NURAENI JAMILAH

43 0 0
                                    

Kanyaah Amah

BALIK tandur teh mawa belut opat siki, pamere adi beuteung. Ditalian ku jukut, keur si Nyai. Heug kabeukina teh beuleum belut diawuran uyah. Puguh geus sababaraha poe mondok di imah, datangna ge sorangan bari panon carindul. Kuring surti. Meureun pasea jeung salakina. Tapi teu ieuh tunya-tanya. Nepi ka kiwari ge  teu ditanya. Bae! Engke ge geus leler mah tangtu nyarita sorangan.
Ngan salaki nu gereget teh.
“Geura talek si Nyai teh, Iyeung!” omongna basa si Nyai keur meuli uyah ka warung.
“Teu kudu ditalek, engke ge ngomong sorangan!” tembal teh.
“Hih, ari maneh sok didadago nepi ka nyaritana! Anggursi tanya meh pararuguh. Jeung teu hade we awewe ngejat ti imah, pajar ku urang teu diwarah!” ceuk salaki daria.
“Ke meureun da salakina ge  nyusul ka dieu!” tempas teh.
“Iraha? Ning geus aya opat poena taya nyusul !” nyureng salaki teh ngomongna. Jep we teu nembalan. Sangheuk parerea omong. Da nu leuwih ngageremet na hate mah kuring nu jadi indungna. Ngan nyabar-nyabar maneh.
“Dana! Dana!” kadenge sora Kang Muhtar di tepas.
“Buka weh, Akang! Da tara disosi,” kuring nembalan, bari ngisedkeun bujur, ngajauhan salaki.
Reket… panto tepas dibuka. Sup Kang Enjang ngajing-jing keresek leutik.
“Ngirim naon, Kang?” ceuk salaki bari nyerengeh seuri.
“Bako… pamere si Hamdan,” tembalna bari gek diuk sila tutug gigireun salaki kuring.
“Sok ngeunah meunang ngabungbuan si Hamdan mah,” ceuk salaki kuring bari muka keresek. Ngajewol saeutik, pek diambeuan.
“Bener, meni seungit kieu,” omongna deui. Panasaran, kuring pipilueun ngajewol sagede sisig. Terus diambeuan. Enya we mani seungit paneli. Mun kongang mah hayang ngahuapkeun.
“Boga daun kawungna?” Kang Enjang nanya bari ngareret ka salaki.
“Aya. Cokot geura Iyeung dina palang dada!” ceuk salaki bari ngareret. Kuring cengkat. Koloyong ka enggon, nyokot daun kawung meunang neukteukan, terus dibeungkeutan. Celenun dicokot dua beungkeut.
Leos ka tepas deui. Sok daun kawung digolerkeun hareupeunana.
“Dibawa sabeungkeut nya ku uing! Puguh teu boga daun kawung-daun kawung acan di imah teh. Meulian pahpir, ngadat nu di imah,” omongna bari ngalinting bako.
“Sarua awewe mah di mana-mana ge kitu! Teu kaop kacoceng duit balanja!” ceuk salaki bari ngareret ka kuring. Kuring jamedud.
“Heueuh. Padahal kudu ngarti, usum ngijih kieu mah hese ngala daun kawung teh. Nya hese ngalana, nya hese ngarautanana.” tembal Kang Enjang daria.
Kuring ngaleos ka dapur nyokot teko jeung kurud gula kawung sesa tadi isuk. Sok disodorkeun.
“Si Nyai di dieu keneh?” tanya Kang Muhtar rada ngaharewos.
“Di dieu!” tembal teh heureut.
“Kamari tepung jeung salakina deuk menerkeun cai, nanyakeun si Nyai. Sok tepung jeung si Nyai?”
“Dibejakeun sok tepung?” tanya kuring panasaran.
“Nya dibejakeun atuh. Malah tunda talatah, iraha hayang dipapagkeun cenah!” omong Kang Enjang daria. Kuring ngahuleng. Sarua salaki ge ngahuleng. Na bet nanya iraha hayang dipapagkeun? Belegug beak karep boga minantu teh.
“Nurustunjung nya kalah nyarita kitu. Teang kuduna mah ka dieu!” ceuk kuring kuraweud.
“Heueuh da si Nyai teh puguh indung-bapana. Puguh padumukanana. Lamun geus teu suka sok nyarita. Meungpeung tacan boga anak.” sora salaki ngageter bangun nahan kakeuheul.
“Geus ditanya anak urang aya naon masalahna?” ceuk Kang Enjang kalem.
“Acan!” tembal teh heureut.
“Kuduna mah tanya heula anak urangna, bisi soal leutik digegedekeun. Malum barudak, tara asak pikir!” ceuk Kang Enjang bari kop kana gula meunang ngurud, nyomot saeutik terus dibaheum.
“Nya eta acan!” tembal salaki daria.
“Salah kitu teh! Mana kudu diajar ka nu geus boga minantu. Sagala ge  aya tehnikna,” ceuk Kang Enjang bari seuri. Kuring jeung salaki seuri koneng. Karek nyaho, nyanghareupan minantu ge aya tehnikna. Boa nyaah ka incu ge  aya tehnik, meh teu nyaah dulang.
Hate beuki marojengja. Hayang nalek si Nyai, tapi ti mana mimitina muka obrolan. Moal mungkin lamun ujug-ujug nanyakeun, ku naon make pundung. Bisa-bisa si Nyai ngadon ceurik aleuk-aleukan, ngagareuwahkeun tatangga.
Na da reup peuting teh taya kangeunahan. Hese sare. Padahal biasana ge tibra-tibra wae ti entas solat isa teh. Cape apan beurangna. Ari ieu mah cape oge henteu tunduh. Panon teu bisa sare, hate ngabaceo. Boa si Nyai teh dipangnyalewengkeun! Boa si Nyai teh unggal poe dipaseaan! Boa si Nyai teh dikaniaya awakna!
Mun geus boga pikiran kitu, isukna beungeut si Nyai ditelek-telek, bisi aya geuneuk tapak neunggeul. Leungeunna, sukuna, kabeh ditelek-telek nu sakirana teu ka tutupan ku baju mah.
Rebun keneh si Nyai geus saged. Bangun deuk ngilu ka kebon. Puguh deuk ngaseukan palawija, beak disurungkuy anak bagong.
“Amah, Nyai deuk milu ka kebon!” omongna bari gek diuk dina jojodog hareupeun hawu.
“Hayu we,” tembal teh bari jongjon nimbel sangu. Deuk mumuluk di kebon, meh ngeunah. Jaba keur loba tespong keur coel sambel. Lakar daek metik.
“Atuh timbelna embohan deui, da Nyai ge deuk mumuluk di ditu,” omongna bari ngareret. Sieun ukur mawa satimbel meureun.
“Puguh atuh, da si Apa ge deuk milu ka kebon. Pan comrang, mani mayakpak, sina dialaan keur juaIeun ka pasar,” tembal teh.
“Ngeunah nya Amah angeun lodeh make comrang,” omongna bari ngoerkeun ruhak. Combrang, kembang honje tea.
“Tangtu we ngeunah mah! Nyai osok kitu ngangeun lodeh make comrang?” Kuring malik nanya.
“Osok. Pan si Aa mah kabeukina,” omongna daria. Asa mobok manggih gorowong nyebut-nyebut si Aa teh. Geuning manehna nu muka obrolan teh. Teu kudu lieur-lieur kuring neangan piomongeun.
“Karunya atuh Nyai, si Aa taya anu mangngangeunkeun lodeh dicomrangan!” ceuk kuring bari ngareret.
“Bae, aya si isma sok ka imah!” tembalna bari bangkenu. Meg kana hate teh. Ieu inti pasualan teh. Si Nyai teu sadar mukakeun eusi hatena.
“Teu kudu ambek, da ari jeung tatangga mah biasa silianjangan,” ceuk kuring datar.
“Aya leuwihna ieu mah! Kahiji randa gelenye! Kaduana, mun geus ngobrol jeung si Aa teh mani sok poho waktu, uplek naker. Si Aana ge mani sok pogot-pogot ngobrolna teh. Jaba tepak-toel, ih sebel Nyai mah!” omongna jejebris.
Kuring ngarenghap. Hate kuring bisa ngarasakeun heabna hate anak. Panas kahuru. Tapi kuring teu meunang nembongkeun katungenah hate ka si Nyai.
“Na Nyai tara milu ngariung?” tanya teh.
“Osok, tapi ukur sakeudeung-sakeudeung, da loba pagawean. Nyangu tea, kukumbah tea, jajait popoean. Remenna mah diculkeun we duaan. Ijid!” omongna teugeug.
“Sok di mana ngobrolna?”
“Di bale, osok oge ngobrolna di dapur mun pareng si Aa keur di dapur mah. Teu ngarti sakitu Nyai sok buad-baeud teh, hare-hare we,” omongna bangun gemes.
“Si Aa geus ditanya, aya hubungan naon remen ngobrol jeung si isma teh?”
“Remen. Tapi da jawabanana teh, mun urang aya hubungan jeung si isma moal teuing ngobrol dibawa ka imah, enggeus we di saung atawa di imah kolot si isma. Da taya nanaon cenah ge, ukur curhat si isma teh, pedah popotonganana teh babaturan si Aa keur di smp. Sobatna.” tembal si Nyai daria.
Kuring repeh. Leungeun jongjon mungkusan lauk asin jeung sambel oncom.
Hate bisa ngararasakeun panas peurihna, mun kalakuan salaki kawas kitu. Kuring ge kungsi nyorang kapeurih ti salaki, basa si Nyai karek kelas dua sd. Salaki katohyan bobogohan jeung si ema ungkluk kahot pindahan ti kota. Nyingkah soteh meureun ka lembur pedah di kotana geus teu payu, da geus umuran. Ngan salaki kuring we lolong mata, ngora-ngora daek ka ungkluk nini-nini. Ari cenah mah kabeh lalaki di lembur teh kaparelet, da puguh beungeutna pinuh ku susuk. Malum awak dagangan, kumaha carana meh payu.
Kuring ge harita asa rek edan dipangnyelewengkeun teh. Nyeriii… moal aya tandingna. Meureun si Nyai ge, moal jauh ti kitu hatena. Asa rek gelo, asa rek edan, dunya asa heureut, langit ge asa dina tuur.
Na atuh lalakon kuring bet kaalaman ku anak?
“Tong waka goreng sangka, bisi enya saukur curhat,” ceuk kuring neger-neger maneh. Tapi da hate teu beunang dibohongan, kuring yakin minantu jeung si isma teh aya pakuat-pakait ati.
“Hate pamajikan teu bisa dibohongan Amah. Teu bisa dipaling!” tembal si Nyai daria. Jep we kuring teu nyarita deui. Timbel jeung bungkusan asin diasup-asupkeun kana boboko. Meh engke datang salaki ti pancuran kari jung indit.
Karek ge  deuk mangku boboko deuk dipindahkeun kana bangku, kadenge panto tepas aya nu muka. Saha? Da salaki mah sok jalan ka dapur balik ti pancuran teh.
Kuniang kuring nangtung. Karek ge deuk ngalengkah, geus rereketan palupuh di tengah imah. Panon neges-neges nu keur leumpang muru dapur. Ning Jang rahman, minantu kuring, salaki si Nyai. Na ngadak-ngadak nyel teh ambek. leu Ialaki anu ngaraheutan hate si Nyai teh! leu mangkelukna. Mun teu boga wiwaha mah hayang nampilingan. Hayang nyabok. Hayang ngarangsadan, meh raca beungeutna ku kuku. Tapi minantu ngarawu leungeun kuring bari nyuuh.
“Hampura abdi Amah! Niat mapagkeun si Nyai!” omongna daria.
Biwir cakep teu nembalan. Jung si Nyai nangtung. Katembong ngahegak nahan kaambek.
“Na make los-los ka dieu? Sing jongjon we di imah ngawadul jeung si isma!” Omong si Nyai teugeug.
“Heueuh hampura Aa, Nyai!” sora Jang rahman laun.
“Hampura, hampura, geus seubeuh?” sora si Nyai ayeuna mah dareuda semu rek ceurik.
“Demi Alloh, Nyai! Seubeuh naon? Da Aa mah teu ngalakukeun nanaon. Teu mapagkeun soteh, era ku Amah jeung Apa, Nyai balik teu dianteurkeun. Bongan Nyai hayang ka dieu, teu bebeja ka Aa kalah ngabongohan,” omong minantu daria. Sirah asa ngadak-ngadak pinuh ku getih.  Lieur.
Kuring ngaleos, api-api ka luar. Padahal ngajengjen nangtung di pipir bari ngadengekeun nu hog-hag.

Si Nyai teu daek dibawa balik. Jang rahman ngelehan, mondok di imah kuring. Sarena teu dibawa di enggon ku si Nyai, tapi ngaringkuk di tengah imah.
Salaki sok ninitah sangkan Jang rahman sarena di enggon. Tapi si Nyai kalah jejebris, teu daekeun. Kuring mah teu pipilueun, da karasa ku sorangan, mun hate geus raheut ku salaki, dideukeutan ge embung. Mun hayang jejem deui hate teh butuh waktu taun-taun.

Isukna kuring ngageroan si nyai “Nyai! Nyai! Ka dieu?” rada tarik ngageroan si Nyai teh bisi teu kadengeeun.
Lila naker, karek nyampeurkeun. Gek diuk, ngarendeng jeung kuring. Si Nyai diteuteup salila-lila. Kahayang mah si Nyai teh cicing di dieu. Saimah jeung kuring nu kungsi ngakandung, nu kungsi tihothat ngurus sagalana. Tengtrem aya anak teh. Tapi teu meunang egois! Teu meunang hawek! Si Nyai geus boga salaki, geus boga rumah tangga sorangan. Malah sakeudeung deui si Nyai teh bakal jadi indung. Kuring teu meunang ngeukeuweuk wae si Nyai. Entong jadi jelema katilu anu ngaruksak rumah tangga. Kadar minantu aya kasalahan, nya hampura we, asal ulah deui-deui. Piraku si Nyai teu bisa ngahampura, ning kuring ge bareto bisa ngahampura ka salaki. Eta nu kudu dipelakkeun kana hate anak teh. Lain amarah jeung dengdam.
“Nyai, geus lila teuing ninggalkeun lembur teh, pamali! Lin Amah ngajujurung. Ngan teu pantes awewe ninggal-keun salaki, ninggalkeun imah tanpa sabab. Sok wé urusan Nyai jeung salaki bereskeun di imah. Sing karoloteun, pan urang teh deuk boga turunan. Sing nyaah kana turunan. Eta teh titipan ti Gusti nu kudu dimumulé ku duaan. Jung geura marulang. Silihampura, da urang mah umat muslim,” ceuk kuring daria. Si Nyai nyegruk ceurik. Salakina ge bedah cimatana. Sarua kuring ge hayang ceurik, tapi ditahan. Maenya indung kudu epes meer nyanghareupan pasualan anak. Indung kudu jadi conto anak dina nyanghareupan ombak kahirupan rumah tangga, anu sakumaha gedena ge. Sabab rumah tangga anak karek sirungna, saha nu nyaho ka hareupna bakal manggih ombak nu leuwih gangas.
Bari masih ngaringhak si Nyai ngaleos ka enggonna, nyokot kantong wadah pakean.
Basa duanana paramitan, katembong si Nyai juuh deui cimatana.
“Ka Apa wartoskeun, Amah. Si Nyai dicandak ku abdi!” Ceuk minantu daria.
“Heug da ku nu hakna. Ngan mihape, pangjagakeun hatena. Pangjagakeun awakna. Seug keur kakandungan.” ceuk kuring daria. Minantu ukur unggeuk. Leos duanana arindit.
Cimata juuh teu kabendung. Cimata kabungah. Kuring geus salamet bisa jadi indung anu bijaksana. Bisa jadi indung anu teu egois. Bisa jadi indung anu adil, teu biluk ka anak sorangan.
Hate surak ayeuh-ayeuhan balap jeung cimata anu beuki juuh.

TAMAT

TaraMustikaApsari

ANTOLOGI CARPON KELAS 11 IPS 2Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang