Ganggarangan Welas Asih

0 0 0
                                    

Duka naon sabab alesannana manéhna maké inget kana ganggarangan. Enya apan, jigana, ngarasa rumasa lain warga urang kota. Lain asli dilahirkeun di kota. Tapi, manéhna mah lahirna jauh di pangungsian. Cenah, ceuk kolotna lahir keur jaman ngungsi. Di kampung sisi gunung, sisi Walungan Cipalebuh. Manéhna gé ngarasa héran. Da, taya bukti tinulis. Dina KTP, taya kecap anu nuduhkeun, mestikeun yén lembur Nenggéng téh kungsu jadi pangungsian keur jaman Jepang harita. Kitu, ceuk indung bapa, mun keur ngobrol ngariung kulawarga. Cenah, éta lembur téh jauh ka sisi gunung. Aya di sisi walungan. Apan, urang mah hirup jaman béh dieu. Éta kecap “ganggarangan” téh geus tara kaucapkeun jiga kumaha satona, jeung kumaha wangun awakna. Enya, masing disebutkeun satona sabangsa méong leuweung galak kana hayam. Aya deui katerangan, sabangsa méong leuweung. Tuh geuning, naratay deui anu kudu dimaknaan ari méong naha dulur ka maung.

Ganggarangan téh galak kana hayam deuih. Ah, urang papandékeun baé aya hiji watak jalma kawas kitu. Teu kudu dibéjakeun atawa dihartikeun kalawan jéntré. Nya, atuh supaya jéntré urang maknaan sacara bébas baé.

Ganggarangan apan kaasup sato galak anu sok ngarogahala, atawa ngahakan hayam. Ari hayam, apan sato anu teu walakaya mun diserang ku ganggarangan. Sakuat-kuatna bisa ngejat, bisa ngagarapak, tangtu baé méméh ngejat hiber téh kaburu disantok, dihakan diburak- barik.

Kaayeunakeun, di pilemburan anu masih natangga jeung leuweung mah jigana, ganggarangan masih kénéh aya atawa henteu. Kawasna mah ku ngaranna ogé geus loba anu teu mikawanoh.

Leuweung geus loba anu dibukbak, dihuru. Tempat panyumputan sato téh geus loba anu teu buni geusan nyamuni. Boa, lila-lila mah loba sato anu maturan hirup jalma di dunya beuki ngurangan. Atawa, musnah kalawan teu kaburu wanoh jeung manusa. Leuweung dihuru, ruyuk diduruk. Paninggaran ogé nyonyorén bedil, néangan sato nu butuh panyalindungan.

Tah kitu nya béjér béasna mah. Aya sato anu ngaran ganggarangan, sok ngerekeb hayam. Éta kanyataan ayana sato galak jeung hayam minangka makhluk anu lemah. Lemah téh sok éléh dikerekeb ku sato anu leuwih galak. Tah, kitu lamun téa mah ieu carita rék kitu pandéna.

Haté ganggarangan, lain ukur jigana atawa semet aya. Tapi, enya ayana dina hirup kumbuh sapopoé. Pék baé ku salira saliksik geura. Tapi, kuring gé arék sasadu heula ka si ganggarangan téa. Apan, saganggarangan-ganggaranganna ogé sok aya baé haté hadéna. Bisa jadi si ganggarangan kungsi “trenyuh”, manéhna ngabéla jalma anu geus teu walakaya ngahayoh dipacileuh ku jalma pangkatna, jugala posisina. Tah, anu kieu mah mindeng katohyan.

Lamun téa mah “ganggarangan” sakapeung mah bisa kacida nyumputkeun semu ku hadéna, atuh si hayam téh pada-pada ariceus gancang midekrab.

Da, tapis pisan dina gaul, geus kacida lihéyna. Kumaha “menata” situasi, “menata” naon kabutuhna “si hayam” anu baris dikerelebna. Nya atuh, “si hayam” téh kacida “iceusna”. Iceus nyanghareupan “si gangga” anu soméah tartib pamolah. Sasatna, unggal rénghap kabutuh si hayam téh teu weléh kacumponan.

Watek “si gangga” (ngaran hayamna) mah lantip, lemah lembut, soméah. Di mana si hayam aya kabutuh téh méméh kedal geus kajadi paniatannana. Puguh baé si hayam asa diperhatikeun kabutuhna. Geus iceus lindeuk kacida.

Ku nempo warugana “si gangga” mah apan sukuna ogé aya opatna. Anu kacida wewegna. Weweg keur nangtung, boh weweg keur lumpat. Perkasa lah. Sedengkeun, ari “si hayam” apan sukuna ogé atuh ukur ngan dua. Jeung, henteu weweg kawas “si gangga”. Sok sanajan kitu apan “si gangga” mah kacida kabungroyna. Sakalieun aya ngulampreng téh kumétap hayang laku ngarekeb.

Tapi, sok sanajan “si haya” katempona rangonye, teu salilana éléh teu walakaya. Bisa ngagarapak bari ngékéd ngautkeun kukuna. Ari sababna mah “si haya” nyaring siih atina. Ngagarapak sakalian némbongkeun jati dirina.

Ti béh ditu nepi ka wangkid ayeuna gé lalakon téh modélna pan teu weléh sarupa kitu. Antara anu kuat jeung anu teu kuat, anu beunghar jeung anu kurang beunghar. Kitu deui, di tempat pagawéan. Anggaplah pingpinan hiji kantor “pemegang” kuasa jeung kawijaksanaan bisa teu walakaya jang bawahan dina nyanghareupan dunungan mun ngajak turni, upamana. Kitu deui, mun bawahan geus ngarasa “ditulungan”, “diperhatikeun” ku nu boga kawijaksanaan. Moal deuk wasa mangloh. Eukeur mah suka kana perhatian husus. Nya, kitu atuh. Jigna mah kana si gangga jeung si haya téa. Nya teu nanaon, apan rido. Jeungna, taya anu rugi jeung ngarasa dirugikeun. Malah, nya kitu romantisme pergaulan. Tapi, sok sanajan...

Nu ieu mah simbiosis mutualistis. Mun téa salah tafsir, atawa salah harti cara gaul anu saling téa. Silih perhatikeun, silih ngajaga profesi, silih ngajaga harga diri. Mun, mun di tempat umum, silih ngajaga moral. Bongoh mah bisa baésilih-silih téa.

“Ganggarangan welas asih”, sakapeung diparengkeun boga sipat jiga kitu. Ganggarangan, ngaran sarupa kitu, ceg baé pikiran téh nyindekkeun. Boga sipat galak, kereng, “sadis”, jeung boga pangawakan, tareuas, gede tulang.

Éta, ari kasedep geuning kana hayam anu hipu nyeleduk. Keur budak lalaki, baheula di kampung dina hajat nyunatan téh sok aya bakakak hayam ditiir maké tusukan awi sagedé curuk kolot.

Sipat si ganggarangan “jadi-jadian” mah, sok resep “bakakak” “hayam” di restoran ayam bakar. Meuren minangka nostalgia kana mangsa bakak hayam keur disepitan. Bari jeung nempo si haya téh apan anu batur, pédah rék atawa mulang tarima kana kabageurannana, kana kahadéan si gangga baé. Minangka mulang tarima.

Ahirna mah “kahadéan” téh ditarima sacara lungsur-langsar. Moal boa “si haya” ogé, hayang deui hayang deui. Bisa jadi aya mangsa ngarep-ngarep panggero jeung pangajak anu welas asih.

Ganggarangan téh hiji sato leuweung sabangsa méong anu kacarita galak kana hayam.

Teng, atuh bet kalah mikir. Mikir, salian ieu palataran dunya anu ublug-ablag paragi ngencarna rupa-rupa sato galak jeung sato-sato anu lalindeuk, ariceus. Geuningan, ari seuhseuhannana mah kacida pagilinggisikna dua watek, atawa “dunya” anu kasebut luhung élmu pangaweruhna, gedé pangawasana, jeung anu teu daya upaya. Ari dina seuhseuhanana mah, bisa lakur. Éstu karep ku niat. Dina sato anjing jeung ucing, careuh jeung hayam, maung jeung mencek.

Éta sakabéhna nyampak dina sato. Sagalak-galakna ganggarangan anu kabeukina hayam ogé geuning ari geus, eukeur akur mah, “si gangga” jeung “si haya” ogé alakur baé. Silih pikabutuh. Moal boa, si haya ogé boga rasa “sono” hayang dikerekeb lalaunan. Nineung. Sok katangén di buruan aya anak ucing diheureuyan ku anjing. Mani kawas anu sono. Si sato anjing, api-api ngégél bari teu eureun lulumpatan. Kitu jeung kitu baé geuning.(*)

#Ano Karsana

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora