Kalangkang Poe Isuk

0 0 0
                                    

Biasana, sok rada marahmay ari ngadenge aya nu maot teh. Malah mun kongang mah, hayang surak awahing ku asa dibere milik. Tapi sok gancang nyumputkeun semu. Inggis katohyan ku nu keur manggih karerepet. Tada teuing matak jadi omongna, 'batur keur manggih kasedih, ari ieu kalahka atoh'.

Enya, hirupna teh gumantung ka nu maot. Komo deui ayeuna mah geus cueut ka hareup, geus rerempo, geus teu kaduga balangsiar. Minangka pakasaban sapopoeana teh ukur neangan daun cau, dikompetan, jualeun ka pasar. Kitu oge teu bisa unggal poe, da puguh geus kurang tanaga tea. Atuh hasilna oge seuseut naker dipake hirup teh. Angot saprak pamajikanana gering ripuh mah.

Lebe Oyo. Di lembur Cihaur mah geus moal aya nu bireuk. Purah ngurus nu maot, purah ngimaman tahlil, ti mimiti tiluna nepi ka natus. Euweuh deui kolot anu perceka kana elmu ngurebkeun mayit, iwal ti Lebe Oyo. Najan umurna geus ngagayuh ka 80 taun, najan ngomongna geus balelol, tapi ku urang lembur dipercaya keneh. Pangpangna mah, lantaran euweuh deui kolot nu pangabisana kawas Lebe Oyo. Ari urusan nu maot tea, ceuk urang lembur oge apan puguh tali-parantina, henteu bisa sagawayah dikurebkeun.

Ti ngora nepi ka ayeuna geus cetuk dawuk, pagawean Lebe Oyo teu kungsi robah. Lantaran geus jadi pacabakan tea, atuh sakalieun nganggur teh, sok rada huleng jentul. Da puguh hirupna ukur ti dinya, tina buburuh nguruskeun mayit.

Sapopoena, Lebe Oyo kasebut jalma masakat, teu boga dulur, teu boga anak, teu boga pakaya. Imahna nyangkewok di tungtung lembur, handapeun dapuran haur. Ukur dibaturan ku pamajikanana nu sarua geus rerempo.

Enya, keur ngora mah hirupna henteu walurat teuing kawas ayeuna. Da puguh gede keneh tanaga, masih keneh kaduga naktak-mundak. Ti mimiti kuli nanggung, buburuh macul, nepi ka sok pirajeunan kutrak-ketrek kana batu, nyieun tutunggul atawa tatapakan. Ari ayeuna, basa umurna geus tunggang gunung, taya deui nu bisa diandelkeun, iwal ti ngadagoan nu maot.

Pagawean ngurebkeun mayit teh keur Lebe Oyo mah matak nyambung kahirupan. Upama aya nu maot, meunang tilu bulan bae mah tara susah dahar. Komo upama nu maot kasebut jelema aya. Dina poean bae, ka imahna sok aya nu ngirim bakakak, beas sagantang, deungeun sangu sapuratina. Terus disambung ku tiluna, tujuhna, matang-puluh nepi ka natus. Saban tahlil sok dibahanan sangu tumpeng jeung rupa-rupa kaolahan ti mimiti opak nepi ka tangtang angin.

Urang lembur oge geus arapaleun, ngurebkeun mayit teh lain pagawean enteng-enteng. Nu matak buruhna oge sok rada onjoy. Aya kasebutna, mun salah jajampean dina ngurebkeun, sok kabejakeun aya nu marakayangan. Enya eta oge, ari Lebe Oyo mah tara menta buruh. Pokna teh, ngurus nu maot mah geus jadi kawajiban jalma hirup. Tapi urang lembur leuwih surti, Lebe Oyo teh jelema werit, loba pangabutuh. Nu matak najan Lebe Oyo kekepehan oge, belaan dianteurkeun ka pamajikanana.

Sabenerna mah, Lebe Oyo oge geus cape jadi tukang ngurebkeun mayit teh. Ngan dalah dikumaha deui, da puguh ngan eta-etana anu bisa diandelkeun ku manehna, dina mangsa umur nu geus tunggang gunung mah. Malah, basa aya urang lembur anu pirajeunan hayang diajar tatacara ngurebkeun oge, ku Lebe Oyo dikoretkeun. Magarkeun teh ngora keneh, biheung kataekan, loba pasaratanana, jeung alesan sejenna. Padahal dina enas-enasna mah, Lebe Oyo teh sieun kasoro gawe.

Geus dua taun di lembur teh taya nu maot. Lebe Oyo mindeng huleng jentul bari moyan di buruan. Untung we Pa Erte hade hate, da mindeng kikiriman dahareun. Cacakan lamun euweuh nu haat mah, boa manehna jeung pamajikanana teh ukur bisa nanggeuy gado bari nungguan dapur cambewek.

Minangka usahana teh, neangan daun cau ka kebon. Ukur kalan-kalan bae, lantaran teu kaop leumpang rada jauh, kasakit nyeri cangkengna sok kanceuh deui.

-=oOo=-

Lebe Oyo ngenyot padudanana. Sila tutug, bari melong ka lebah dapuran haur. Bilik nu disarandeanana mani geus ngahelob, da puguh ampir unggal poe diseredkeun ku tonggongna. Asa beuki rumeuk tetenjoan teh. Singhoreng kahalangan ku cai nu ngembeng dina kongkolak panon.

Poe bieu, basa keur nawarkeun daun di pasar, Lebe Oyo disusulan ku Pa Erte.

"Aki Lebe, aya nu ngantunkeun di lembur!" ceuk Pa Erte. Ngarenjag semu bungah Lebe Oyo teh. Ras inget ka pamajikanana, nu geus saminggu ngalungsar dina bale-bale. Hayang dipangmeulikeun ubar cenah. Nu matak rebun-rebun indit ka pasar oge, sugan bae daun teh buru-buru payu, ladangna rek dibeulikeun kana beas, mun aya sesana, kakara meuli ubar. Ari ayeuna, ngadenge beja ti Pa Erte, cenah di lembur aya nu maot. Plong atuh, hatena ngadadak longsong. Kompetan daun gagancangan dijual, sapayuna. Angkeuhan teh, duit buruh ngurebkeun oge, baris cukup keur meuli ubar mah. Dua taun ka tukang oge, sok dibere 20 rebu. Piraku ayeuna angger sakitu onaman.

Tapi basa nepi ka lembur, Lebe Oyo kalahka ngajentul. Teu lemek, teu nyarek. Ngan katara tina panonna aya nu ngembeng. Kabungah anu dibawa sapanjang lengkah teh ukur nepi ka tungtung lembur. Kaganti ku nu nyelek dina tikoro. Singhoreng anu keur digugulung ku urang lembur teh lain sasaha deui, tapi nu nitah mangmeulikeun ubar, pamajikanana pisan.

Sajongjongan mah Lebe Oyo ngahuleng lebah golodog. Teu beunang diajak nyarita. Sapanjang hirupna, kakara ayeuna manehna manggih kasedih anu pohara.

"Uruskeun we atuh ku maneh, Erte!" ceuk Lebe Oyo, sabada leler deui.

"Hih, abdi mah moal wantun ngalalangkungan. Teu aya katiasa, Aki Lebe nu langkung uninga!"

"Cik neangan atuh, saha we nu sakirana bisa ngurus mayit. Asa teu wasa kuring mah!"

"Teu aya nu tiasaeun. Mung Aki wungkul!"

Sajeroning nguruskeun mayit teh, hatena mah teu pararuguh. Katambah cimatana nyarakclakan bae. Nu sejenna oge kawas kabawakeun, da loba nu inghak-ingkakan. Komo dina waktuna ngurebkeun mah, Lebe Oyo nepi ka nyegruk dina tutunggul. Geus puluhan kali ngurebkeun mayit, kakara ayeuna ngeclakkeun cimata dina taneuh beureum.

Panonna melong keneh ka lebah dapuran haur. Seuneu dina padudan geus pareum sorangan. Enya, geuning sakieu cuang-cieungna ditinggalkeun ku batur hirup teh. Batur oge moal bina ti kitu. Tangtu sedih, tangtu ngalimba, sok sanajan dina seuhseuhanana mah geus jadi titis-tulis ti Manten-Na.

"Atuh meureun kacida salahna, boa jadi dosa nu pohara gedena, pagawean aing nu katukang-tukang teh. Batur mah keur sedih, ari ieu kalahka bungah, da puguh rek nampa rejeki. Boa rejeki anu didahar ku aing jeung pamajikan teh lain rejeki halal, tapi beunang meres tina kasedih batur," Lebe Oyo gegerendengan. Tapi ketang, ceuk gerendengna deui, can tangtu ditarima eta rejeki teh lamun hirupna sarwa cukup mah. Ieu mah apan ukur keur numbuan hirup ti poe ka poe.

"Aing oge salah deuih, naha elmu ngurebkeun mayit henteu diturunkeun ka batur. Padahal apan loba nu hayangeun. Kumaha lamun anu maot teh aing sorangan, saha nu rek ngurusna?"

Lebe Oyo cengkat. Koreleng ka pipir. Panonna nyerangkeun ka landeuh. Katembong keneh rentulna batu sapanjang walungan. Jalan satapak pungkal-pengkol meulah pasawahan.

Isukna, Lebe Oyo katembong aduregeng manggulan batu ti walungan. Mani bangun ripuheun naker. Batu teh dikumpulkeun di buruan, terus diketrekan dijieun tutunggul. Aya oge nu dijieun tatapakan, coet, lulumpang, jeung barang-barang tina batu sejenna.

Basa hiji poe Pa Erte ngaliwat, ku Lebe Oyo digeroan.

"Erte, bejakeun ka urang lembur, kuring mah geus moal ngurus deui mayit. Ngan bisi isuk pageto kuring maot, omat panguruskeun ku sarerea!" pokna. Pa Erte tibang kerung. Tapi terus unggeuk bari ngaleos.

Meunang sababaraha poe mah, ti lebah imah Lebe Oyo sok kadenge sora nu ngetrekan batu. Beurang peuting taya eureunna. Ngan poe tadi, eta sora teh geus henteu kadenge deui. Malah terus jempling nepi ka poe isukna. (*)

#Dadan Sutisna

Carpon SundaDove le storie prendono vita. Scoprilo ora