Jawara Sukamiskin

0 0 0
                                    

Manéhna molohok basa sup ka Saung Pangreureuhan balad sa-lapas-na narangtung terus keprok ngabagéakeun. Standing ovation, panghormat anu pangistiméwana cenah. Ceuk Luhlah, napi korupsi daging munding téa, salila lima taun can kungsi standing ovation deui.

“Calon jawara... dua jempol...!” ceuk Inas, napi korupsi stadion méngbal anu direncanakeun pangagréngna sa-Asia.

“Kiripik hui mantap serat... meski dibui tetap hebat...!” ceuk Gigis, pengacara senior anu dibui alatan nyogok hakim Pengadilan Tinggi.

Atuh anu keprok jeung anu ngabagéakeun beuki ramé. Manéhna henteu nyangka. Puguh atuh manéhna mah kakara sababaraha minggu dipindahkeun ka Sukamiskin. Eta ogé ari béja dibui di Sukamiskin mah sed wé saeutik ti pindah saré di kamar hotél, ti baheula ogé geus aya. Tapi apan manéhna mah acan kungsi nganjang ka lapas Sukamiskin.

Baheula basa kakara asup jadi aktifis partéy, keur diajar kumaha ari pulitik téh, Ketua Besar anu dianggapna guru, kungsi kalibet korupsi bank Century, tapi apan henteu kungsi di-Sukamiskin-keun. Padahal harita, bobodoran Ketua Besar geus nataku pikaseurieunana. Cenah, nunda duit lima ratus miliar di handapeun bantal. Coba, lamun aya hakim anu ngabayangkeun kumaha muncugugna éta bantal. Untungna hakim anu geus “diamankeun” téh cenah henteu boga cita-cita jadi pangarang anu sok ngalamun jeung ngabayangkeun. Jadi Ketua Besar ogé aman, najan di luar pangadilan mah masarakat seuri éak-éakan.

Inget ka guruna éta manéhna gancang méré kodeu ka sipir jeung anak buahna sangkan disadiakeun kamar sél anu saenyana basa ngadéngé béja rék aya sidak. Atuh basa sidak (operasi ngadadak) ti Kementerian Hukum bari mawa acara tv kawentar Mata Wawa, manéhna mah ngabagéakeun di kamar sél anu saenyana téa. Témbok anu kapurna geus marékplékan, lanté semén tatambalan, erak kai leutik eusi kadaharan, baju jeung buku. Jamban gigireun risbang anu rubakna saméter saukur ditutupan ku kaén. Manéhna sorangan keur diuk dina korsi kai bari nyekel buku Tobat Nasuha basa anu sidak datang, tuluy ngobrol akrab perkara sapopoé.

Geus baralik mah anu sidak, manéhna gé asup deui wé ka kamar sél-na anu sed saeutik ti kamar hotél téa, anu meunang nyéwa 500 juta. Mandi di jamban anu maké water heater paragi manaskeun cai, dikuramas bari nyanyi lagu dangdut Via Valen. Kaluar ti jamban bari dianduk kénéh terus nyolokkeun paragi nyieun roti bakar jeung kopi. Lima menit ti harita geus mencétan rémot dina sofa empuk, am rotina regot kopina, ah ni’mat pisan.

Isukna, basa ngumpul di Saung Pangreureuhan, balad sa-lapas-na ngabagéakeun ku standing ovation téa. Saminggu sakali, unggal poé Senén, sok ngumpul anggota PNK (Paguyuban Napi Korupsi) téh. Manéhna enya ogé henteu daptar geus langsung diaku anggota da geus puguh baléwatanganana alatan ngagasab duit e-KTP triliunan.

Puguh waé henteu nyangka meunang pangbagéa kawas kitu, da puguh keur mimiti ngahadiran anggota PNK ogé sababaraha minggu katukang, basa mimiti diwanohkeun ka saréréa, pangbagéana henteu kitu. Ari ayeuna, saréréa narangtung, kaleprok, bari terus narangkeup saurang-saurang.

“Minggu ayeuna mah, saréréa kudu ngaku, Bapa Ieu jawarana,” ceuk Luhlah anu dipikolot ku saréréa. Ari Luhlah diarajenan téh apan manéhna mah dianggap kénéh ustad ku balad-baladna di luar lapas mah. Atuh mindeng manéhna jadi jawara. Tapi minggu ayeuna mah bet nyamos. Ngabohongna Luhlah kapanggih pisan da henteu sarua jeung anu diomongkeun ku ustad baladna di luar lapas. Basa anu sidak datang, di kamar Luhlah kapanggih aya AC, kulkas, laptop, hp, tv, paragi olahraga, jamban méwah. Ceuk Luhlah, éta téh barang bawana da manéhna katarajang kasakit jadi diwenangkeun mawa barang anu tadi ditataan, lain meunang nyogok Kepala Lapas. Ari ceuk ustad baladna, barang-barang éta téh titinggal napi saheulaeunana anu geus kaluar. Atuh kahongkeun pisan bohongna.

Ari manéhna mah malah pada muji ku masarakat. Cenah ceuk masarakat, enya ogé manéhna gegedén, di lapas mah sakitu basajanna, jeung kawas anu keur ngeureuyeuh diajar tobat. “Saéstuna jalma mah euweuh anu sampurna. Jalma hébat téh lain anu henteu kungsi salah, tapi jalma anu daék tobat tina kasalahanana, cara Bapa itu,” ceuk ustad online dina youtube.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now