Budak Baong
Abdi gaduh rerencangan, namina wahyu. Kapungkur saluhureun abdi sakolana. Ayeuna abdi kelas opat manehna mah kelas dua keneh. Budakna baong pisan. Resep ngaheureuyan batur. Heureuyna pikakeuheuleun pisan. Sok teu pupuguh neke, komo ka nu sahandapeun mah. Tara aya nu wanieun males. Upami dibales sok bebeja ka Ramana. Aduan pisan. Ramana Basar teh satpam. Angkatna wengi, mulihna enjing enjing. Wahyu putra mung hiji hijina. Diogo pisan. Nu paling dipangewa mah ku rerencangan awewe mah, manehna sok resep nyingsatkeun erok batur. Gara gara cunihin, wahyu sering disetrap ku Bapa Guru.
Hiji mangsa marulang bareng ti sakola. Wahyu oge aya. Di jalan, manehna ngajak ningali nu keur mandi di walungan. Tapi teu aya nu kersaeun maturan. Tungtungna rerencangan nu sanesna terus mulang. Nembe ge dugi ka pos ronda. Wahyu mucungheul deui bari sura seuri. Teu lami Nini odah ngalangkung ka payuneun pos ronda. Ngajingjing boboko nu ditutupan samping. Celengkeung teh wahyu nyeuleuweung tarik pisan. "Nini, calana jerona beureum!" reuwas pisan ngupingna ge. Sepuh digeuhgeuykeun ku wahyu. Rupina gorowokna wahyu kadangu ku Nini odah. Anjeun balik deui ka pos ronda. Teu antaraparah, wahyu diteke tarik naker. "Sangeunahna pisan ngaheureuyan ka kolot! Teu diwarah ku bapa maneh?" Nini odah ngambek. "Bener pan calanana beureum?" wahyu kalah ka nambalang deui. Peletak, tarang wahyu diteke deui. "Tingali ku maneh, cangcut uih kabeh ge barodas!" Nini odah nyingsatkeun samping tutup boboko.