Ronggeng Patenggeng

0 0 0
                                    

Kabeneran halodo pasosore. Biasana mah ngecrek ti isuk mula. Di luar katingali lenglang siga teu aya pihujaneun. Padahal biasana mah wayah kieu teh hujan ngecrek. Ceuk babasan tea mah teu aya waktu keur moekeun sarung-sarung acan. Seuseuhan nalambru. Geus puguh nu pating garantung di unggal juru.

Kesel oge kuring lila cicing di imah. Biasana mah unggal peuting nguriling. Komo mun pareng aya raramean. Lumayan sok rada payu loba dagang teh. Ayeuna mah nu rada gampang we kulub suuk, utamana mah teu bangga kudu moekeun heula cara sangrayeun.

Tanggungan geus saged, sagala rupa geus siap, kaasup daun cau keur bungkusna. Diilikan naon asa aya nu kurang? Diilikan gemet pisan. Bener singhoreng lampu cempor acan kabawa. Beu cilaka atuh teu kabawa lampu mah rek kumaha dagang. Salian di tempat dagang, apan di jalan oge teu dilampuan mah rarang-rorong, geus pasti leumpang ngatog.

"Bismillaahirrahmaanirrohiim," ceuk kuring dina hate. Regeyeng, tanggungan diangkat kana taktak. Suku ngalengkah mimiti leumpang. Hate mah tetep muntang pageuh neneda ka Nu Kagungan, rumasa di usik malikkeun ku Anjeunna. Urang teh ulah tonggoy teuing umur, duka nepi ka isuk duka nepi ka pageto.

Leumpang geus rada jauh, geus ngaliwatan lembur tempat kuring nganjrek. Bus ka lembur Kandang, tuluy ka Cibarola, balik deui ka Soklat terus ka Pasir Kareumbi. Lumayan tuur teh asa rada leklok. Eta kitu pedah geus rada lila teu dagang-dagang?

Enya pantes kituna mah, unggal poe ngan ukur dahar jeung sare atuh. Tanggungan masih keneh beurat cirining dagangan masih loba. Palebah gardu reg eureun, susuganan bari ngareureuhkeun kacape aya nu meuli.

Angin peuting mimiti nyaliksik nu kaliwatan. Tatangkalan kaciri aroyag. Angin teh ngan teu ngagelebug wungkul, tapi lumayan tarik. Mun seug teu make jaket si kukut mah, beu cilaka. leu ge cacakan kahalangan ku bilik gardu, angin teh tetep we ampir nambag kana awak.

"Jang, ulah sare wae atuh dagang teh!" ceuk hiji lalaki nu ngaliwat bari noel.

"Hayu urang kaditu dagangna!" ceuk eta lalaki malikan deui.

Gasak-gisik kana panon. Bray beunta lalaunan. Dihareupeun nangtung hiji lalaki ginding. Beh dituna di jalan gede, rabul nu liwat garinding deuih. Teu awewe teu lalaki, teu kolot teu budak kabeh garinding. Ditilik-tilik, siga anu arek ka nu hajat gede.

"Hayu urang ayeuna mangkat!" ceuk lalaki tadi tea.

Teu diengkekeun deui, terus tanggungan ditanggung, koloyong indit. Sora ketuk ti kajauhan mingkin lila mingkin jelas. Nu senggak siga nu sarumanget pisan, katambah-tambah saha nu teu bireuk atuh ka ronggeng pingpinan Dulkasan? Ronggengna keur ngarora keneh teh gareulis deuih. Pon kitu deui nayagana ngarora keneh pisan.

Mingkin peuting mingkin rame areak-eakan. Malah lain ngan ukur ronggeng jeung tukang ngibing wungkul nu ngibing teh, dicampur ku awewe jeung lalaki nu lalajo deuih. Rame lain bobohongan, nu lalajo mani ager-ageran bakat ku suka.

Sarerea sigana pada suka, pada meunang kabungahan. Nayaga jabanna mareunang loba, geus puguh ronggeng mah. Duitna lambaran wungkul, mani tangka metet dina jero kutangna. Nu dagang ge teu tinggaleun daganganana teu aya nu nyaresa.

Peuting ngagayuh ka Subuh. Nu daragang geus corengcang, pon kitu deui nu lalajo geus baralik ka imahna masing-masing. Nayaga ketuk ngagaloler di panggung. Reungit nu sakitu napukna teu dirasa bakat ku tunduh meureun. Sare sing porongkol bakat ku tiris.

Duit dina handapeun nyiru paranti dagang meunang loba, lambaran wungkul. Teu diitung deui terus we dihijikeun, dibeungkeut ku karet geulang. Bungah taya papadana dagangan sasatna laku kabeh.

Keur jongjon kitu torojol aya awewe nyampeurkeun, singhoreng ronggeng. Geulis tur nyari. Lamun dek jujur mah memang geulisna leuwih ti nu di imah. Sakalina imut jajantung ampir rek murag. Komo mun dibarengan ku keletna panon, emhh...! Lain bobohongan cacak-cacak keur dagang, kajeun teuing duit ladangna dibikeun ka manehna kabeh.

Nyi Ronggeng imut ngagelenyu. Ngadak-ngadak tatangkalan dahanna aroyag, ngahayoh-hayoh sina kuring ngadeukeutan. Sora hayam jago nu biasana mere tanggara salat Subuh, ieu mah lain kadengena siga nu ngahatean sina paduduaan. Nyi Ronggeng imut deui, rey..., getih birahi mimiti nyaksrak nyaliara saawak-awak.

Teu inget kana tanggungan, cul ditinggalkeun. Leos indit paduduaan muru imah leutik di sisi lamping. Leumpang mani asa leumpang asa henteu. Leumpang bari nyangkeh awewe geulis. Saha nu teu kabita, saha nu teu ngaruy? Bohong ah lamun teu kabita teh.

"Di dieu we Kang urang calik heula handapeun tangkal kembang," ceuk Nyi Ronggeng ka kuring.

"Mangga!" jawab kuring pondok.

Gek kuring jeung manehna dariuk dina bangku. Pageye-geye da bangkuna ngan cukup duaaneun. Kuring jeung manehna silih tamplokeun kasono. Cangkeng Nyi Ronggeng disangkeh ku leungeun kenca, nu katuhu napel dina gado Nyi Ronggeng.

Reuwas lain dikieuna. Aya nu ngagugubrag ninitah hudang. Bray beunta, luak-lieuk bet aya di tegalan. Kamana dagangan? Kamana duitna? Buru-buru cengkat, gigisik panon. Cupu-capa kana pesak.

Belenyeng lumpat kana handapeun kai. Dagangan awur-awuran patulayah. Duit ditempo handapeun nyiru. Kamana duitna? Nu aya ngan daun seureuh we sabeungkeut, dibeungkeut ku karet geulang.

Leuleus taya papadana, lir kapas kahujanan. Teu sirikna teu bisa cengkat-cengkat acan. Nginget-nginget ngumpulkeun pangacian. Kunaon make aya di eta tempat? Tempat anu sakitu jauhna. Tempat nu hara-haraeun.

Tukang kebon mere cai, regot diinum. Beungeut dicampaan, asa-asa pareurih. Biwir asa rada jeding. "Sakieu oge untung Jang teu pati parna," ceuk tukang kebon.

"Biasana mah sok nepi ka teu eling-eling sababaraha poe."

"Muhun Bah, untung aya Abah," ceuk kuring.

"Enya kabeneran Abah hayang kadieu, da biasana mah saminggu sakali."

"Jadi Abah nganyahoankeun."

"Muhun!"

"Nuhun Bah kana pitulung Abah. Mudah-mudahan kasaean Abah dibales ku Gusti Nu Maha Welas tur Asih."

Awak teh bener-bener karasa nyareri. Pipi asa barengep, geus puguh biwir mah. Ka ceuli-ceuli teu ngari, gimpa siga nu kaligata. Beu mana teuing nu di imah, nyangkana mah meureun usaha teh meunang duit. Ari ieu bororaah, kalahka awak we ruksak. Dagangan awur-awuran teu puguh, teu nyesa pisan.

Sanggeus kumpul pangacian, kalayan dibantuan ku nu ngagarap kebon, dianteurkeun ka sisi jalan gede. Geus kitu mah teu kuat ge maksakeun megat mobil nu ka terminalkeun, bubuhan ngaliwatan imah. Datang ka imah geus harieum beungeut. Bus ka pangkeng. Pamajikan norojol bari harieusweus nanya tas ti mana. Barang awak kacaangan ku lampu nu dibawa ku pamajikan. Pamajikan ngajerit reuwas ningali kuring gararimpa.

Kuring sasadu ka pamajikan, nyaritakeun naon nu geus kajadian peuting tadi. Teu sangka usaha nepi ka kajadian kitu. Untung keneh bisa balik, kumaha lamun nepi ka teu bisa balik?

"Hampura Akang, meureun poe ieu mah teu beubeunangan," ceuk kuring ka pamajikan.

"Muhun Kang, wios tong diemutan! Ayeuna mah Akang we sing sehat," ceuk pamajikan ka kuring semu nu deudeuh. (*)

#Maman Rachman

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora