Di Classic Rock

0 0 0
                                    

“Wayahna datang ka Classic Rock ayeuna kènèh. Sigana Anya keur galau pisan. Mun  bisa mah langsung anteurkeun balik. Hariwang. Hampura nitah. Ieu budak nu bungsu keur harèèng. Teu bisa ditinggalkeun.”

Uing ngaragameneng sabot ngabandungan sora Nia tina hènpon. Asa ngimpi. Tapi sasat apan can peureum tatadi gè. Tara bisa sarè mun can ngadèngè sora nu tahrim mah. Teuing kumaha. Geus lila siga kieu tèh. Hayangna mah siga batur, ngagolèr langsung guher. Tapi uing mah teu bisa ningan. Sok kalah ngumbar lamunan sabot awak ngagolèhè dina ranjang.

Cikènèh gè kitu. Kuring keur ngumbar lamunan, nyipta-nyipta mun isuk jaganing gèto boga mobil badag, rèk dijieun imah. Rèk indit ti hiji kota ka kota sèjèn. Moal dumuk di hiji tempat. Hayang ulin ngurilingan alam dunya. Kagareuwahkeun ku sora James Hetfield ngahaleuangkeun lagu Nothing Else Matters tina hènpon nu diteundeun luhureun mèja, gigireun ranjang.

“Buru, Ja. Bisi Anya kumaha onam.” Whatsap ti Nia pinuh kahariwang. Teu mikir panjang deui, uing muru garasi. Ngaluarkeun mobil butut tuluy nyemprung ka Jalan Braga.

Sapanjang jalan Braga jelema pasuliwer. Teu ngora teu kolot ngumpul sapanjang trotoar. Aya nu papasangan, loba ogè anu datang sabalad-baladna. Cafè-cafè pinuh katingalina mah. Uing nèangan tempat parkir rada jauh ti Cafè nu dituju. Parkiran sarua pinuhna.

Asup ka Classic Rock, panggung leutik geus dieusian ku Band nu mawakeun lagu-lagu rock. Vokalisna lalaki, buukna galing sataktak, umur 20an kacirina mah, sarèrètan asa ningali Arman Maulana. Rada hèsè manggihan nu ditèangan di hiji tempat nu jadi pangjugjugan loba jelema saban malem Minggu. Uing nguriling, nèangan nu diuk sorangan. Di lantai hiji teu manggih. Boa geus mulang kitu? Syukur mun geus mulang mah. Tapi sora Nia asa ngagambarkeun Anya moal mulang buru-buru lamun euweuh nu ngajak mulang.

Panasaran. Uing naèk ka lantai dua. Lantai dua disulap jadi balkon. Mèja-mèjana nyanghareup ka lantai hiji, ka lebah panggung nu masih kènèh ngagembrungkeun lagu rock.  Di lantai dua mah teu pati pinuh, sababaraha mèja masih kaciri kosong kènèh. Di juru bèh katuhu, di hiji korsi diuk Anya. Di luhur mèjana, kaciri aya gelas leutik jeung botol minuman.

“Ti iraha resep rock? Lain resep lagu mètal?” Uing diuk dina korsi kosong gigireun Anya.

“Ja, naha apal kuring di dieu? Pasti Nia nya nu nitah ka dieu?” Anya teu nembalan, kalah malik nanya.

“Lainna teu resep nginum? Naha ayeuna kalah nginum?” Uing ngarongkong botol Chivas dina luhur mèja. Botol langsung ditotor.

“Ja, ulah dibèakkeun. Kuring hayang kènèh. Karèk kaharti ayeuna mah, kunaon manèh resep nginum ti baheula. Nikmat ningan nya nginum teh. Kuring bisa poho sagala kasusah hirup.” Anya mèrè isyarat ku lengeunna supaya botol dibikeun ka manèhna.

Pantes Nia buru-buru nitah ka dieu. Ningan enya, hariwang ningali Anya. Asa lain manèhna. Asa lain Anya nu uing apal. Anya nu mandiri. Anya nu calakan. Anya nu nitah eureun nginum mun kapanggih uing keur mabok.

“Ja, buru ka dieukeun botolna. Kuring hayang bagja sapeuting ieu mah.” Anya rèk ngarebut botol nu ku uing dicepengan.

“Anya, mending mulang, yu. Geus peuting ieu tèh. Pasti barudak jeung salaki geus ngadagoan. Karunya. Bisi hariwangeun.” Uing cengkat bari angger botol mah dicepengan.

“Mulang ka mana, Ja? Mending gè urang ka hotèl. Urang salingkuh, yu. Kuring hayang ngalaman kumaha rasana salingkuh. Naon ngeunahna salingkuh, Ja? Kuring hayang apal.” Anya kalah muntangan leungeun, ngajak uing diuk deui. Kapaksa diuk.

“Sing yakin kabèh masalah aya jalan kaluarna. Tapi lain ku cara nu salah, Anya. Uing yakin, aya jalan kaluar tina masalah nu disanghareupan ayeuna. Mending mulang heula ayeuna mah. Karunya barudak.” Uing nyepeng leungeun Anya. Rèk sina cengkat.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now