Keris Pangantén

0 0 0
                                    

Lagu ayun ambing ngayun dina pirigan jentréng kacapi. Juru sekar ngaleu, nungtun léngkah muru rohang acara sungkeman. Poé isuk kuring panganténan. Leumpang antaré diapit ku Bibi jeung Ua ti bapa. Haté ngarakacak. Mun téa mah Apa masih aya dikieuna, tinangtu kuring jeung Ema moal kungsi katalangsara.

“Mangga calik palih dieu, Geulis!” Juru rias nungtun kuring, nitah diuk dina amparan samping kebat tujuh lambar. Juru sekar eureun nyora, kacapi halon jentréngna, kuring deku ngawasuh péan Ema. Juuh cimata.

Réwu lalakon bihari kumalangkang. Rigah Ema ngélék baskom, ditiung anduk dina mentrangna panonpoé, ngurilingan lembur ngiderkeun asakan, lambéna teu eureun gogorowokan nawarkeun dagangan.

Mun pareng peré sakola, kuring sok milu dagang.

Kungsi hiji waktu panonpoé geus rék surup, sedeng dagang can kénéh ngalarisan. Tikoro garing, sirah lungleng. Katingali tukang és lilin diriung budak pantaran kuring. Ema ngarandeg.

“Hoyong?” Neuteup. Hayangna mah nataku, ngan teu wani unggeuk, kapikir ti mana duitna. Ema surti. Pais tahu ditukeurkeun kana és. Atoh kacida, leumpang tanagaan deui.

Liwat péngkolan, Pa Kuwu gugupay. Gentak disampeurkeun. Bus ka palataran bumi agréng, dipapag nyambuangna rupa-rupa kembang di patamanan, matak seger. Kuring diuk sisi téras, diusapan angin rintih, karasa lelenggutan. Ema ngécagkeun baskom. Sok, dina luhur kékéséd, teu wantuneun nyimpen dina ubin hérang, bilih kotor rupina.

“Geuning pinuh kénéh baskom téh?” Pa Kuwu naros. Ema ngawaler ku unggeuk. Torojol garwana, salira bayuhyuh, emas gonjléng, disinjang Tiganagri, dipasieup kabaya brukat kelir beureum, nambih ruhruy pameunteu camidak, dilipen urahak.

“Buntil tilu siki!” Bu Lurah teugeug.

“Borong kabéh wé, Ma! Sakalian keur marab barudak Tarka, soré rék rapat di kantor désa!” Pa Kuwu ngomando. Karérét Bu Kuwu ngaburileng, koloyong deui ka lebet bumi. Sabot kitu Pa Kuwu nyelapkeun artos kana handapeun tilam goréngan.

“Jempé, keur budak,” sanggemna bari culang-cileung. Ema teu kebat nampik, kabujeng torojol Bu Kuwu ngajingjing timsi kangge wadah buntil, sadaya dagangan ema érép diborong.

Lamunan peuray. Aya nu ngeclak kana punduk. Ema ngagaléntoran. Murubut cisocana.

“Hampura anaking, Ema teu bisa nyenangkeun hidep, ukur du’a nu ngembat, muga sing bagja dina ngambah rumah tangga,” soantenna haroshos. Kuring nyuksruk ‘na pangkonanana, neda hapunten. Teu nyangka sacongo buuk horéng jodo sakieu déétna.

Peuting harita, datang lalaki  jeung kulawargana, mileuleuheungkeun kuring. Cenah budak yatim nu kapungkur sok dibayuan ku Apa sakolana. Kiwari dumuk di kota kalawan hirupna mulya jadi pangusaha. Najan kakara amprok harita, kuring teu bisa nolak nalika Ema nalék. Teu téga gideug ningal Ema nu katawisna bingah.

Dug sek saréngséna acara sungkeman. Manjing subuh lilir, kagareuwahkeun rekét lomari. Dirérét, Ema ngaluarkeun kanjut kundang. Gentak cengkat. Olohok. Horéng Ema nyéngcéléngan sakitu seueurna sanaos dina kaayaan hirup werit.

“Sasayagian pikeun waragad bisi hiji waktu hidep boga jodo, kulantaran ayeuna teu diperlukeun, sawaréh jang nyawér, sawaréh urang sumbangkeun ka panti asuhan budak yatim,” sanggemna, ngudulkeun eusi kanjut kundang.

Alhamdulillah, ku Weningna Asih Allah, kabéh waragad sukuran kawin ditanggung ku pisalakieun.

Nalika Ema ngétang tabungan, leungeun rikat nyokot nu ngaborélak. Diimeutan. Hatè ngageter.

“Éta téh keris Apa, warisan ti Mama Kuwu Sepuh, uyut hidép. Salamina tara lésot, teu weléh dicacandak. Peuting harita waktu hidep rék lahir, néang paraji rurusuhan, bakat ku geumpeur keris tinggaleun handapeun bantal.

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora