Siluman Oray Kembar

0 0 0
                                    

Ti baheulana eta tempat di sebut Labuhan Bulan, panonoban jurig, aya oge anu nyebutkeun tempat karajaan siluman. Sabab sering kawenehankeun lamun wanci peuting sok aya mahluk jiga manusa, tapi ngaharelung jangkung badag, kadang-kadang aya oge anu mirupakeun awewe, ngariringkik make pakean bodas kumalayang bari cicirihilan.

Dina hiji waktu mah aya kajadian anu matak ibur, saurang pamuda ngadadak eueuleuweuhan kawas anu owah. Sanggeus diubaran, manehna nyaritakeun tas liwat ka palebah dinya, cenah di tukangeun imah kosong tea aya anu ngabelegedeg jangkung hideung, babarakatakan nyeungseurikeun.

Ti saprak kajadian harita, eta tempat jadi beuki sangar, teu aya deui anu wanieun ngulampreng ka palebah dinya wanci peuting, antukna eta tempat dilurkeun teu aya anu ngurus. Kaayaannana kumuh, barala, jukut ngajejembrung di mana-mana, rungkun salak harieum di unggal juru, tangkal hiris ngabalaan sapanjang solokan, buruan becek, di jero imah ramat ting garantung di unggal lalangit, hateupna balocor, kekebul ngampar minuhan ubin. Ku titingalian oge ieu imah geueuman pikasieuneun.

Pantesan teu aya anu daekeun meuli oge, lain ku sungil-sungil teuing, tapi teu aya pisan pikaresepeunnana. Ieu oge, wani meuli soteh pedah karunya ka nu ngajualna keur ka musibahan. Sedeng ari batur mah teu aya anu wanieun nawar-nawar acan.

Supaya tempat bisa mirupa, jadi pikaresepeun, ngahaja nitah anu garawe sangkan ngabeberes eta patempatan. Tapi sanggeus sababaraha jongjongan, anu di garawe tingkelepek lalieureun, kesang badag tinggorolong, jantungna ting sareblak, sakabeh anu gawe ngarasakeun kajadian anu sarupa. Ningali kajadian kitu, anu garawe di titah eureun heula.

"Ku naraon atuh ieu teh? Bet make gering babarengan, lain salah kadaharan mah?" tumanya ka nu garawe pedah sarerea ngadadak lieur.

"Pami tina tuangeun nya akang oge kedah ngaraoskeun, apan tuang teh sasarengan," salah saurang pagawe mere kajelasan anu asup kana akal.

"Enya, ari kadinyana mah, da akang mah teu ngarasa kukumaha."

"Muhun Kang, sareng deui tadi teh nuju lieur bet aya titingalian, bruh-breh ningali oray arageung, aya dua, anu hiji mah hejo, anu hiji deui rupana bodas, duka kumaha tah saur akang, naha riwan atanapi aya anu ngageugeuh di ieu patempatan?"

"Teuing atuh, akang can bisa nangtukeun, ayeuna mah eureunan wae heula digarawena, bisi enya aya anu ngopenan."

Nu garawe dititah areureun heula, isukan atawa pageto lamun geus kapanggih rusiahna, karek dititah garawe deui.

"Iraha atuh kedah ngawitan damel deui?" salah saurang nu gawe tumanya.

"Isukan dibejaan ieuh, ayeuna mah rek ditarekahan heula bisi enya aya jurig nyiliwuri."

Saenyana emang rek di teangan heula kasang tukangna, sabab ieu tempat teh pan karek meunang meuli. Can apal bener kana kaayaanana.

Wanci sareupna, ngahaja ngadurukan di buruan imah kosong, meuleum pangpung anu patulayah sisi solokan, sanggeus rada ruhay bruk meuleum apel jin sajewol, seungitna nyambuang ka sabudeureun patempatan. Ari tengah peuting aya anu gegedor kana panto, barang dibukakeun horeng tatangga imah kosong tea, hariweusweus, ngajak ningali tempat, rurusuhan.

Barang srog ka nu dituju, kasampak aya jalma duaan keur nagog pipireun benteng. Keteyep nyampeurkeun, maksudna rek ngadeukeutan anu duaan. Can oge tatanya, ti palebah buruan imah kosong rame ku nu dalokdak, sada anu keur ngudar imah, sora seng brang-breng-brong, sora anu nyungkalkeun paku pating dorokdok. Tapi disidik-sidik mah bet teu aya nanaon, teu aya ucing-ucing acan. Ngan ceg waeh kana senter, burisat cahya lampu senter nyaangan pakarangan. Teu katingali anu matak aneh. Sora-sora anu rame dalekdok ngadadak jempling.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now