Suaban Mawa Mamala

0 0 0
                                    

Ti sore keneh geus saged. Pakakas lintar disiapkeun sapuratina. Tadi beurang meunang uter jengkol pamere Mang Aep. Deuh moal teu keuna upama dipake nyenggal peuting engke. Teu poho Kang Ojak diharewosan, bada Isa diajak nyungsi saban leuwi.

"Jung...! sing betah di leuwi teh, sakantenan nyandak bantal supados tibra," ceuk indung budak nyungkun, nalika kuring jeung Kang Ojak rek bral miang.

"Rencang kulemna candak tong?" tembal kuring. Orokaya ditampa ku paroman cua, baketut haseum.

"Keukeupan we jurig leuwi!" Kituna teh bari ngajengkat. Kang Ojak teu wani mairan, dalah di imahna oge remen kabandungan kajadian sarupa kitu.

Mimiti turun di Leuwipari, senggal can aya nyorang. Sajam ti harita pindah ka Leuwikopo, eupan can keneh aya nu ngambeuan. Lauk suwung lodan teu aya, kateuing kamarana.

"Pindah ka Leuwibedul Jang, sugan we bedulna nyangut." Kadenge Kang Ojak ti beh ditu, handapeun tangkal waru. Lantaran poek, nu katara ukur sora jeung meletengna tungtung udud.

"Ulah sok suaban atuh Kang, pan ieu teh peuting." Najan enya hate mah mentegeg, tapi ngucap aral mah kuring mikir heula.

"Bongan tuda meni jempling. Di Leuwipari tiis be ku kiciwis, di Leuwikopo kosong, dihakan jurig waru sigana mah!" pokna rada bedas.

"Is...kalah beuki angot Akang mah, hayu ah pindah!"

Di Leuwibedul suwung keneh bae, padahal eupan mah kurang kumaha hade. Caina lumayan kiruh sesa caah, da mangsana usum ngijih. Kapan biasana mah kaayaan sarupa kitu teh ngajurung pisan liarna senggal. Kuring jeung Kang Ojak nagog pagigir-gigir, manco nyanghareupan leuwi, miharep jedudna jeujeur aya nu nyorang.

"Cing...menta lodan pang badagna, mun beunang rek dibawa ka alun-alun!" Sora Kang Ojak handaruan. Ngeuleuweuh ngungkulan seahna cai wahangan meupeuskeun simpena peuting.

"Eeeeh...ari Akang ku keukeuh ngumbar kakeuheul teh. Emut, Kang!" Kuring ngelingan.

"Nyaan aing mah! Sok nyangut nu pangbadagna, digusur ku aing ka alun-alun. Puguh dijieun tontonan, dikarcis sakalian malar aing tereh beunghar."

Kereseeek...kereseeek...! Rungkun eurih luhureun gawir oyag. Gorobas...gobras...! Teu kapireng aya nanaon, tuluy simpe deui.

"Lain hayang bedulna, aing mah hayang laukna...! Sok nu pangbadagna!" Kang Ojak susumbar deui.

Seooot...! Karasa jeujeur melengkung aya nu narik, tapi kuring yakin lain disanggut lauk. Beda, ieu mah euweuh jedudan, sigana Kang Ojak ge ngarasakeun hal anu sarupa. Meh bareng ngenyedkeun jeujeur, ngagulung kenur.

Dina kaayaan remeng-remeng tetempoan teu pati sidik. Tapi bisa dirasakeun tina sora jeung kelemengna beungeut cai wahangan. Nalika leungeun masih pakupis ngagulung kenur. Sora cai anu tadina seah sakuma ilaharna, bet robah ting saleor. Karasa cai leuwi jadi motah. Teu sirikna panon dibelel-belel hayang sidik, sanajan remeng-remeng yakin cai leuwi jadi mulek, tuluy ngubeng siga anu diputerkeun.

Buriaaal...! Ti tengah kubengan, cai anu muter ngaburial, muncugug ngaluhuran. Beuki luhur...beuki luhur..., malah seor sorana beuki atra saperti ngagolakna cai anu ditaheur. Tuluy turun deui, nyingray mancawura ka sabudeureun kubengan cai. Breh kasakseni ku mata buncelik, sanajan remeng-remeng belegbegna katara nyata.

Hiji rupa hulu lauk nyanghareupan kuring duaan, sungutna calangap teu kurang ti sadeupa. Kumisna ting alacir oyag-oyagan, gedena meh sarua jeung jeujeur anu dicekel. Panonna moal kurang ti gedena batok kalapa, herang semu koneng bari gular-giler.

Mireungeuh mahluk sarupa kitu, teu paduli jeujeur dileupaskeun, tuluy malik muru gawir. Kalacat unggah paheula-heula satengah ngorondang, leungeun papuket cacakar neangan pamuntangan. Tibuburanjat satekah polah hayang geura hanjat ka beulah luhur. Anjog katonggoh gancang hudang, meh saber-bereun lumpat.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now