Jumaah Berekah

0 0 0
                                    

Balik jumaahan, Arsad jeung babaturanana kagirimisan. Kawas anu ngahaja kikicipritan, sakapeung silih témprang ku cileuncang. Cileuncang sésa hujan. Hujan badag basa Ustad Qodir keur hutbah. Raat-raat téh basa keur solat, pas tahiyat ahir. Rérés awéh salam kalah ka girimis, muruhpuy nepi ka réngséna ngadu'a. Hujan lir anu sonoeun kénéh, nyébor taneuh anu lila kahalodoan.

Arsad sabalad-balad jaligrah. Kekeceprekan bari cicirihilan. Kalan-kalan silih poyokan.
Ari leungeunna teu léngoh, sarua ngajaringjing kérésék leutik. Aya nu dicekel ku leungeun kénca, aya ogé ku anu katuhu.
"Jumaah hareup uing mah rék ngantri dua kali ah. Ngarah meunang dua kérésék. Ha-hah," gorowok Nandi bari ngacungkeun kérésékna.

"Ulah. Licik atuh. Ké dibéjakeun ka Téh Cici, guru ngaji, geura!" Yoga némpas, terus ngilikan boga manéhna.

"Cik naon anu didusan téh, Ga?" tanya Arsad, bari ngadeukeutan.

"Pék wé buka anu kamu atuh, Sad. Pan sarua wéw," Yoga kalah ngabegégan.

"Ceuk uing mah ieu téh sangu padang, da. Hi-hih," Hilman nyelengkeung bari ngahihih.

"Ceuk sayah mah fried chicken, sangu, jeung saosna," Rosid neguh, bari menerkeun péci bodasna, nu geus baseuh.

"Heuh, lamun teu sieun baseuh mah rék dibuka ayeuna, da. Teu kuat hayang murak," Nandi mairan deui.

"Kari wé atuh, Nan!" témpas Yoga jeung Hilman mani bareng.

"Héy, ceuk guru ngaji gé ulah barang dahar bari nangtung. Komo bari leumpang mah," Arsad ngagebés.

"Huh huh!" ceuk kabéhan, saur manuk. Girimis ngepris. Marengan barudak nu saruka bungah. Ahirna papisah di beingeut gang, muru imahna sewang-séwangan.

"Geunig beubeunangan balik jumahaan téh, Sad?" tanya Ceu Katmi, indungna Arsad. Basa budak anu ngan hiji-hijina kakara datang ka kontrakanana

"Muhun, Ma."

"Meunang meuli ti mana? Naha nyanéh boga duit, kitu?" indungna panasaran.

"Hih, sanés. Sanés kenging ngagaleuh, tapi ieu mah pamasihan pangurus masjid."

"Paméré?

"Leres, pamasihan. Tos dua kali jumaahan dibagina téh. Mung Jumaah anu kamari mah diteda ku Asad, ngariung sareng réréncangan, di bumi Yoga," Arsad ngajelaskeun.

"Cik buka, nanahaon eusi dus téh, Sujang?" Kang Barkah, bapana Arsad norojol ti pawon, anu ngan ukur dihalangan ku rérégan.

"Euh, mani haripeut kana dahareun mah, manéhna!" Ceu Katmi geuwat némpas

"Baé atuh, Sujang mah anak aing. Ha-hah,"

"Heueuh, ari barangbawa mah budak aing. Ari ménta keur jajan atawa bekel sakola hare-haré baé. Sebel!" Ceu Katmi semu nu keuheuleun.

"Gandéng, deuleu. Sok ka mana karep ngahuntu téh.

"Tuda enya."

"Tos, tos. Ema, Bapa. Teu kénging hoghag, isin ku tataangga, ih!" Arsad motong kalimah nu keur adu rényom. "Urang buka, nya," neruskeun omonganana.
Bray, dus kotak téh dibuka. Bréh, eusina sangu bodas, gedéna saluhureun peureup kolot. Dipapaés ku goréng pingping hayam saésé, goréng tahu sakeureut, sambel dibungkus palastik leutik, bonténg tilu keureut, kurupuk udang, cau ambon ngajelepeng hiji. Ditambah tisu wéh di sisina

"Alhamdulillah. Berekah Jumaah."

"Keur bapa wé atuh, Sujang!" ceuk Kang Barkah.

"His, ulah karooh ku rejeki budak, manéhna!" Ceu Katmi mureleng ka salakina.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now