Kacaritakeun di alam baheula samèmèh aya manusa, horeng jarapah jeung gajah mah geus hirup babarengan. Ngan hirup na teu alakur. Cukang lantaranana gajah teh sok moyokan wae jarapah anu pendek. Da baheula mah suku jeung beuheung jarapah teh teu cara ayeuna.
Basa sakadang jarapah keur ngadaharan jambu aer karesepna, sakadang gajah datang nyampeuerkeun. Tuluy moyokan sakadang jarapah.
"Dasar pendek. Ngadaharan jambu aer beunang mulung. Kotor deuleu! Jaba nu di handap mah geus galenjur. Yeuh jiga dewek atuh ngala langsung tina tangkalna."
Sakadang gajah ngala jambu aer tina tangkalna langsung, make tulalena anu panjang. Makmak - mekmek teu malire jarapah anu keur sedih sabab disebut pendek. Sakadang jarapah ngan bisa tungkul teu bisa pepeta. Kalah ngaleos teu puguh anu dijugjugna.
Di satengahing lalampahanana, sakadang jarapah manggih tangkal jamu aer karesepna. Jaba kabeneran buahna keur leubeut pisan. Tapi geuning tangakalna teh mani laer naker. Mulungan anu ragragan, da galenjur jeng ges baruruk. Nya tungtungna mah tangkal anu sakitu jangkungna teh diajrugan terus - terusan.
Bari nahan lapar, Jambu aer anu ngaloler teh didaharan bari teu weleh ngajrugan tangkal jambu aer. Nepi ka teu karasa, kikituanana teh geus aya ka tilu bulanna. Ahirna jambu aer nu tangkalna laer teh bisa kaala buahna. Ayeuna mah sukuna ngajangkungan, beuhengna oge manjangan.
Ayeuna mah euweh deui nu bisa moyokan manehna pendek. Da geuning tangkal anu sakumaha laerna oge bisa katepi. bungbuahan anu aya di tempatna ayeuna ge bisa kaala.
Tapi ninggang hiji mangsa, bungbuahan di dinya teh ges beak. Jarapah jadi bingung. Jol-jol aya kereteg hayang balik deui ka tempat asalna. Barang tepi ka tempat asalna, sakadang Gajah langsung nyerenteng. Rek ngajak ngadu jajaten sigana mah.
"Maneh saha? Wani-wani ngadeukeutan lemah cai aing!" Ceuk gajah bari ngacungkeun tulale jeung gadingna.
"Kela Sakadang Gajah! Ieu kuring sakadang Jarapah, maenya tos teu emut?"
"Bohong siah maneh! Sakadang Jarapah mah sukuna teu jangkung jeung beuheungna oge henteu panjang cara maneh. Ngaku maneh teh saha?"
"Ieu kuring jarapah!"
Laju Sakadang Jarapah nyaritakeun lalampahanana nepi ka awakna bisa nepi ka siga ayeuna. Dikitukeun mah sakadang Gajah teh teu loba cacarita deui. Ngeluk we nu aya mah da kaeraan tea siga bueuk meunang mabuk.
"Keun we ayeuna mah sakadang Gajah, tong jadi pikiran!"
"Tobat Sakadang Jarapah, tobaaaat. Moal deui-deui moyoka anjeun. Ayeuna anjeun jangkungna geus ngaliwatan kuring. Hanpura kuring Sakadang Jarapah, hampura pisan!"
"Nya keun wae nu geus kaliwat mah tong jadi pikiran. Ayeuna mah urang babarengan pikiran, kalakuan kitu teh ulah nepi ka kajadian deui."
Dikitukeun mah gajah teh repeh. Ayeuna mah lamun aya nu manggih kadaharan teh tara didahar sosorangan , estu babarengan wae. Lamun aya bungbuahan nu laer tangkalna, Jarapah anu ngalana. Lamun bungbuahan hese dibuka da teuas cangkangna, Gajah anu mukana. Ayeuna mah hirupna ge raut sauyunan.
..
..
. De En .
..
..Haha gimana nih cerita tentang jerapah dan gajah nya? Ada yang ngerti gak? Klo enggak, yaudah. gak usah paksain baca sampai minta artiin orang ya!
Bagi yang ngerti pasti tau dimana letak kesalahan aq kan? Yap, dibagian e nya yang harusnya jd gini malah gitu (gimana) .Aq hanya memindahkan apa yang ada di buku sunda ku ke fic ini jd yang mau copas silahkan aja bebas ko! Asal jgn semua ya!.
Baiklah terimakasih bagi yg mau bca dan vote(klo ada).
HikoRyuu pamit undur diri dulu
.............BYEE...........

KAMU SEDANG MEMBACA
Sunda Punya Cerita
Kısa HikayeHai semuaa Hiko nitip semua cerita ini ya! ^^ Klo ada yang mau copy paste salah satu cerita nya boleh ko (klo ngerti bahasanya ya!). .. .. Isinya mulai dari fabel, cerpen,humor, mungkin lagu jg ada! (Pke bhs Sunda tpi) Aq bikin ini buat gk susah lg...