Guru Inpres

0 0 0
                                    

Tadina mah sok hoream bae ari rek balik ka lembur teh, barabe ku ongkos, tara mahi ku saeutik. Sanajan ngan ukur rerebuan, sok asa nyaah bae ku duit teh, da puguh sok ngagantianana. Asa hade dibeulikeun keur kaperluan kuliah, mangpaatna leuwih karasa. Tapi indung jeung bapa mah pamikiranana sok beda deui, cenah, "Ongkos-ongkos kitu, bisa kagantian. Tapi kasono Ema jeung Abah, moal bisa disisilihan. Kaluar duit gede ge moal panasaran asal Nanang merlukeun balik sabulan sakali."

Enya kuring teh anak tunggal, teu adi teu lanceuk. Anu matak pantes, kanyaah indung jeung bapa, sakapeung mah sok asa kaleuleuwihan. Ari kuring lain teu sono. Tapi waktu samporet. Jeung keukeuh, hate mah teu tega bae, mun abah ngagantian urut ongkos teh.

Balik kuliah, nyampak di imah Si Tante nu dianjrekan ku kuring, ngasongkeun surat.

"Serat ti mana, Tante?" cek kuring.

"Ti lembur, Nang," tembalna.

"Ooooh..." ceuk kuring bari nampanan surat.

Geuwat sisi amplop ku kuring disoehkeun, eusina dicabut, bray dibeberkeun.

"Nanang...

Kumaha cageur? Abah jeung Ema ge alhamdulillah teu salesma-salesma acan. Ku naon bulan ieu mah rada telat? Iraha Nanang rek balik ka lembur? Perluna mah Nang, Abah rek tamada ka hidep. Eta mah rek dibeureum, rek dihideung, da kudu kitu cek parentah desa. Kamar hareup nu biasa paragi Nanang, dipake ku guru Inpres. Tadina mah Abah jeung Ema ge teu mikeun, tapi ari dipikiran deui, itung-itung timbal balik. Hidep cicing di imah batur, Abah kacicingan ku batur, sugan weh ari Abah jeung Ema nyaah ka batur mah, hidep ge dipikanyaah ku batur. Tapi Abah jeung Ema ge teu lepas tina kawijaksanaan hidep. Ari kira-kira teu panuju mah, leuwih hade mah balik heula ka lembur. Atuh satuluyna mah pek uruskeun ka desa, da geuning lurah ge ari nyanghareupan hidep langsung mah, sok rada beda. Teu siga ka Abah, sok rada wani.

Sakieu we heula, Nang. Ulah henteu kudu merlukeun, balik heula.

Nu sono ka hidep Abah jeung Ema."

Leng kuring ngahuleng. Tungtungna mah jadi ambek ka lurah, asa diteungteuinganan. Geus puguh keur jaman Pemilu mah dipikangewa, dicuriga milu ngampanyeukeun partey pulitik. Ayeuna kamar kuring pisan nu jadi sasaran, kalawan satengah maksa. Rek dikamanakeun hak azasi kuring? Awas maneh lurah!

Harita keneh kuring gesat-gesut dangdan. Baju dua stel diasupkeun kana tas. Sanggeus amitan ka si Tante, kencling indit, rek muru stasion beus.

Kasampak Ema jeung Bapa keur di dalapur. Teu poho memeh tunya-tanya teh, munjungan heula.

"Jam sabaraha ti ditu, Nang?" Abah ngabageakeun.

"Bada Lohor, Bah," ceuk kuring bari gek diuk dina dipan paranti ngarobrol, didapur.

"Kamar Nanang wayahna di tukang deukeut padaringan. Buku-buku kabeh geus dipindahkeun, ngan nu acan teh gambar-gambar nu narempel na bilik", cek indung kuring.

Kuring teu werat mere komentar. Nu puguh mah ujug-ujug mentegeg. Asa dijajah. Si Guru na deui teu boga perasaan. Cik kahayang teh, ari numpang mah, tong sangeunahna. Semah mah di kamar tukang ge teu nanaon. Olo-olo!

Ongkoh lurahna deui, teu jeung adeuh! Abong-abong keur nyekel kakawasaan, sangeunahna pisan. Awas maneh lurah! Didamprat siah ku aing!

"Ari ayeuna keur ka mana si guruna, Bah?" cek kuring ujug-ujug sugal.

"Keur ka mana nya Ma?" Abah kalah nanyakeun ka Ema.

"Apan ngajar sore. Engke balikna teh memeh magrib...", tembal Ema.

"Di mana ngajarna teh, Ma?" kuring beuki keuheul.

"Di Lembur Cangkring, Nang", tembal Ema.

"Perlu disusul. Disusul ku abdi Ma. Asa teungteuingeun! Kahayang teh ari semah mah kudu ngarti! Ulah rea ceta! Pan Abah jeung Ema ge terang, eta teh kamar kadeudeuh abdi? Meunang memeres. Meunang ngabebetah. Kumaha mun aya babaturan abdi nu hayang nyaba ka dieu? Rek di mana sarena? Moal enya rek diteundeun gigireun padaringan? Beres eta, abdi rek tuluy nepungan lurah!"

Carpon SundaWhere stories live. Discover now