Mun aya uleman ti babaturan sakola tèh, paribasa sok jadi alesan keur ulin. Mangpang meungpeung aya jalan komo meuntas. Sok rada bungangang hatè mun panggih jeung babaturan sakola tèh.
"Sok karunya ayeuna mah mun mènta dianteur ka bapana tèh. Geus sepuh. Siga nu gampil capè." Ceuk Aah.
Barakatak baturna nu duaan seuri.
"Emang dikau masih belia."
"Hem...bener urang gè nini-nini. Alhamdulillaah jagjag jeung sehat nya." Aahna gè milu ngabarakatak. Ngeunah seuri mun jeung babaturan tèh.
"Tadi gè Jiza poho nya balik deui."
"Nu taritip tapi transfer. Pan sanes titip amplop. Mèh wè hilap. Kumaha deui dina dompèt artosna kirang, nya kambèk egèn ka atm heula."
"Hèsè pisan ngaku geus kolot tèh. Mana pohoan gè cirining nini-nini." Seuri beuki ngeunah. Horèng lain botram wè nu ngeunah tèh. Seuri gè nikmat."Ngajengjen wè sorangan di jalan. Lapor otewe ti tadi teu jol-jol."
"Asana tèh ka atm ngan nyandak artos wungkul teu lami."
"Puguh atuh, piraku di atm ngarujak heula. Sok nanaon tèh."
Kitu wè sajajalan tèh teu eureun ti ngobrol.Barang jol nepi ka Nok Yayah, suwung. Untung gigireunna aya warung nu sadia inuman. Pesen wè nutrisari sagelas èwang. Untung kaduana, payuneun bumi Nok Yayah horèng sadèrèkna. Ngaleueut nu amis aseum di bumi nu Saptu gaduh hajat. Ma'lum da kapandeurian tèa ulemanna jadi raramèan tos bubar ti kamari. Bubuhan bakat ku hoyong rasa rèuni tèa jeung babaturan, telat dua poè gè dijugjug.
Torojol Nok Yayah...alhamdulillaah pendak. Mekel jingjingan nu taritip, aya limaan nu titip. Nok Enjum, Nok Engkus, Kang Esud, Kang Hanas, jeung Haji Een urang Palembang. Nu arindit tiluan. Puguh wè berekatna dibagi tilu. Balik angkaribung.
Solat duhur di mushola komplek Nok Yayah. Terusna mah rèk hompimpah naha ngabaso atawa ngagule, da lapar. Ma'lum balik sakola langsung cap cus ka uleman telat tèa.
Cekidot...ngabaso bae. Nembe ge 2 x ngangah...Ceu Itoh mengeluarkan bungkusan plo (penghilang lapar orang) nyaeta sangu bin kejuuuuo. Haruuuuh...pami aya nu moto...gigireun mangkok teh aya bungkus sangu jeung raginang pleus ichi ocha ti nok Yayah.
Ma'lum tadina ge galau, antara gule jeung baso.
Pan aya restoran nu teu meunang mekel cai inumeun gè....baso kliwon mah bageur...sanajan boa mah eta mas baso hoyong seuri ningali kalakuan Itoh, Aah jeung Jiza.
Untung tah Ceu Itoh teu nuhunkeun cai baso. Padahal ngaeh bae kirang cai da disanguan. Dipiwarang nuhun tambih cai jeung baso mah teu keresaeun.
Kaluar teh ni wareeeeg pisan. Asa lieur ka kènca ta ka katuhu ka Majalengka tèh. Untung Ceu Aah mah teu bingungeun.
Dongkap tèh gejebur wè mandi. Asar da adan asar barang jol tèh. Boa pami teu langsung mandi mah alamat tibra.
Sakitu dongèng balik uleman tadi.
KAMU SEDANG MEMBACA
SCS (Salaksa Carita Sunda)
Short StoryKumpulan cerita fiksi mini Bahasa Sunda. Gado-gado beraneka ragam. Kalau ga baca rugi ...hè maaf. Paling tidak, coba dèh baca. Bahasa Sunda itu seru. Hi hi hi....itu kata aku sih orang Sunda.