Pertempuran Kala Ramadhan

1.3K 66 6
                                    

jadi komplek aing berisikan anak-anak muda, deuk awewe lalaki ge rata da, mulai ti bocah orok nepika bujangan masih mencari jodoh pasti aya wae, nah aing ge boga geng, isina barudak lalaki hungkul, ti aing orok ulinna geus jeung geng sosialita satu ini, geng aing beranggotakan 14 orang, kadang nambahan, aya beberapa budak nu datang dan pergi seperti mantan, rata-rata faktor sibuk ku sakola atau gawena sare jeung ngageder diwarnet, aya nu sibuk futsal nepika hideung leustreung jiga zimbabwe people.

mun aing beberkeun saha wae cangkeul ieu jari tp bae nyak meh leuwih panjang ieu caritana.

1. Mikael

tiasa digeroan el, batak manise, aya darah brazil saeutik, beungeut bule ai di imahna ngobrol make sunda halus, umur 18 taun ieu lulus.

2. Beudil

ngaran asli panjang jiga oray, darah biru leuwih sering disirikan pak jawa, mun eweuh gawe sok ngubek-ngubek udel geus kitu diambuan. umur 17 deuk naek kelas 12.

3. Arul

Keluargana boga usaha lapang futsal, alhamdulillah biaya futsal hemat. bandar kaset game, teu boga duit meuli kaset? arul lah solusina, jelamana royal, hobi ngajajanan batur, duitna asa teu beak-beak. umur 16 deuk naek kelas 11.

4. Digi(dibaca diji)

Lelaki yg boga boneka digimon buluk, teu bisa sare mun si digimon leungit. guru musik barudak, multitalenta dibidang musik, playlistna harade, ai kuliah akuntansi pan teu cuco. umur 19 seangkatan ma aing.

5. Tama

Kakak senior, umur 20 ai kalakuan naha smp keneh ma? hampura heureuy, budak sastra jepang, jagoan gambar anime na, tara mandi ai awak bauna netral naha bisa ma?

6. Faik

hobi nongkrong cantik dengan fesyen masa kini, awak semerbak hajar aswat, memikat bagai lem tikus, banyak awewe dijieun galau ku si aa, teu boga acuk? teu boga sapatu? faik lah bandarnya! umur 18 bade kuliah taun ieu.

7. Ari

kuncen warnet, naon sih game anu can dikuasi aa ari? game online pun menjadi ladang harta bagi sang ari, budak ptn, separuh nafasnya adalah wifi ai ip alus wae sia dahar naon ri? umur 20.

8. adi

suarana merdu jiga pujangga cinta kasep-kasep kumaha kitu, bisa dubbing tokoh kartun, mun adi jeung diji bersatu maka 2, 5 gadis terlampaui, paras ambon manise. umur 17 otw kelas 12.

9. bayu

sodara dora hobi berpetualangan, hobi mendaki, panjat tebing, momotoran kros, ofrud, apapun yg menantang jiwa bayu pernah coba, umur 19 seangkatan abi.

10. Faiz

kelas 9 yeuh kaluar taun ieu, adina faik, tidak seperti kakaknya faiz selow, kuleuheu, master of papan karambol, mun pagi dibonceng ku kakakna sare keneh bari nangkeup.

11. Wahyu

Laksana berkah dari langit, wahyu hamba allah nan mulia, hafal quran teuing baraha juz, budak pang rajinna mengingatkan akan dosa dan menjawab adzan dikala berkumandang, film favorit: film biru asia. kelas 8 smp.

sisa aing, gugum jeung dinan. keterangan: semua nama tidak asli, nama samaran.

gengku mun hari biasa sok tara ngumpul, ngumpul teh biasana poe jumat ulin bal dilapang deket imah atawa malam minggu di warung ceu marni eta ge nu jomblo hungkul, aya oge nu boga kabogoh pura-pura boga acara keluarga ka kabogohna da duit keur ngedate na beak, tempat cikopi dan udud termantap sabandung raya, kadang nambahan lain geng aing hungkul, loba budak luar nu join. geng aing mah welcome barudakna teh teu sungkan mun aya budak anyar, karna komplek aing ini seluas hamparan samudra, anak muda teh lain arurang hungkul, terbagi menjadi banyak kubu diberbagai belahan daerah, mun aing jelaskeun deui kubu-kubuna beuki panjang we ieu carita komo ditambah anggota na mah aing cedera leungeun bisa-bisa, jadi yg aing sebutkan hanya beberapa kubu yg bersangkutan saja. untuk bulan ramadhan leuwih sering ngumpul, kita mulai caritana.

Adnan Arsifal (Bahasa Sunda Version)Tempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang