Getih Nu Busrat Basret

0 0 0
                                    

Isuk-isuk guyur, nyi Yuyun jadi korban rajapati. Getih busrat-basret di jero imahna. Tapi aneh di sakujur awakna taya raheut tapak bedog atawa balati. Saupama lin manusa nu nelasana, upamana sato galak,  taya tapak huntu atawa kuku urut nyoco. Budak parawan nu masih sakola SMP kelas tilu teh tilar dina kayaan guyang getih.

      “Sanes aya nu mergasa, si nyai teh utah getih,” Ni Cicih indungna Yuyun, carinakdak ngomong dumreda ka nu anyar daratang ngalayad.

      “Wayah kumaha kasorangna?” tanya nu pangdeukeutna sasat panasaran, utamana bangsa awewe.

      “Janari, kasubuhnakeun,” walon awewe nu umurna katangeun cuwet, meureun perbawa cape gawe nu geus lima taun ditinggalkeun ku salakina. Inyana hirup saimah katilu anak, nu cikal
Kasbo masih bujang, sedeng bungsuna mah nyeta Yuyun tea.

       Kabeh tingkelencrek bati gogodeg, Teu sangka cenah, budak geulis bari bageur rek pondok umurna. Kituna samemeh saladar yen umur mah geuning teu tangtu. Boh kolot boh budak ari waktuna dipunut ku Gusti mah teu bisa ditolak.

       Kusabab sabenerna  lin korban rajapati, sakumaha biasa sanggeus dimandian jeung disolatkeun layon teh gowat dikurebkeun. Sajaba nu jajap teh sasatna tumplek sakampung, ti pihak sakola ge lin ukur guru tapi mangpirang murid atawa baturna marilu jajap ka pasarean. Sanggeus talkin dibacakeun kabeh mgaburiak, sejak marulang sewang-sewangan.

      Sajajalan aya oge nu tingkecewis ngeunaan tilarna nyi Yuyun. Malah tina sabagian aleutan aya nu ngahaja mandeurikeun maneh.

      “Cukang lantaran nu kaitung teu sawajar,” omong Jumahdi, “Utah getih lalambaran!”

      Nu ngadenge kabeh tingpuringis nandakeun ketir jeung kairut ku hiji bahasan.

      “Mun geus kieu mah kudu cepet dibereskeun!” masih cek Jumahdi, lalaki leuwih ti kolot nu kaitung boga pangaruh di ieu kampung. Malah ampir sakabeh masyarakat -kaitung Olog di kampung eta mah  sasatna mikolot. Inyana nu kungsi jadi pataji sunat, sok remen dipenta tulung boh masalah ngubaran panyakit atawa dipenta bobonglongan saupama aya reregeg dina urusan kampung. Nya samodel budama-badami ngatur metakeun panitia pangwangunan kampung sangkan tong pacorok pamadegan.

      Mana teu aneh basa mulang ti pajaratan, omongana pada ngahaminan. Teu bina ti rapat darurat nu ngahasilkeun kasimpulan nu klop, yen tilarnya Nyi Yuyun cukang lantarana alatan aya nu neluh.

       ***

       Sanggeus ngariung tahlil sadugna, bada isya Rukmini digedor panto imahna. Terus dibawa ku ka bale kampung. Iwal ti barudak leutik, sasatna sakampung mah tumplek ngaliud wangunan ukuran 4X6 meter nu sakapeung mah sok dipake posyandu.

       Rukmini nu hirupna rarandaan ampir sapuluh taun tur can boga budak, sasatna pada pada ngagenjang kenca katuhu. Taya binana saurang koruptor atawa bangsat, pelaku kriminal nu anyar kecerek. Ngan bedana teu dibangkol wungkul, sab boga bangkol ti mana ari bangsa hansip mah. Terus eta nyi randa teh dipetakeun dina korsi, nyanghareupan dua meja nu direndegkeun sakaligus nu dikawasa ku Jumahdi -salaku pasepuh, RT jeung Olog. Saliwat mah taya bedana ampir sarua jeung rek sidang di pengadilan.

      “Ari maneh ku teu boga rasrasan Ruk, naha atuh bet tega nelasan budak nu teu tuah teu dosa,” omong Jumahdi ditorojol betonkeun langsung kana persoalan.

       Rukmini teu nembal, malah katangeun molohok.

       “Gablog teu ngaku mah, gabloog...!”

       “Sered kaluaaar...!”

       “Paingan teu payu atuh ari tukang teluh mah..!”

Carpon SundaWhere stories live. Discover now