Tas

1.1K 72 0
                                    

pada suatu pagi aing molor keneh, jol aya nu ngubek-ngubek bujur aing, jero hate ieu mah si ayah geura menta pang menerkeun anten keur nonton tvone, aing teh pura-pura sare we da aslina haroream, apek teh si mamah, ah ieu mah pasti menta pang hurungkeun sanyo.

mamah; "yeuh hudang yeuh"

sare keneh aingna.

mamah; "eudeuk boxer anyar moal?"

jero hate naonlah pira boxer:(

mamah; "kamu peuting rikues dahar hayang make kerang pan? sok ku mamah pang bikinkeun"

aing teh hudang secepat kilat.

aing; "aslina mah? ulah bohong ah geus ngarep pisan ieu teh"

mamah; "hayu anteurkeun heula ka pasar"

aing; "ih naonlah pasar bau daging"

mamah; "hoyong teu ujang teh?"

aing; "enya hayu lah caw"

aing teh manaskeun mobil heula we bari nungguan si mamah dandan, kaluar we si mamah teh meni rimbil mamawa tas 2.

aing; "mah deuk mudik? meni ridu"

mamah; "geus cicing we"

aing teh nyupiran we ka pasar, si mamah teh kasarean dijalan, pas nepi aing hudangkeun we

aing; "mah geus nepi Baghdad"

mamah; "tong heureuy"

aing; "sok mamah turun, ku adnan engke di jemput"

mamah; "nan, mamah jangar sirah kieu naha nya" feeling aing mah can beunang supply bandros haneut.

aing; "kumaha atuh mah? balik deui ka imah we"

mamah; "lebar mun kitu mah, kamu jig nu belanjana, mamah didieu we"

jero hate anying teu bisa diimajinasikan aing pasedek-sedek diditu, mamawa tas, berbecek-becek ria, asa tukang cuanki neangan bahan keur dagang, ngan watir ieu my mommy beungeutna emang teu ngawadul si eta geulis eh geuring.

aing teh ka tukang we nyokot tas.

mamah; "hiji we make tasna, anu hideung"

ceuk aing da sarua hideung ieu tas, ah kumaha aing we nu mana dipakena, pergilah aing berbekal tas emak-emak jeung daftar belanjaan seperti hendak mencari kitab suci, loba pisan nyak jelemana mun pagi mah, aing teh basmallah heula sebelum menapakan kaki kaditu, apek teh 'CROOOT', aya mobil ngaliwat aing beunang cai becekna geuning, anying geus mah bau koco:( geus ieu mah feeling aing moal baleg dijero, ngan mun aing menyerah engke nu kecewa lain mamah aing hungkul tapi sekeluarga kusabab ayeuna deuk makan besar, baelah anggap we pengorbanan keur family.

pergilah aing masuk ka lubang neraka itu, pasedek-sedek jeung ibu-ibu anu barau dahdir, jiga teu nyikat huntu heula kadieu teh:( isi dari kertas misi si mamah;

1. kankung

loba pisan nu jual kangkung, aing teh berusaha menembus awak ibu-ibu anu lebat jiga bulu kaki, tiap toko teh pararinuh:( bari aya nini-nini nitah aing wae, da watir ieu jigana umurna geus 70 entah 60.

nini; "jang pangcandakeun cengek emak jang"

nini; "jang eta sosin hilap"

nini; "JANG ETA WALUH JANG!!"

anying bener we teu balegna teh, aing geus beunang kangkung lgsg lumpat da sieun dititah deui.

2. kerang jeung sifud

haranyir ih aslina, bari aya ibu-ibu genit noelan beungeut aing.

ibu X: "aduh ujang ni kasep naha belanja ka pasar"

ibu G; "jang tukang sifud anu disukarno hatta nyak asa familiar rarayna"

anying disirikan tukang sifud.

aing teh ngan bisa seura-seuri bari ngaburu-buru si emang pang mungkuskeun nu aing, beungeut aing barau hanyir dicolekan tuluy, marukanna aing ovomaltine.

sebenerna mah loba belanjaanna teh ngan sakitu we nya disebutkeunna, aing balik ka mobil mawakeun bandros oge keur si mamah meh bungah, balik we ka imah.

di imah aing dititah ngaluarkeun balanjaan, trs diteundeun didapur, datang we 2 lelaki burik karek jogging.

dinan; "beungeut hinyai, suku beulog, buuk kulimis, geus nanaonan ai sia"

gugum; "ni watir nyak din, arurang mah sexy kieu karek balik ngeceng"

aing; "KAMARANA AI SIA AING NALANGSA DI PASAR, MARANEH KALAHKAH NGECENG AWEWE"

aing teh aamukan ka maranehna, maranehna ngan seuseurian ngadangukeun aing carita, baelah calon penghuni surga mah selalu berbakti kepada mamah.

si mamah teh masakna rada siangan da keur makan siang ieu mah, aing teh bari mengisi waktu ngobrol jeung kang rijal da datang si eta silaturahmi ceunah, tiba-tiba aya suara si mamah ngagorowok, saha nu teu reuwas maung betina kitu, lalumpatan we ka dapur.

mamah; "ADNAN!!!"

aing; "naon mah aya naon!!?" diikuti nu lain.

mamah; "ieu tas mamah anu branded ku kamu dipake ngasupkeun kankung jeung seafood?! naha teu make anu hiji deui?!!"

aing; "da ceuk mamah bebas nu mana we"

mamah; "AI MANEH CAGEUR!! IEU MAHAL KALAHKAH DIPAKE KA PASAR"

aing teh digebukan jiga pembunuh kaluar ti ruang sidang, nu lain teh nenangkeun si mamah bari nulungan aing, aslina aing teu nyangka eta tas branded, da ngan tas badag kitu geus buluk eta tas teh, eweuh isian deui,setelah beberapa menit suasana pun mendingin, si mamah beungeutna masih keneh dendam ka aing.

ayah; "tong anyun wae engke geulisna leungit" ceuk si ayah ka si mamah bari merekeun tas belanjaan kitu aya tulisan salah satu merek tas ternama dunia.

mamah; "naon ieu yah?"

ayah; "sebenerna ulang taun pernikahan teh 2hari deui, tapi karunya si adnan teu salah meh dimaafkeun"

si mamah teh gogorowokan centil, geus kitu teh masak we ka dapur, ai aing? pipi biru kusabab ditakol make seserok ku si mamah, geus beres masak darahar we, aing mah ambek keneh ka si mamah, sok aing nu nganteur ka pasar, dipasar jiga benteng takeshi loba rintangan, balikna digebukan asa nyeri hate. aing mah cicing we dikamar bari ulin game.

mamah; "nan, teu makan?" si mamah asup ka kamar, cicing we aing teh teu ngawaro.

mamah; "hampura atuh jang, mamah kalepasan" si mamah meluk aing ti tukang.

aing; "mamah leuwih sayang tas, tingali muka adnan biru ku mamah" aing teh beungeut deuk ceurik tea.

mamah; "uluh naha kieu? ku mamah obatan, sok tuang heula"

aing; "suapin ah teuing"

aing teh disuapin si mamah, ceuk aing mah deuk eta telor ceplok oge mun suapan si mamah mah naha nikmat wae nyak? ieu sifud jieunan si mamah anu jawara bari disuapan uluh ngeunahna double, geus beres beungeut aing dikompres we, baelah tadi aing dihakami, ayeuna dimanja mah aing rela. love you maaah

Adnan Arsifal (Bahasa Sunda Version)Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang