Rusiah Ah...Tipantog Pacul

12 1 0
                                    

Jalan-jalan ka gunung, keur nu sapopoèna tukangeun komputer, jauh ka tatangga, ieu jalan-jalan nu èndah. Kaluar heula sapoè nengetan patani nu keur pepelakan. Nancebkeun hiji harepan.

Can ge nepi ka lokasi nu dituju, angin leutik nyelesep ngusapan awak. Rey tiris. Nepi ka sela-sela ramo asa cebrèk. Ramo ditangkeupkeun nutupan irung nu asa diboroan angin. Nyelesep nepi ka tiris kacida.

"Tiris euy.....teu mawa jèkèt?" Ceuk Jumanta.
Gideg.
Tinglalieuk. Teu aya nu mekel jèkèt, baju haneut, atawa samping.
Aya hikmahna keur awèwè nu nutup orat mah. Buni.
"Abd mah ngahaja di kaos nu rada kandel. Lebetna dikaos heula.", Nurul bacèo mukakeun kaosna nu dirangkep dua. Urang gunung èta mah geus apal pitiriseun. Kaos mah mun panas karasa teu hareudang. Mun hawa tiis karasa haneut.
Kakaratak kana kantongna. Sor kayu putih, safe care, minyak angin, jeung kutus-kutus. Sugan mah rèk dagang. Sagala dibekel. Tapi da tiris. Hayang seuri gè ditarampanan. Gegentèn.
"Paingan tas ni beurat, Nur." Cek Nded nu mangjingjingkeun tasna.
Nyengir wè nu bogana mah.

Reg mobil eureun. Poèk. Jalan teu katempo. "Eureun heula nya." Lampu mobil dicaangkeun.  Halimun kandel. Tiris noroktok.
Nu di tukang karasak karèsèk sigana mukaan bekel.
"Ngopi...ngopi yeuh." Sagelas kopi seungit nyambuang. Jadi wèh eureun tèh ngaropi heula. Balakecrakan dina mobil. Rèk turun, turun kumaha ka ditu gawir ka dieu lamping.
"Kabayang nya, patani mun keur di sawah ngadadak poek kieu."
"Tah....peuray...halimun peuray."
Mobil maju deui.
"Ieu kopi masih aya...duh hèsè."
"Tuuuuh....nu ngaseuk."
"Saya mah baheula keur sakola ngalaman macul." Ceuk kuring.
"Uing mah ayeuna gè sok  macul."
Reuwas ogè. Horèng bener. Nu caricing di lembur mah rèa nu jaradi pagawè gè daraèk nyawah.

Teu ieuh diteruskeun ngadongèng. Keur diri sorangan wè. Jadi ngimpleng jaman keur sakoka. Da sakola tèh boga tanah. Usum katiga sok dipelakan kadele. Geus aya cai deui mah diparèan. Malah sakola tèh boga ingon-ingon. Saminggu sakali giliran mawa parab. Teu bisa teu mawa. Pinter guru mah. Dipeunteun tèa. Inget, mun bagèan mawa parab tèh da tara ngarit jukut. Mawa daun peuteuy selong atawa daun bandara tèa. Da sarua   parab èta gè. Masalah peunteun mah mangga tèh teuing kumaha guru wè.

Nu moal poho mah, hiji mangsa tos macul. Capè. Bareng jeung batur rèk ngasoan. Luut lèèt kesang, teu katalingakeun ti awalna bet nincak pacul. Tipantog nepi ka baloboran getih. Dipangku ku Pa Kono. Lulumpatan dibawa ka puskesmas. Untung teu jauh. Gudawang bohak, nepi ka dikaput.

Kangaranan budak SD, atuh maculna kumaha, da can kaawakan pisan. Ngan alus wè keur dunya atikan mah. Geuning ayeuna mah ngahaja di sakola-sakola nu bonafide mah sok aya program little farmer. Ngahaja diabringkeun ka sawah atawa ka kebon palawija, mayar  lahan batur. Dilenyepan mah sakola kuring geus kerèn baheula gè.
Mèmang sih ari nu utamana mah aya panyawah husus nu  ditugaskeun ku sakola. Nu ngurus domba gè aya.
Resep  mun samen atawa acara kenaikan kelas tèh meuncit domba. Makan-makan. Padahal nya mun dipeuncitna tèh keur kurban. Jadi praktèk ibadah. Tapi da lain milik pribadi nya, ah bener oge da bakal bingung. Keur korban saha. Sarua wè dipeuncit keur samen gè, praktèk meuncit nurutkeun syari'ah Islam.

Halimun peuray, bray caang. Sakuriling bungking gawir-gawir nu diterasering rapih. Ti kajauhan mèh siga digarisan. Hejo lemboh.
"Tah...belah dinya mah pelak bala-bala. Kol, wortel jeung bawang daun"
Kabèh seuri

Kitu jeung kitu wè sajajalan gè.
Teu aya nu anèh geus nepi ka nu dijugjug mah. Warung-warung nu ngajajar ukur dagang bakwan, gehu jeung goreng pisang. Aya èta gè nu nyarampay ngagarantung mah sukro, jeung rupa-rupa kadaharan barudak nu harga sarèbuan.

Payuna mah kopi jeung teh panas.
"Ni hayang usul cing daragangna bandrek."
"Yeuh....yeuh...raosan."
Cur dicicikeun tina termos. Seungit pandan.
"Naon ieu?" Ni haneut, seungit jeung seger.
"Sigana mah jahe, pandan jeung cengkeh. Ditambah madu."
"100."
"Apalan Bos." Ceuk Jumanta.
"Jum, Bos dilawan. Bumbu masak gè apal.  Pasar Cigasong nepi ka Caringin apal. Mall kaubek."
Seuri wè. Makarep teuing disebut siga ema-ema gè. Da urusan lalaki gè pasti nu utama.

SCS (Salaksa Carita Sunda)Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang