Coél Leunca Atah Nini Arsah

0 0 0
                                    

“Kang, Nyai asa hayang dahar jeung coél leunca wungkul. Bosen dahar jeung daging baé.”

“Ah, naha kahayang téh bet anéh? Batur mah hayang dahar téh jeung daging, bosen jeung coél leunca terus.”  Prawira gagaro teu ateul ngadéngé kahayang  pamajikanna.

“Gugu wé atuh! Adatna nu hamil muda mah, keur ngidam éta téh. Pamali mun teu digugu matak ngacay waé budakna.”

“Ah, da kabéh budak leutik mah sok ngacay. Pantes wé da can aya huntuan.” Ceuk Prawira ngagerentes na haté. Henteu ari poksang diobrolkeun hareupeun mitohana mah.

“Tadi ningali tina kaca jandéla mobil, aya ibu-ibu keur dahar jeung coél leunca hareupeun imah  nikmat pisan.”

“Enya atuh, naon héséna kari nitah ka pembantu atawa supir.” Prawira neundeun roko na asbak bari terus dipareuman. Haseup bodas nu tadi minuhan ruangan beuki nyingray katebak angin.

“Ngaladénan kahayang nu ngandeg alatan ngidam mah teu meunang ku batur, tapi kudu langsung ku salakina.”
Mitohana rada muncereng ka Prawira.

Teu kungsi ngomong nanaon deui Prawira ngojéngkang nyokot konci mobil.

“Duh kamana néangan leunca wayah kieu? Warung geus tarutup. Aya kahayang téh aya-aya waé. Kunaon atuh henteu tadi basa beurang kénéh?” Prawira kukulutus bari muka panto mobil.

“Geus beunghar hayang kénéh dahareun jalma miskin. Batur mah kahayang téh apel merah atawa buah-buah impor nu séjén. Duh kamana néangananya?” Prawira masih can eureun kukulutus.

Wanci geus mimiti maju kapeutingnakeun. Keur ukuran lembur di rada pasisian mah geus meujeuhna salaré barudak. Arloji mahal meunang pangmeulikeun babaturanna ti luar negeri  nu ngajembléng na leungeun kénca Prawira nunjukeun jam satengah salapan. Jangkrik silih patémbalan jeung bangkong sawah nu kahujanan basa saréupna tadi.

Prawira ngajalankeun mobil geus aya kana sapuluh kilométerna, barang nu ditéangan masih can kapanggih. Toko nu nu dituju téh kabeneran tutup. Prawira muter arah rék mulang deui.

“Duh pasti hanjelueun pisan pamajikan téh lamun teu meunang.”

Prawira ngalaunkeun mobil di hareupeun warung kopi. Kaciri aya tulisan “Sedia Karedok Leunca & Soto.”
Dina émpéranna kaciri aya sabaraha urang warga nu keur maraén gapléh. Reg mobil eureun. Nu keur maraén kartu gapleh eureun sakeudeung ningali mobil nu ngarandeg,  tuluy jarongjon deui gapléh. Sora kartu nu ting jareplak nyorang palupuh awi patémbalan jeung sora musik dangdut tina radio nu sorana geus rada sembér.

“Géngsi ah lamun barang beuli di tempat nu kieu. Piraku jalma beunghar asup ka warung kopi leutik.” Prawira teu jadi maéhan mesin mobil.

“Urusan ka pamajikan mah kumaha engké.” Prawira ngahuleng mikir néangan alesan.

Gerbang imah Prawira geus katingali kasorot ku lampu mobil. Karék ge rék mencét klakson ménta pangmukakeun gerbang, HP-na nyora aya SMS : “Kang, kadé sing meunang leunca téh !”

“Beu..piraku paséa lantaran leunca…” Prawira muter stir deui nuju ka warung kopi nu tadi.

Teu kacatur lila di jalan, Prawira geus tepi.
“Pa, naha tadi teu janten mung lirén sakedap?” Salah saurang nu keur gapléh nanya.

“Teu kunanaon.” Prawira ngabéléhém rada kaéraan, terus nyampeurkeun nu boga warung.

“Peryogi naon Pa?” Nu boga warung daréhdéh.

“Aya kénéh leunca atah, Mang?”

“Aduh kaleresan dinten ieu mah teu icalan karédok leunca da pun bojo nuju kirang séhat. Sanés tadi Bapa téh nu lirén sakedap payuneun warung téa? Tah pami lungsur mah aya samangkokeun deui mah. Éta ge leunca pamasihan tukang sayur, Ki Sajum. Leunca sésa nu teu pajeng rupina mah. Tah tadi pas Bapa mangkat téh aya tatanggi nu nyuhunkeun. Janten wé ayeuna teu gaduh leunca sapanon-panon acan.” Nu boga warung nerangkeun panjang lébar.

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora