung weTeu lila notif disada
Pas di cek...
.
.
.
.
.
Bersambung...✨

KAMU SEDANG MEMBACA
Dian
NouvellesSemua yang ditulis disini carponnya Dian. Kalo kamu gasuka, gaboleh. Harus sukaa!😠