Peti Panyinglar Pati

0 0 0
                                    

Sora sapatu tingkedepruk di buruan. Tinggareblig, meupeuskeun tengah poé anu simpé. Taya geusan pakumaha. Di imah ukur tiluan; manéhna, budakna nu cikal, katut orokna nu karék sababaraha poé gumelar nyeuseup éndahna alam pawenangan.

Manéhna mingkin ngarasa honcéwang, basa anu di buruan mingkin haliwu. Lalaunan ngalésotkeun anu ngagantél dina dadana. Orokna can pati tibra. Katara biwirna masih kumat-kémot hayang kénéh nyusu. Sukuna roroésan, leungeunna ngopépang néang haneutna tangkeupan anu jadi panyalindunganana. Sakedapan bujur orok dikepluk-kepluk kebek kaasih. Teu lila orok ngageubra.

“Ambu, di luar seueur prajurit ngepung bumi urang....” Anak awéwéna ngaharéwos. Manéhna mingkin tagiwur. Palangsiang pangagung geus ngangseu yén di imahna aya orok lalaki nu karék gebrol. Pasti para prajurit di luar rék ngarogahala anakna, boa-boa orokna poé ieu pinanggih jeung pati.

“Hidep masing tibra, di luar aya prajurit dolim, hampura ku ambu disumputkeun heula. Anaking jimat awaking, masing anteng ulah rék geruh, Deudeuh....” Pipina anu camihmil semu beureum diusapan. Kawas anu ngarti kana haréwos indung, orokna ngarenyu imut.

Lalaunan peti ti kolong ranjang dikaluarkeun. Ati-ati pisan manéhna nunda orok nu dibedong dina peti. Rup simbut kandel nyimbutan awakna. Laju petina ditutupkeun. Tina liang hawa, samar katempo beungeut budak kasép pikalucueun. Haténa ngarakacak, melang ku kaayaan, bet dikersakeun gumelar di nagri angar. Tapi geuwat manéhna sisinglar. Manéhna kudu teger nyikepan balai  nu kiwari nampeu hareupeunana.

Ngahaja nunda peti leutik di kolong ranjang téh, pikeun sasayagian kasalametan orokna. Manéhna geus loba mireng béja, sakur-sakur aya anu lahir orok lalaki, pasti langsung dikaniaya raja nu keur kumawasa.

Nu matak manéhna geus sasayagian keur nyumputkeun orokna. Lamun aya anu nyurigakeun datang ka imah, orokna rék  disimpen dina peti, tuluy ditalian petina, laju diturunkeun ka walungan handapeun jandéla. Sanggeus kaayaan aman kari narik talina metot peti nu ngapung na beungeut cai handapeun imahna.

Di luar nu ngagedoran panto mingkin maceuh, gorowokna handaruan matak sebér. Tingbeledug sora anu najongan panto. Dina adeg-adeg hiji indung anu tanggoh, manéhna ngagerenteskeun dunga malah mandar  Nu Maha Welas Asih nangtayungan beubeulahan nyawa puputon atina.

“Bismillah, mung ka Anjeun, Gusti, abdi nyuhunkeun pitulung, paparin abdi sareng pun anak kasalametan....”

Manéhna teu galideur. Sot, peti diturunkeun ka walungan handapeun jandéla. Sanggeus pangrasana merenah, tali peti dikaitkeun kana palang dada. Jandélana ditutupkeun. Manéhna ruménghap, miceun kamelang nu pohara. Dadana asa ditindihan beungbeurat anu kacida. Cimata ampir bedah dina kongkolak panonna. Manéhna rumahuh miceun bangbaluh.

Gék diuk dina pasaréan. Paroman neger-neger karep sangkan teu katara geumpeur ku nu mariksa.

“Gancang buka pantona, mun teu dibuka ku aing didobrak!” Panto ampir rujad. Budak awéwéna lumpat muru panto. Bray, para prajurit dolim samagréng maresat pedang. Paromanna pikagimireun.

Teu nolih pribumi anu ngayekyek kabur pangacian, prajurit  ngangseg arasup ka imah. “Béjana di dieu aya orok lalaki, di mana disumputkeunana ku sia?” Prajurit nu pangperengesna ngahaok ka manéhna nu tumungkul meper ratug dina jeroeun dadana. Anak awéwéna ngeleper di juru kamar, binarung mapatkeun pangdunga, mugia adina aya dina panangtayungan Nu Maha Kawasa.

Prajurit mariksaan unggal rohang taya anu kaliwat. Parabotan dijungkat-jungkatkeun, barang-barang anu dicuriga dipaké nyumputkeun orok, dibalang-balangkeun. Tapi di  mamana teu manggih orok anu ditaréanganana.

“Euweuh, hayu neruskeun hanca patroli!” Pokna saurang prajurit ka babaturanana. Katempo beubeungeutan ngaremu kakuciwa  alatan teu hasil maksudna.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now