Ratu Siluman Oray

0 0 0
                                    

Kasangsaraan hirup anu panjang, kanyeri kapeurih anu lir taya tungtungna, lieuk euweuh ragap teu aya, budak remen ceurik nahan lapar, pamajikan mindeng rambisak, nganaha-naha, bet hirup pinanggih lara sangsara. Nyeri, hate rajet asa disasaak, jiwa mangprung kumalayang mapay-mapay panglamunan anu can puguh dimana eunteupna, bingung, liwung.

Rek menta tulung menta tulung kasaha, da puguh cukleuk leuweung cukleuk lamping, aya oge dulur di kota lain pentaeun jalma masakat, sabab dulur-dulur jareneng jadi menak, beurat beunghar lubak-libuk loba harta. Kahirupan urang kota ieuh loba anu araraneh, imah ublug ablag lega, kamarna pabalatak, tapi lamun kadatangan semah urang kampung, imahna ngadadak ngariut ngaheureutan, beda jeung urang kampung, imahna heureut leutik, tapi lamun kadatangan tamu, eta imah anu tadina heureut bet ngadak-ngadak ngalegaan.

Ku terus ngungkung kabingung jeung loba barobeda pikir, antukna jiwa teh bobor karahayuan, kaludeung ka teuneung dina nyanghareupan hirup ilang musnah tina pangarasa, antukna jadi kaeunteupan gindi pikir, lat poho katemah wadi lali ka purwa daksi.
Buleud patekadan seja neangan dunya barana pikeun ngarobah hirup, geus gilig ati rek tapa ka gunung sugan panggih jeung anu bisa mere harta banda anu loba, rek siluman ke, rek bangsa jin teu paduli, asal bisa mere harta banda anu loba rek di sorang bae, kitu patekadan harita, kawas anu enya.
Nitih wanci nu mustari nincak kana mangsa nu utama, rebun-rebun keneh geus nyulusup ngasruk diantara rungkun-rungkun nu tingrunggunuk baseuh ciibun, srog anjog ka pileuweungan nu paroek caneom, areuy-areuyan rambay tina dahan kiara anu nya jangkung nya badag ngarampidak, sora turaes nyengsreng matak keueung matak maruringkak bulu punduk, beh handap cai walungan herang ngagenclang, lauk beunteur ting kucipak ka hilirkeun ka girangkeun, jujukutan jarangkung bala disisi gawir nu lungkawing.

Luak-lieuk, rarat-reret, breh beulah tonggoh palebah mumunggang aya padataran bolenang, sisina tingjalugrug batu sagede-gede leuit, padataran iuh linduh ka payungan dangdaunan nu keur meujeuhna hejo ngemploh. Dina sela-sela batu diuk sila merenahkeun diri, ngarenghap panjang ngareureuhkeun jiwa, mupus sagala barobeda pikir anu matak ngaganggu kosentrasi. Luk tungkul panon dipeureumkeun pangrasa dihirupkeun, sagala kabisa diwatek diamalkeun, jumerit maratan langit, sukma kumalayang mumbul ka elak paul, neang pangharepan.

Jempling, diri ngaheneng ngaraga meneng diantara hiliwirna angin gunung nu nyecep tiis kana sungsum balung, renghap halon, jantung lir eureun endagna, bibilasan. Teu kanyahoan ti dituna, ujug-ujug aya angin puyuh ngagelebug muter palebah eta padataran, leungit angin puyuh, janggelek hareupeun titingalian teh aya wanoja dangdanan putri raja, jangkung lenjang dikabaya panjang nganggo sinjang rereng gading, nyampeurkeun ngadeukeutan.

"Kang gugah kang".

Lir koneng katetesan apu, panon lalaunan dibeuntakeun, ari breh, luncat bakat ku kaget, panon bolotot sungut molohok ngembang kadu, luak lieuk bari garo teu ateul kawas jalma kurang saeundan.Nu tadina batu taringgul, nu tadina leuweung geledegan, robah jadi gedong sigrong, buruan lega pinuh kurupa-rupa kembang nu keur mangkak bareukah, seungitna ngahiliwir angin-anginan. Leuwih kaget deui dina teras gedong bet aya putri geulis camparenik, kulit hejo carulang, cangkeng lengkeh lir papanting, rarayna lir bulan purnama, ah geulis lain pupulasan.

"Beu, ieu kula aya dimana." Hate pinuh ku pananya.

"Wilujeng sumping Kang." Bet eta putri geulis teh ngabageakeun ku sora anu halimpu di barung imut ngagelenyu, socana seukeut nembus jantung nu ngadak-ngadak motah, teu puguh wirahma.

"Eu anjeun saha, jeung kuring aya dimana." Najan ketug jantung tutunggulan maksakeun tumanya ka putri geulis nu nyantong hareupeun.

"Abdi anu katelah Diah Pramanik, akang nuju aya di karajaan Giri Manggala." Nu geulis teh ngajawab daria dibarung ku imutna anu kareueut, sakapeung panonna mencrong kawas anu nyidik-nyidik kana tantungan diri.

Carpon SundaDove le storie prendono vita. Scoprilo ora