Implengan Ningnang

0 0 0
                                    

Taya sasaha. Simpé. Stasion karasa nyenyep.
Bangku-bangku péron ngabagug. Towong ku nu ngadongdon. Hareupeun lokét, teuing ku lénglang. Ti tatadi, ti kamari, ti mangkukna, ti minggu kamari, taya patugas nu mancén gawé. Pulisi jeung intél teu deui ngulampreng deuih. Di dieu, di stasion ukur kuring sorangan.

Tapi karéta nu didago can baé datang. Kesel. Mun teu diuk na péron, nyarandé kana tihang. Atawa neuteup deui jam dingding nu jarum-jarumna ngabigeu teu daék laju. Kitu jeung kitu.
Rét deui kana jam nu ngadaplok. Sakapeung sok banget miharep, jarumna ngadadak usik. Meureun lipur, aya batur keueung. Tapi henteu. Jarum jam ngajeten baé. Angin deuih, bangun nu tara nyaba ka lebah dieu. Taya kalakay nu marurag. Tatangkalan lir taya kasukaan ngusik-ngendagkeun daunna. Betah baé, ngabigeu saendeng-endeng.

“Aya korék?”

Gebeg! Pulisi kitu? Teu apal ti mana holna, manéhna ujug-ujug geus aya di dinya. Lalaki sapantar kuring. Beungeutna teu pati sidik. Intél boa?
Kuring uyup-ayap kana saku. Da puguh geus lila teu udud. Nu nanyakeun korék téh ukur wasa dipersabenan.
Ku sarérétan gé karasa teu soméah. Teugeug, teu rengkuh-rengkuh acan. Boa enya intél. Lah.

“Dagoan baé, moal teu datang geura,” pokna bangun nu engeuheun mun kuring geus lila ngadago karéta, “Ti beulah ditu biasana mah ngurunyungna téh.”

Wani sumpah, nanyakeun gé henteu! Tapi manéhna miheulaan ngawalonan kana kahémeng nu nyangkaruk jero dada. Saha? Boa enya intél?!
Padahal teu poék-poék teuing, tapi beungeutna can kénéh baé sidik. Dudukuyna méh nutupan kana beungeutna. Jubah hideungna deuih, ngarungkupan saaawak. Sambléhna baé salaput beuheung.
Enya. Saha téa manéhna téh?

“Kuring gé baheula kitu, lila ngadago cara di dinya,” pokna deui bari gék rada anggang ti kuring, “Geus manjing kana waktuna mah, moal burung ngurunyung.”

Tina lentongna mah asa lain intél. Tapi saha? Bet manéhna kalah miheulaan deui nyarita.

“Sakapeung sok hayang mulang ka alam baheula,” tuluyna téh, “hayang meuseuh diri. Migawé kahadéan. Kasiksana mah ayeuna boga kalakuan nu kulawu téh. Bayeungyang tangka nyongkab. Boa enya seuneu naraka, héabna geus ngaléntaban tepi ka lebah dieu…”

Seuneu naraka? Kasiksa?! Kop kana dudukuyna. Lalaunan tuluy dibuka. Katémbong lebah tarangna aya tapak tatu, hideung sakuku jempol. Lebah palipisna deuih, aya nu ngageleng siga tapak ngadék. Kuring gé boga céda tapak bedog lebah palipis, sésa tarung jeung si Rokiman, jéger pasar. Tah ieu, karasa ngageleng kénéh. Untung teu keuna kana panon gé. Bedog si Rokiman basa diheumbatkeun téh bisa katéwak. Geus kacekel mah, asa laluasa ngahanca lebah dadana. Kecrék baé kana beuheungna. Ngajurahroh kana susukan. Si Rokiman teu mangga pulia.

Kalakuan kuring gé kulawu! Pamajikan kungsi ngélingan sangkan ngeureunan kalakuan nu kurang hadé. Sing éra atuh ku batur, pajar téh. Ah!

“Teu betah saenyana mah hirup jumago téh,” rét manéhna ka kuring. Tatu hideung lebah tarangna nu sakuku jempol rada ébréh. Geus kitu mah, bat deui paneuteupna teuing ka mendi, “Saban poé asa diuudag ku musuh jeung kabaluas. Éra deuih ku pamajikan.”

Pamajikan?! Teu nyangka bet siga kuring baé, manéhna cenah ngarasa éra ku pamajikan! Duméh hirupna kulawu?
Ah. Inget baheula keur jadi supir. Kungsi boga dunungan pikasebeleun. Keuheul, teu cara ngala tanagana. Témpo mayar gajih, rudet kabina-bina. Jaba sok sentak-sengor. Samarukna aing teu wani. Maenya nitah nyokot émbér keur ngumbah mobilna, tutunjukna ku cokor onaman. Nasteung nyaanna gé. Untung bisa kénéh nyabar-nyabarkeun manéh.
Teu ukur dikitu-kitu. Mun kuring elat meueusan barang gawé, tara sakali dua kali ngadegungkeun. Mun henteu dunungan, nya badégana nu hahaok téh. Cuih! Asa ngaleuwihan dununganana baé, lian ti nunjuk ku cokor jeung dugang-degung téh, sok bari jeung poporongos sagala badégana mah.
Dagoan siah koplok, sageuy aing gé teu wani onaman?

Carpon SundaWhere stories live. Discover now