ALDY SOMANTRI

22 0 0
                                    

                 Santry Lungguh

Tiap wewengkon, boga kadaharan khas séwang-séwangan. Tauco ti Cianjur, moci ti Sukabumi, wajit ti Cililin, galéndo ti Ciamis, dodol ti Garut, tahu ti Sumedang, jrrd. Majalengka ogé boga kadaharan khas, nyaéta kécap. Pabrikna, loba di kelurahan Tonjong. Tugu kécap di stopan Tonjong, nu jadi cicirénna. Sajaba ti éta, aya gula cakar. Gula nu kelirna beureum, meunang ngeureutan jiga téngténg. Ceuk béja mah, nyieunna dicampuran ku sabun. Teuing, bener henteuna mah.

Salian ti kécap, Majalengka kakoncara kenténgna. Pabrikna, loba di kecamatan Jatiwangi. Tapi di mana-mana, kawentarna kenténg Jatiwangi. Lain kenténg Majalengka. Moal hésé, néangan lio di Jatiwangi. Jébor urang dieu mah, nyarebutna téh. Kuring gé teu apal naon hartina, da can kungsi nanyakeun. Sok sanajan geus loba kenténg prés buatan pabrik modéren, kenténg Jatiwangi teu éléh pamor.

Aya deui, kadaharan khas Majalengka. Buah gedong gincu. Amisna teu pati kareueut, teu jiga buah aromanis. Aya sari haseuman. Haseumna, lain alatan kacampuran tiucing. Éstuning haseum alami. Salian ti buah gedong gincu, aya deui kadu sinapeul. Tapi teu pati sohor, éta mah. Ayana, di wewengkon kecamatan Rajagaluh.

Buah nu sok dijarualan mah, lolobana asak dikarbit. Buah gedong gincu mah, saasak-asak dina tangkal. Matak regana gé, rada mahal ti buah séjén. Buah gedong gincu ti Majalengka, geus nepi ka Arab Saudi. Loba bandar, nu sok ngékspor ka ditu.

Ku lantaran buah gedong gincu jadi 'ikon', ku pamaréntah kabupatén dijieun tuguna di bunderan Cigasong. Wétaneun tugu kécap, pernahna téh.

Nu daratang ka Majalengka, kurang afdol lamun teu mawa oléh-oléh buah gedong gincu. Kuring ogé lamun balik ka Tasik, sok pirajeunan mawa buah éta. Lamun keur usum, jeung keur aya jang meulina. Kungsi nyobaan mawa kécap, ku urang lembur teu pati dipaliré. Ari mawa buah gedong gincu mah, teu sirikna parebut.

Bilih parawargi aya nu kaleresan dines ka Majalengka, mangga sindang ka rorompok. Ti jalan raya Majalengka-Bandung, mung kahalangan ku dua bumi. Patokanana, BRI Unit Panyingkiran. Moal bireuk deui, da mung simkuring, nu urang Tasik nikah ka urang dinya mah. Ngan wayahna pami palay nyobian buah gedong gincu, ngagaleuh wé nyalira. Seueur, nu icalan di sisi jalan gé.

TaraMustikaApsari

ANTOLOGI CARPON KELAS 11 IPS 2Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang