Cikopi Racik Tétéh Cantik

0 0 0
                                    

“Kunaon sih Boss manéh tara daék deui diajak ulin?” ceuk S.

Duka nanya anu kasabaraha kalina. Duka enya-enya nanya atawa sakadar ngangluh. Jajaka perlenté téh nyedot rokona anu tungtungna geus rajét digégélan. Tuluy kuntung roko téh dialungkeun enya ogé masih panjang. Lantaran kuring saukur seuri maur, manéhna ngaleguk cikopi pait anu tinggal satengah sénti deui.

“Silaing gé saruana, saukur cengar-cengir. Lila-lila mah jéngkél aing!”

“Abdi mah nyaan henteu terang, A. Abdi mah apan pelayan, tugasna mung nyanggakeun kopi, melayani pelanggan bilih aya anu hoyong itu-ieu, ngaberesihan méja,” témbal téh.

S meureun kakara sadar, saha ari kuring di warung kopi ieu. Tuluy manéhna ngagejlig ninggalkeun warung kopi anu keur ramé. Kuring mah gancang ngabérésan gelas kotor jeung piring pisin anu masih aya rotian.

Tétéh Cantik masih riweuh ngaracik kopi keur pelanggan anu ngantri. Boss Warung Kopi Bondon téh enya cantik alias geulis. Umurna kakara 25 taun. Wasta saenyana mah sanés Cantik. Tapi ti mimiti mindeng aya rombongan mahasiswa anu begadang nyarebutna Tétéh Cantik, jadi wé terkenalna sesebutan éta.

Ngaran Warung Kopi Bondon ogé mimitina mah lantaran warung di émpéran toko ieu téh memang nyadiakeun kopi jeung lalawuh saayana keur bondon. Ari bondon nyaéta sesebutan keur awéwé anu ngajual diri. Dibuka di émpéran toko henteu di tempat merenah, ngaranna henteu kafe tapi warung waé, apan maksudna ogé keur bondon kelas jérkut alias nojér kana jukut.

Mimiti muka kira-kira pukul 22 nepi ka pukul 3 atawa 4 subuh. Harga kopi, emih rebus atawa sangu konéng, murah-meriah. Tétéh Cantik henteu enya-enya usaha ti warung kopi ieu mah. Saukur nyalurkeun karesep ngaracik kopi bari ngabantuan bondon anu pangasilanna henteu sabaraha.

Saha anu ngabadé warung kopi leutik téh jadi kawentar. Henteu saukur dipikawanoh di kota kabupatén leutik, tapi Warung Kopi Bondong jeung Tétéh Cantik kawentar sanusantara. Malah TKI ti kota ieu anu cekel gawé di mancanagara, basa mudik ngayakeun reunian di Warung Kopi Bondon.

Mimitina mah mindeng aya langganan anu henteu disangka ti saméméhna. Rombongan mahasiswa anu keur rudet maca atawa reureuh tina maén games, karyawan swasta milénial malam mingguan, atawa PNS milénial anu bingungeun méakeun duit sértivikasi atawa tunjangan séjénna. Maranéhna tangtu waé lain saukur hayang kopi, roti atawa sangu konéng + ceplok endog anu jadi ménu utama Warung Kopi Bondon.

Maranéhna ngobrol ngalér-ngidul jeung Tétéh Cantik bari popotrétan, selfi, ngadongéng heureuy, tuluy sareuri sabébasna. Naha sakabéh langganan raresep siga kitu? Singhoréng henteu. Aya jajaka rambutna jabrig, diukna matuh di juru nu rada poék, nyanghareup ka walungan anu meulah kota, tara kungsi tatanya atawa pirajeunan ngajak ngobrol ka saha ogé. Manéhna saukur neuteup sapanjang walungan anu beuki jauh beuki mongkléng, atawa nyérangkeun Tétéh Cantik mangjam-jam lilana, nyuruput cikopi pait, nyedot roko, ngotrét duka naon dina buku leutik anu sok dibabawana. Kasubuhnakeun jajaka jabrig téh bakal mesen roti bakar atawa sangu konéng, lamun masih aya kitu ogé, geus kitu kakara manéhna ninggalkeun warung.

Saha anu nyangka datangna langganan anyar téh bakal nyababkeun Tétéh Cantik jeung Warung Kopi Bondon kawentar. Potrét jeung carita Tétéh Cantik katut Warung Kopi Bondon viral dina média sosial. Henteu saukur potrét Tétéh Cantik keur ngaracik kopi, ngobrol jeung langganan, atawa heureuyna anu dirékam, anu nyababkeun viral. Tapi ogé Tétéh Cantik anu ngabagikeun sangu konéng ka petugas kabersihan kota, nyuguhan kopi ka bondon, ngadongéng bari suka-seuri jeung barudak andar-andar.

Jajaka jabrig anu mindeng nyorangan téh horéng panyak anu sajak-sajakna ngeunaan Warung Kopi Bondon jeung Tétéh Cantik meunang piunggul Hari Puisi Nasional cenah. Atuh henteu saukur éta panyajak anu kawentar, tapi ogé Warung Kopi Bondon jeung Tétéh Cantik milu tenar.

Carpon SundaHikayelerin yaşadığı yer. Şimdi keşfedin