Katiga katompèrnakeun, meneran bulan rayagung. Meumeujeuhna nu kariaan. Di buruan tukang Abah Jarkasih ngarariung. Aya nu keur mesèkan kentang, keukeureut daging, ngarendos bungbu, meresan sagala rupa kaperluan hajat. Ma'lum Abah Jarkasih nikahkeun si bungsu. Ngeprukkeun kanjut kundang, sagala diayakeun. Kayaning wiwingka, koci, cikak, adas, sagala rupa kadaharan kumplit. Opak raginang mah geus arasak numpuk di goah.
"Sok bari ngaropi didamelna." Amih Euis istrina Abah Jarkasih cakah cikih ngabagèakeun tatangga, dulur, jeung babaturan nu ngarariung babantu.
"Ayeuna mah kadaharan sagala aya. Alhamdulillaah jaman merdeka. Teu cara jaman baheula dahareun tèh hèsè." Nok Engkus sasauran bari nyoroh-nyorohkeun papais koci ka Ma Eti.
"Hujaaaan..."Aya nu ngagorowok ti hawu nu keur ngaguis nyieun wajit kètan.
"Tah seungit kieu, teu bisa di gambarkeun ku kalimat. Mun tos katiga cur hujan tèh, taneuh nu kahujanan kaceos, ngebul. Kaangseu nyereng kana pangambung. Ieu tèh seungit hampo barudak." Ema sepuh ibuna Amih Euis cumarios bari nyeuseup hawa nu bau taneuh kacèos.
"Naon hampo tèh Ema?"
"Kadaharan buhun. Dijieun tina taneuh porang. Dikeureutan sing aripis. Digarang nepi ka garing."
"Dituang Ma?"
"Puguh wè. Uduh. Abdi pernah nyobian asa ngagebal jiga tos nuang biskuit kana waos narempel.he..." Amih Euis ngajelaskeun bari ngelèlkeun lètah.
"Rasa naon?"
"Teu aya rasaan. Teu uyah teu gula. Rasa hampo wè."
"Moal karacunan?"
"Ieu Ema masih jumeneng. Teu ngalaman gering ku hampo."
"Oh...Allohu Akbar. Saestuna jalmi didamel tina taneuh. Min turob.... eta tina Al Qur'an. Janten badan urang gè kadaharanna sayuran hirup dina taneuh. Lauk hirup di balong. Cai aya taneuhan. Ladu. Sarua wè sasatoan nu halal dipeuncit diparabna ku jukut. Jujut teh ngandung unsur hara saripati taneuh. Mèmang badan urang tina taneuh. Moal karacunan."
"Ni sok ngadalil. Èta wè atuh mulungan kentèng kuèhna." Ceuk Ma Èndang.
Barakatak saleuseurian. Asa ngangres ngabayangkeun nepi ka taneuh digarang. Kacipta kurang dahareun. Asa lucu ogè mun ngabayangkeun garang taneuh didahar. Seuri maur. Sanajan taneuhna gè husus nu pihampoeun, tapi nu ngaran taneuh mah taneuh wè, nu ditincak ku urang sapopoè."Hih baheula mah hampo tèh dijual da umum aya. Sok didagangkeun ku tukang rampè."
"Ooh..."
"Taun tujuh puluhan nepi ka tujuh puluh salapan mah hampo masih aya di sababaraha lembur di tatar Sunda. Kiwari mah barudak geus moal aya nu apal naon ari hampo." Ema sepuh nerangkeun bari parigel mungkusan wajit ketan ku keretas minyak.
"Asa nembè nguping aya hampo."
"Pakidulan mah moal aya, sigana hampo mah ayana di hawa panas. Da nu seneng mah seneng. Malah nu nyiram mah sok seueur nu palay hampo."
"Lain heureuy yeuh, di dieu mah tah keur nyiram ku nu cikal ngalaman ngidam teh hayang hampo wè." Ceu Tati mairan.
"Bener ta heureuy?"
"Nyaan."
"Asa dina dongèng taneuh digarang terus didahar. Ngadahal talawèngkar èta mah." Ceu Yuyun ngabirigidig bari ngelèl.
"Serius. Ni seungit mun ngadahar hampo teh. Bari uduh. Nyaan keur ngandeg ku nu cikal mah mun teu manggih hampo, bata na tembok imah dikorowokan. Didahar."
"Tong wadul ih."
"Yeuh imah teh kan teu dilebrok deui. Buligir we bata jeung aduk. Barina ge batana wungkul baheula mah taneuh. Pan ayeuna mah campur jeung huut badag.""Poko bahasan tèh ni asa dongèng. Geus ayeuna mah tah dalahar heula jeung angeun tèrong. Boa engkè mah angeun tèrong modèl kieu ukur dongèng."
"Di daèrah tiis aya ogè angeun tèrong, has ngadegkeun balandongan?"
"Gugubar jaèr kitu nu sok aya tèh? Ah teu ogè. Asa bebas naon baè di kidul mah. Duka tah mun hampeu."
"Naon hampeu?"
"Heupan hampeu haneut-haneut dipuruluk parud kalapa."
"Seupan sampeu meureun."
"Nya èta. Intriwili."
"Di urang mah sok jeung gula kawung digeletruk."
"Caricing heula nya. Tarungguan saya ka dinya heula." Ceu Tati ngalèos. Teu nungguan heula nu ngajawab geus ngiclik baè.
Jol deui tèh hariweusweus ka hawu. Cènah ngagarang taneuh porang paranti ngagodog daun gedang bèh teu pait. Aya oge nu aripis. Bener digarang na hawu.
"Yeuh asaan."
Tinggarodeg. Geletruk tèh Ceu Tati nyaan ngadahar hampo. Cenah karèk ngasaan deui, da baheula gè ngan nepi ka umur kakandungan opat bulan. Bulan kalima mah geus teu kabita. Pèdah bèh palercaya yèn hampo tèh baheula mèmang aya.
KAMU SEDANG MEMBACA
SCS (Salaksa Carita Sunda)
Short StoryKumpulan cerita fiksi mini Bahasa Sunda. Gado-gado beraneka ragam. Kalau ga baca rugi ...hè maaf. Paling tidak, coba dèh baca. Bahasa Sunda itu seru. Hi hi hi....itu kata aku sih orang Sunda.