NAGIH JANJI

1 0 0
                                    

Hayang nagih tapi tara panggih
Hayang menta tapi boga ka era
Piraku kudu cicing siga ucing
Pas dunungan mangkat geuwat ngorejat.

Ahh era urang era tara biasa punta-penta
Kudu kumaha sok mun panggih jeung si eta
Goroan heotan piraku kudu di kodeuan.

Da geus gede meuni hare-hare
Pura-pura teu ngadenge.

Jempling wae.

Geuwat uninga ka si eta nu teu gaduh ka era
Kumaha damang kapungkur ku urang di talang
Hariwang cicing culang-cileung
Milari taeun nu tos di titipkeun
Geuwat cengkat bari mangkat
Ku urang di tungguan bari tos nundutan.

Ilihh... Di antosan tos nyampak peupeutasan kangge penyambutan
Mangga calik ulah culak cileuk bisi di colok
Di haturanan ka anjeun nu gaduh sameutan
Sok rogok teu kedah kagok-kagok bisi di cabok.

Siga puisi.
Padahal Nagih janji nu pasini.
Mang ari amang damang.

sunoTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang