Bisi

1 0 0
                                    

Carangka geus kosong, kari arit we jeung timbel sesa. Dibawa soteh lebar, sanguna deuk diparabkeun ka hayam.

"Saha tateh di pipir?" sora Ema ti dapur.

"Uing, Ma!" tembal teh bari kop kana arit. Pek diselapkeun dina bilik luar, parantina. Bungkus timbel, ah dibawa ka buruan hareup.

"Kabehkeun we parab teh, Sujang! Karunya domba teh lalapareun!" ceuk Ema bari ngelol ti lawang dapur.

"Enggeus!" tembal teh ngingkig ka hareup. Hayam inguan keur ngaroreh pepelakan. Baku ari geus kokoreh teh. Mana meujeuh Si Apa sok ngamuk ge, pepelakanana diacak-acak. Ari di kandangan wae karunya ingon-ingon teh.

Nempo ringkang kuring, hayam ngabreng nyalampeurkeun. Wurrrr, sesa timbel teh diawurkeun. Mani recok, parebut. Kuring cingogo, gep kana hayam sasapihan, huluna diusapan. Kasep hayam teh! Buluna herang. Komo meureun mun tara kokoreh dina taneuh mah. Hayam teterejelan hayang leupas.

"Sujang! Tadi bapa maneh talatah, pangmawakeun bubu cenah deuk ditaheunkeun!"ceuk Ema bari noel taktak.

"Ngecrik Ma Si Apa teh?" kuring malik nanya, hayam sasapihan dileupaskeun deui.

"Enya, sugan aya hurang cenah!" tembal Ema ngingkig ka hareup.

"Kamana, Ma?" tanya teh.

"Deuk meuli heula samara, keur mais udang. Deuk sakalian menta daunna ka Nyi Momoh. Kade deuih, Sujang, pangnempokeun hawu!" ceuk Ema, terus ngingkig.

Kuring ngaleos ka dapur. Leuh, enya we seuneu teh meh pareum. Geuwat ditambahan deui suluhna bari dibebener ulah sina patumpang tindih.

Kepoh, kepoh ditiupan make songsong. Ukur dua kali niup ge ngagear da puguh regang awi gararing. Mani ngabebela hurungna. Cai dina seeng nyengsreng deui. Selengseng seungit tarasi, mani melenghir. Panon hideng nempo tarang hawu, hih, paingan atuh aya tarasi sagede indung suku geus meh garing da mani karoneng. Beuteung ngerebek. Hih, na bet lapar deui? Ret kana dulang, ning dieusi sangu haneut. Pantesna mah meunang ngakeul da geus dibuleudkeun luhurna. Leungeun hideng ngarongkong piring seng tina boboko gigireun hawu. Kerewuk nyiuk sangu sacukil metung. Tarasi tina luhur hawu dicokot, bari rada ditiupan pek disemplekeun saeutik, terus dipurulukeun kana luhur sangu.

Kutap-ketap. Geus digalokeun sangu jeung tarasi, belewek weh dahar. Nimaaaat naker. Sapiring metung teh ukur sakoteap, geus ledis. Eureuleu teurab.

Karek ge ragamang kana emuk paranti nginum Si Apa, kadenge sora Ema di luar.

"Sujang! Sujang! Tacan indit?" tanyana. Meureun nempo panto dapur molongo.

"Tacan, Ma!" tembal teh, gancang ngaleguk nginum.

"Heueuh henjung ayeuna mah! Da kami geus datang. Dahar mah engke we balik nganteurkeun bubu!" ceuk Ema bari kalacat unggah. Sorangan nyerengeh. Ema ngareret kana piring urut dahar.

"Geus dahar deui wae?"

"Teu kuat ku lapar, Ma!" tembal teh bari jung nangtung, nyokot bubu nu digantungkeun tukangeun panto dapur.

"Ari maneh, Sujang, dahar jeung naon, mais hurangna ge karek endeuk." ceuk Ema.

"Jeung tarasi ge ngeunah, Ma!" tembal teh bari leos indit. Atoh dititah ka walungan mah, sabab di ditu aya tempat eundeuk-eundeukan. Dahanna ngaroyom kana beungeut cai. Kana ari deuk ngarojay teh tingarajleng tina dahan tangkal jambu batu. Ari nu bengal mah, ngajlengna teh tina dahan nu pangluhur-luhurna. Mana teu aneh, mun model Si Juned atawa Si Opang remen cilaka teh, da kitu ngajlengna tara lumrah jeung batur. Pan basa bulan tukang mah Si Juned leungeunna potong, alatan keur gugulayunan kalepasan, ari ti beubeutna lain kana cai, tapi ka beulah kenca kana taneuh teuas. Atuh puguh digarotong ka bengkel tulang.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now