SYAHRUL SURYANDA

27 0 0
                                    

Carpon

                     TUKANG CAU

"Mang, ieu cau sadayana ku abdi diborong, kénging ?" ceuk jajaka gandang nu turun tina mobil weuteuh.
"Alhamdulillah, adén! Kénging pisan!" Nyaluyuan kahayang éta jajaka. Asa meunang naon boa. Ti isuk mula nepikeun ka tengah poé leuleumpangan nanawarankeun cau  satanggungan taya nu nawar nawar acan. Taya nu ngarérét-rérét acan.  Ari ieu langsung rék diborong. Saha nu teu bungah. "Nuhun, Gusti!"
"Sabarahaeun, Mang?" Manéhna muguhkeun. Sugan téh heureuy.
"Jalaran diborong, nu kedahna genepratus rébu, wios janten limaratuslimapuluh rébu wé." Ngahargakeun. Sugan teu ditawar deui. Manéhna teu nolak ogé teu ngaenyakeun harga nu ditawarkeun. Kalahka muka dompétna laju ngaluarkeun duit ratusan rébu.
"Mang, ieu dalapanratus rébu. Abdi nyuhunkeun tulung ka Mamang...,"
"Siap, Dén! Tangtos Si Emang naékeun ieu cau kana mobilkeun." Kuring motong omongan si jajaka gandang téa.
"Maksad téh, ieu cau ku Mamang pangbagikeun ka nu kinten-kinten pantes nampina. Bieu artosna dilangkungan duaratuslimapuluh rébu téh étang-étang kulianana ngabagikeun cau. Kumaha sanggem?"
"Tangtos, Den!" Kuring nyanggupan paméntana. Naon héséna ngabagikeun komo diburuhan mah.
"Jangji, nya" Manéhna ngajak sasalaman. Laju indit deui maké mobilna. Kuring ukur bisa nempokeun lumpatna mobil ngaleungit di péngkolan.
Regeyeng, tanggungan cau dipanggul ka lemburkeun. Sapanjang jalan, mikiran saha éta jajaka gandang. Ah, teu kudu dipikiran.. Mendingan ngalaksanakeun amanatna.
Anjog ka lemburnakeun, unggal nu panggih dibéré sasikat. Geus puguh nu boga orok mah teu diliwat. Ustad nu ngaimaman ogé teu poho kabagéan. Diantarana aya ogé nu mulang ku bubuahan lainna atawa duit. Alhamdulillah, ieu poé meunang rejeki nikel. Limapuluh méter saméméh panganjrekan. Loba jelema alemprak ngabagéakeun. Teu kolot teu budak gogorowokan.
"Hidup, Mang Jaka! Hidup Jaka!" Dina sajeroning helok jeung teu ngarti, tanggungan dicokot ku Hansip. Regeyeng, kuring dipangku dibawa ka hareupeun imah. Kahémeng beuki nambahan. Teu nginjeum panon batur. Rupaning parabot rumah tangga ti mimiti kasur, kulkas, alketip, wadah béas, kipas angin, kompor gas jeung tabungna ngajugrug di tepas. Pamajikan lumpat muru kuring. Ngagabrug, segruk ceurik dina dada. Tambah bingung, naon maksudna?
"Mang Jaka!" Pa RT ngomong gigireun. "Tadi aya jalma nurunkeun barang-barang. Ieu téh keur Mang Jaka.  Mang Jaka geus lulus ngalaksanakeun amanatna." Pa RT nerangkeun.
Boa-boa ieu téh si jajaka gandang téa. Heran jeung bungah pagalo.
"Nuhun, Gusti!" Kuring sujud syukur dituturkeun pamajikan. Les, kapiuhan.
"Mang..., Mang!" Awak aya nu ngaguyah-guyah. Nyah, beunta. Atra pisan nu di hareupeun téh jajaka gandang téa.
"Asa bosen ngabéjaan téh, ceuk aing gé montong jualan di trotoar!" Ngomongna garihal Tanggungan cau ditalapung bari iirihilan. Seuri jalma owah.
            

                         TAMAT

TaraMustikaApsari

ANTOLOGI CARPON KELAS 11 IPS 2Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang