Sora Takbir Nu Mawa Ketir

0 0 0
                                    

Sora takbir ngalanglaeu, matak niruk jajantung, matak seuseuitan jeroeun ati. Rasa lewang, sedih, hanjelu pagaliwota dina haté Lis. Komo ayeuna manéhna keur sorangan. Barudak tiluanana keur di masjid milu takbiran. Keur buka puasa poé pamungkas tadi, Rahmat, nu panggedéna ngajak adi-adina ka masjid bada Isa. Rahman, adi kembarna, haget pisan diajak téh. Duanana sawelas taun. Ahmad nu karék dalapan taun, embung ditinggalkeun.

Lis cuang-cieung. Awakna nyareri balas tadi beurang pakpikpek sorangan nyieun naon waé nu manéhna bisa keur lebaran isukan. Tapi panonna teu bisa dipeureumkeun. Manéhna nyileuk, ngarasa nyorangan di ieu dunya nu ramé. Perbawa haté nu sepi, nu ngarakacak, hayangna mah ceurik gagauran. Tapi teu bisa, geus saat cipanonna. Ti kajauhan hawar-hawar kadéngé sora bedug.  Matak nalangsa kana haténa. Rus-ras ka jaman harita, jaman masih aya kénéh Kang Rusli, salakina. Ieu téh malem takbiran ka lima Kang Rusli ninggalkeun.

Ngadahupna Lis ka Rusli éstu lain dumasar tina cinta. Lis keur hahadéan jeung Harun harita téh. Batur kuliahna, béda fakultas, béda angkatan ogé, Harun mah geus rék lulus kuliahna. Harun téh budakna bageur teu épés méér. Najan teu kasép pisan gé. Wawanohana mah kitu wéh, teu dramatis.

Panggih di kantin. Lis poho teu mawa lokét nu aya dina tas nu disimpen di ruang Himpunan Mahasiswa. Keur kitu Harun ngadeukeutan rék mayar ogé. Harun karunyaeun, nya sakalian dipangmayarkeun najan Lis kéképéhan gé. Ti dinya wawuh wéh. Kadieunakeun jadi deukeut.

Harun téh ngabogaan pangabisa. Manéhna diajar silat. Cék manéhna lian ti keur ngamumulé tradisi Sunda, ogé keur béla diri. Manéhna kungsi nulungan Lis nu rék dirogahala ku pamuda-pamuda nu sok ngarariung. Atuh boga gunung pananggeuhan Lis téh.

Aya hiji kasalahan Lis. Manéhna teu wani ngajak Harun ka imahna. Lis sieun indung bapana kuciwa, kuliah kalah bobogohan, kitu pamikir Lis harita. Padahal Harun mah geus sababaraha kali hayang nganjang.

Dina hiji poé basa semestér tujuh, Lis balik ti kampus beurang kénéh. Dosén kuliah panungtung poé éta teu bisa datang. Harun nganteurkeun nepi ka gerbang komplékna. Angger dicarék rék nyimpang téh.

Aya meureun satengah jam ti barang asupna Lis ka imah, panto hareup aya nu ngetrokan. Karék bérés lohor Lis téh, indung bapa jeung adi-adina teuing ka mana, Lis ngoloyong ka hareup, maké mukena kénéh. Barang dibuka, aya jajaka jangkung, kasép keur campego. Manéhna uluk salam, ditémbalan ku Lis.

“Dupi Pa Andun sareng Ibu Maé, aya?” cék manéhna nyebut ngaran indung bapa Lis.

“Aya tadi mah, sakedap dipilari heula. Mangga atuh ka lebet,” cék Lis.

Sup semah asup. Gék diuk, sanggeus dimanggakeun ku Lis. Lis  tuluy ngoloyong ka jero,  néang indung atawa bapana. Teu kungsi lila Pa Andun ngurunyung ka rohang hareup.

Lis mah sup deui wéh ka enggonna. Rék muka mukena jeung ngedeng sakeudeung mah, ngalempengkeun cangkéng.

Karék gé sapuluh menit meureun Lis gogoléran di luhur kasurna, panto enggon aya nu ngetrokan. Lis cengkat. Kulutrak muka panto. Indungna geuning.

“Néng gentos acukna. Itu aya Kang Rusli,” cék indungna.

“Naha? Da tamu ka Mamah sareng Apa, sanés?” walon Lis.

“Enya. Ngan hayang panggih jeung Néng ogé, cenah,” cék indungna deui.

“Tadi atos pendak da,” cék Lis.

“Sok kadinya geura disalin,” cék indungna semu maksa, bari ninggalkeun Lis.

Atuh Lis gesat-gesut salin ku nu rada pantes. Koloyong ka rohang hareup.

“Tah ieu Néngna, Cép,” saur Pa Andun basa ningali Lis nyampeurkeun.

“Naon ari Apa?” cék Lis semu baeud ka Bapana.

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora