Kawat Kawat Kacapi

0 0 0
                                    

Saban ngaliwat ka éta jalan, jalan parapatan di puseur kota, si Aki sok kasampak keur ngajentréng. Bari ngahaleuang. Lain kuring baé nu manggihan manéhna keur ngacapi téh. Nya tangtu saban nu ngaliwat ka lebah dinya, bakal manggihan si Aki nu keur ngajentréng bari ngahaleuang.

Aya nu saukur ngarérét ku juru panon, teuing katajieun teuing héran. Aya nu nu ngadon sélpi, latar tukangna si Aki nu keur ngacapi. Aya ogé nu ngupah, ngagubragan récéh, kana kaléng nu ngahaja disadiakeun ku si Aki. Tangtos wé nu langkung seueurna mah nu apilain. Boroampar kana ngahaja ngadadangukeun.

Manéhna, si Aki téa, sila andékak bari anteng ngajentréng. Ukur kacapi. Kacapi indung. Teu aya nu ngalokan ku kacapi anak. Teu aya nu nyuling. Teu aya juru kawih awéwé nu ngahaleuang. Ku sorangan wé, nya manéhna nu ngajentréng, manéhna nu mirig ku haleuang. Haleuang has cianjuran. Nu dihaleuangkeunana aya Bulan Tumanggal, Jemplang Karang, Ceurik Rahwana, atawa Papatet.

Ngan jigana téh teu aya nu eungeuheun kana éta haleuang, salian ti si Akina sorangan. Éta wé buktina, jiga nu teu katarajieun ku jentréng kacapi si Aki téh. Teu aya nu daékeun ngareungeu kana kawihna. Budak sakola nu ngaraliwat, tara-tara acan nu pirajeunan ngaméra, ngajeprét ku hapé, langsung diaplod. Teu. Teu kaharti meureun, bororaah hayang miralkeun nu kararitu. Komo kana hayang nurutan mah, kana hayang diajar mah ka si Aki.

Sakuringeun, ari pareng miang ka puseur kota, sok ngahaja calik gigireunana. Milu mirengkeun. Aya ku genah éta haleuang si Aki. Asa nyerep kana haté. Komo palebah ngahaleuangkeun Bulan Tumanggal. Diregepkeun, dihartikeun: Langit lénglang, padang taya aling-aling, indung peuting nu ngadingding, kasilir... kasilir angin, nu nyaangan, nu nyaangan ukur bulan nu tumanggal.

Leuh, asa manggih naon boa mah genahna téh. Ceuk kuring sotéh, nu mikaresep cianjuran. Pan ti keur sakola kénéh sok disumangetan ku Pa Somad, guru Seni Budaya. "Kudu dimumulé kasenian teh. Komo-komo seni cianjuran. Saampar jagat ukur aya di tatar Sunda. Di nagara deungeun mah euweuh," kitu pokna téh.

"Yeuh, barudak. Anjeun téh seuweu-siwi nu bakal neruskeun tapak lacak perjuangan kolot-kolot aranjeun. Saha nu bakal ngaganti Bapa, nu bakal ngajar seni budaya, salian ti hidep. Kalebet ieu seni cianjuran. Kudu boga karep neuleuman jeung ngamumuléna. Saayeunaeun diajarkeun ku Bapa. Isuk jaganing pagéto mah aranjeun nu kudu bisa ngajarkeun. Sing inget, ieu seni minangka warisan karuhun. Lain ukur milik urang Cianjur, tapi milik Sunda, milik bangsa, milik nagara. Samalah jadi milik budaya dunya. Jadi, anjeun minangka seuweu-siwi Sunda, seuweu-siwi Indonesia, kudu daék jeung mampuh ngamumuléna," kitu amanah Pa Guru Somad.

Kacarios, diéstokeun pisan éta amanah Pa Somad téh. Sakuringeun tapi, nu lain mah duka teuing. Da éta wé saban rék latihan téh loba nu bolos. Nu hadir téh saukur opatan: si Ujang, Kurdi, Kasda, jeung kuring. Si Ujang sok dilatih nyepeng kacapi indung, si Kurdi nyepeng kacapi rincik. Kasda sok dititah nyuling. Ari kuring, da pangawak awéwé, sok dilatih ngahaleuangna. "Sakieu ogé lumayan, Dak. Ari soson-soson mah, bakal jadi lingkung seni anu tanggoh," kitu Pa Somad méré sumanget. Kituna téh lain ukur papaés lambé, tapi jeung ngalatihna. Sina barisa.

Mimitina mah mémang hésé. Tapi balas dikucileng saban poé, ahirna bisa. Si Ujang jadi parigel ngajentréng kacapi indung. Nya kitu deui Kurdi, kana kacapi rincik. Kasda, bari rada-rada males ogé jadi parigel kana nyuling. Atuh kuring, dak dumadak resep jeung bisa ngahaleuang cianjuran.

"Hebat, Euis hébat. Geus cukup keur makalangan di nu hajat. Sora Euis cocok keur cianjuran," kitu Pak Somad ngahatéan.

Kacarios, saban-saban aya pasanggiri cianjuran, sakola kuring sok milu aub. Da diluluguan ku Pa Somad. Sok bungah ari rék diilukeun pasanggiri téh. Rék meunang rék henteu, nu penting miluan. Da seseringna mah meunang. Atuh asa kembung pangambung, bungah ku dua-ku tilu. Pokokna mah banjir pamuji. Dipuji ku bupati, ku kepala dinas pendidikan, ku kepala sakola. Geus puguh ku réngréngan balad-balad mah di sakola.

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora