Dijodohkan!

2.7K 120 14
                                    

DIJODOKEUN...💑

ABAH: "Jang, kersanya ké dijodokeun ku pilihan Abah!!"

UJANG:" Alim Bah, kawas abdi teu pajeng waé...!!"

ABAH:"Tapi awéwé nu deuk dijodokeun budakna Wali kota Bandung!"

UJANG: "Mangga kersa, Bah"

(Si Abah teras angkat ka bumina Wali kota)

ABAH:" Pak Wali, sim kuring gaduh maksad badé ngajodokeun anak kuring, si Ujang sareng putri bapak"

WALIKOTA: "Hanyakal, moal dibikeun, bah...!"

ABAH:"Tapi anak kuring didamel janten salah sahiji direktur di hiji bank nasional".

WALIKOTA:"Heug ari kitu mah, dibikeun".

(Si Abah terus indit ka komisaris utama bank)

ABAH:"Pak, anak kuring alumni ti Unpad, lulus cum laude, hoyong damel janten direktur di ieu bank, ditampi teu?"

KOMISARIS:" Teu tiasa, Bah. Kedah lolos seleksi heula."

ABAH:"Tapi anak sim kuring minantuna Pak Walikota.

KOMISARIS :"Oh...ari kitu mah tiasa diatur".

(Tah ieu hartosna si Abah téh tukang ngalobi nu hebring👍)

BTW si Abah teh meni jagoan nya?? 😅😅

Mangga bilih bade di conto ku Abah" nu sanes... 😄

BAPER (BAHAN PERENUNGAN)Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang