Oray

0 0 0
                                    

Poé ieu, poé nu béda jeung poé nu geus kaliwat. Tangtu béda, sanajan jeung poé nu bakal datang gé. Da teu unggal bulan atuh kadatangan tamu ti dayeuh téh. Tamu agung ceuk urang dieu mah. Malah taun kali gé henteu kétang. Malum lembur singkur, aya dina sela-sela suku gunung téh enyaan. Untungna téh pédah kaliwatan ku jalan désa. Éta gé anyar kénéh bisa diliwatan ku mobil mah.

Tapi lembur ieu téh, kaitung lembur gedé ogé. Nu matak paratokoh masra-katna meredih sangkan ieu lembur téh dijadikeun désa: désa pemekaran istilahna téh. Alhamdulillah, kacumponan. Teu lila gé terus wé atuh milih lurah, dipilih sacara aklamasi. Sarta terus ngadegkeun balé désa jeung sarana séjénna pikeun kapentingan pamaréntahan désa.

Nu poé ieu badé sumping ka ieu désa téh nya éta wawakil ti Bapa Bupati, pikeun ngaresmikeun balé désa anyar sakalian mariksa kamekaran désa pemekaran téa.

Nyaho kitu, désa téh kawas nu rék pésta baé. Jalan désa diberesihan ku cara dibaktikeun. Salian ti kitu, ogé mérésan imah katut buruanana masing-masing. Kabéh boga rasa sieun teu kapaké. Aya alusna, désa téh jadi beresih tur hégar. Mémang ari alusna mah, ceuk Pa Lurah, kituna téh ulah wungkul pédah rék kadatangan tamu baé. Tapi da teu ngabibisani cenah, sagala ogé mikabutuh pangjurung laku. Sanajan nu disebut kasadaran ceuk paribasana.

Atuh ti tungtung lembur beulah wétan nepi ka tungtung lembur beulah kulon, sisi-sisi jalan désa téh kénca-katuhuna dipasangan umbul-umbul warna-warni, dipacorokkeun jeung bandéra. Malah ti tungtung beulah wétan mah, dipasangan kaca-kaca sagala. Dijieunna tina awi haur, dipapaés dipapantes. Di luhurna nganteng spanduk, nu eusina mah ngabagéa¬keun ka tamu. Bubuhan bakal ti beu-lah dinya sumpingna tamu téh.

Komo di palebah balé désa mah - nu perenahna di tengah-tengah lembur, sisi jalan désa, dihias ku keretas warna-warni, sabangsa lampion jeung nu séjénna. Atuh di buruanana, ti isuk kénéh gé jelema téh geus tinglaliud. Komo nu ngaradon dagang mah, ti sabarang srangéngé meleték gé geus nyarampak. Malah ti peutingna kénéh ogé geus nyampak, geus dadasar.

Beuki beurang, nu datang téh beuki merul baé.

Katingali Pa Lurah ngajanteng dina lawang balé désa. Rét kana érlojina, pukul satengah sapuluh.

“Tabuh sabaraha saurna, Pa, tamu badé sarumpingna téh?" Jurutulis nanva, terus nangtung gigireun Pa Lurah.

"Paling gé antara pukul sapuluh-¬sabelas. Da ka kacamatan heula, ti dinya kakara ka dieu disarengan ku Pa Camat,” témbal Pa Lurah. “Pék wé itung, mun ti dituna pukul tujuh téh, pukul salapan kudu geus aya di kacamatan. Ti kacamatan ka dieu, itung sajam lalampahan wé. Nya antara pukul sapuluhan lah pikadieueuna¬na téh. Boa teuing kétang, ayeuna gé geus aya di kacamatan."

"Kitu gé upami tabuh tujuh ti dituna, sareng upami teu aya halangan nanaon di jalanna."

"Nya mudah-mudahan wé atuh, Ulis. Mangka munggaran pisan urang rék kasumpingan pajabat téh. Nu matak kudu enya-enya gé, kudu némbongkeun hormat jeung kasatuhuan urang ka nu jadi pingpinan. Ambéh teu hésé mun aya itu-ieuna. Pan engkéna mah keur urang-urang kénéh baé, lin?”

"Leres pisan éta téh, Pa Lurah.”

Keur kitu, ti beulah kulon jelema katémbong tingrariung. Terus arindit muru tungtung lembur beulah kulon. Kawasna aya béja nu matak ngahudang kapanasaran. Béja pabéja-béja, uratelan ka saban jalma. Bring atuh jelema téh nuturkeun nu geus indit ti heula. Sanajan henteu kabéh indit éta gé, tapi jelema di buruan balé désa téh jadi coréngcang.

Ronghéap Wakil.

"Aya naon cenah, Pa?" Pa Lurah mariksa ka nu anyar datang.

"Aya oray saurna mah."

Carpon SundaTahanan ng mga kuwento. Tumuklas ngayon