Aki Sanuhri

1 0 0
                                    

"Indonesia tanah airku
Tanah tumpah darahku"

Lagu Indonesia Raya geus mimiti kadenge. Nu ngahariringna, barudak rumaja gareulis, make saragam bodas. Alun-alun sepi jempling. Padahal di dinya teh aya rebuan jalma nu keur milu upacara jeung jalma-jalma nu rek lalajo arak-arakan. Mobil nu ngaliwat ka jalan raya, ngahaja dieureunkeun heula ku pulisi. Mesinna sina dipaehan. Nu milu upacara, ti mimiti camat nepi ka erte, ngahormat marengan bandera nu naek lalaunan.

Aki Sanuhri oge milu ngahormat. Padahal bieu teh aya budak ceurik hayang balon. Henteu diladangan. Teu reret-reret acan, da puguh keur husu tea. Sataun sakali mah, meujeuhna manehna ngahormat bandera. Sok sanajan cicingna di luareun pager alun-alun. Henteu wani asup ka jero, arera teuing kudu ngarendeng jeung gegeden. Nilik diri manehna oge. Batur mah make saragam luyu jeung pangkatna, ari manehna, baju oge kucel-kucel acan. Kuriak teuing dibuburak ku pulisi nu rajeg di lawang alun-alun.

Ngahaja poe ieu mah mawa balon teh dua rupa, beureum jeung bodas. Lain teu apal kana warna hejo atawa bulao, ngan apan ayeuna teh poe proklamasi. Poe kamerdikaan. Ongkoh geus dipesenan deuih ku Pa Kuwu. Kamari, Aki Sanuhri dicalukan ka bale desa.

"Ki, kuring pesen balon gas keur arak-arakan!" kitu ceuk Pa Kuwu.

"Mangga, Agan. Bade sabaraha hiji?"

"Lima puluh tujuh. Apan ambeh sarua jeung tepung taun nagara urang. Ngan kudu dua rupa, beureum jeung bodas."

"Mangga."

"Kade ulah poho. Ieu mah urusan dines. Keur kamajuan desa urang, sangkan meunang panghargaan dina arak-arakan."

"Enjing-enjing atuh ku Aki disanggakeun ka dieu!"

"His, ari taeun teh. Era atuh kuring kudu mamawa balon mah. Dikamanakeun harkat kuwu. Bawa we ku Aki, engke panggih di alun-alun!"

"Mangga kitu oge!"

"Duitna mah engke we nya, geus beres arak-arakan!"

"Teu langkung."

Proyek badag keur Aki Sanuhri mah. Da tadina oge, poe Agustusan mah moal dagang balon, rek lalajo arak-arakan. Komo ieu pesenna nepi ka 57 siki. Nu matak, rebun-rebun keneh oge Aki Sanuhri indit ka pasar, nepungan anakna nu sok dagang cocooan barudak.

"Jang, pangnyadiakeun balon 57 siki!"

"Loba-loba teuing, Pa?"

"Aya nu pesen. Tapi kudu beureum jeung bodas."

"Wah, hese atuh, Pa. Lain ti kamari nyariosna!"

"Puguh oge ngadadak. Wayahna, Jang. Mun henteu mawa, Bapa aya bahan dihukum ku Pa Kuwu!"

-=oOo=-

Bandera beuki luhur. Aki Sanuhri masih keneh ngahormat. Nu ngahariring Indonesia Raya beuki melas-melis bae. Teuing kumaha mimitina, tina mencrong bandera teh, Aki Sanuhri bet ngareret ka beulah handap. Breh, riuangan jalma-jalma nu ditiungan ku papayon. Bangun ngahaja dipupujuhkeun. Aki-aki jeung nini-nini wungkul. Umurna, moal pati geseh jeung manehna mah.

"Deuleu ituh, aya Si Juminta. Si Dahri, Si Enoh, Si Duhria, ngadon nanahaon make ngiuhan di dinya. Naha henteu dicarekan ku pulisi?" Aki Sanuhri gegerendengan sorangan. Ras inget kana pidato Pa Camat, samemeh upacara.

"Urang bisa merdika teh lantaran jasa kolot urang baheula. Nu matak, maranehna perlu meunang panghargaan, perlu diajenan ku urang sarerea!"

Boa-boa, ceuk gerentes Aki Sanuhri, nu ngariung diiuhan papayon teh, anu perlu diajenan tea. Kaasup Si Juminta jeung Si Dahri. Bejana, anu dihargaan mah sok meunang gajih saban bulan. Sapopoena hirup ngahenang-ngahening, bagja ka kolotnakeun. Moal ngalaman dagang balon kawas manehna.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now