Lulun Samak

0 0 0
                                    

Ibur salelembur éar sadédésa. Di lembur Cihanjuang aya nu tilelep di walungan Cisadané. Sababaraha urang budak umur welasan taun nu keur anteng ngarojay, bet kudu aya nu cilaka. Si Salim nu katibanan ku papaitna. Manéhna jadi wadal leuwi Cisadané.

Nu ngarojay téh barudak nu keur mareujeuhna barangor. Kabéhanana salapan urang nu tos ngurek di sawah. Tengah poé éréng-éréngan tuluy tarurun ka walungan. Hayang ngojay miceun késang jeung pangpangna mah teu kuat ku morérétna poé.

Ku kolot-kolotna barudak téh geus diomat-omatan ulah wani-wani ngojay di walungan Cisadané nu kacida sangetna. Tapi bubuhan barudak leutik teu apal dikakolotan, teu ngagugu kana panyaram kolot. Kaayaan kacida bayeungyangna, ningali di lebakeun sawah aya walungan nu ngagenyas, teu mikir panjang deui.
Barudak nu keur aranteng ngarojay teu eungeuh yén si Salim geus leungit. Heurey gerah di walungan, silih simbeuh jeung patinggorowok. Temponan balik kakara maranéhna engeuh aya nu leungit. Komo barang ningali aya baju sasetel ngalumbuk can aya nu maké mah.

Mimitina mah teu nyangka si Salim leungit, meureun keur kahampangan di hilir. Tapi barang diaprak, boh ka hilir boh ka girang, weléh teu taya laratanana. Geus ditutungguan teu kénéh balik mah, barudak langsung birat ka lembur ngabéjaan kolot-kolot.

Lurah Abo nu dibéjaan langsung méré intuksi ka RT pikeun ngumumkeun kana pangeras, sakabéh urang lembur kudu ngilu néangan si Salim nu leungit. Teu kudu ngadagoan lila, urang lembur tamplok kabéh ka leuwi Cisadané. Leuwi diteuleuman. Hilir jeung ka girang diaprak ku saréréa, tapi weléh si Salim teu kapanggih laratanana.

“Ari barudak sok gagabah, puguh ieu leuwi téh disangetkeun, ku keukeuh wani-wani ngojayan! Kolot waé rerempodan mun pareng meuntas sasakna, ieu kalah diojayan.” Lurah Abo semu kukulutus, bari tuluy gék dina batu nyinghareupan sasak Cisadané. Dina walunganana masih kénéh katembong aya nu neuleuman leuwi pilih genti néangan si Salim.

“Barudak lalenger wungkul da éta mah. Nya si Salim deui nu sok ngaluluguan teu benerna téh. Éta ogé ceuk katerangan barudak basa ditalékan hiji-hiji, si Salim nu keukeuh ngajakan ngojay téh!” ceuk RT Seblu.

Teu lila jol Aki Ohan ti hilir, paromana siga nu kuciwa. Tuluy gék milu diuk deukeut Lurah Abo.

“Tah geuning aya Ki Ohan,” ceuk RT Seblu, “tah pa lurah, Ki Ohan nu apal kana sangetna ieu leuwi.”

“Cing-cing Ki, hayang apal nu sacéréwéléna pangna ieu leuwi disangetkeun. Nya jurig naon nu ngageugeuhna?.” Ceuk Lurah Abo bari tuluy sidakep nyinghareup ka Ki Ohan.

“Baheula mun kawénéhan, nu meuntas sasak Cisadané, sok remen ningali samak ngampar dina batu damprak itu,” kituna téh bari nuduhkeun kana batu damprak nu ayeuna diriung ku jelema nu keur nareuleuman néangan jasad si Salim.
“Osok ogé témbong dina sisi leuwi nu déét ngampar samak, bubuhan caina hérang.”

Lurah jeung RT Seblu tuluy ngised diukna ngadeukeutan Ki Ohan.

“Tapi Aki mah ngalaman pisan. Aki sorangan ampir-ampiran jadi wadal di leuwi. Harita Aki keur ngarit, lantaran ngélod balik pasosoré. Pas ngaliwat sasak Cisadané dina batu damprak kaciri aya samak. Aki lir dipohokeun kana kasangetan ieu leuwi. Komo barang ningali samak ngampar dina batu damprak mah, kabita waé nu aya. Eukeur mah di imah téh samak geus ruksak. Dina pikiran téh meureun samak nu keur dipoé kabawa palid ti girang. Langsung tuturubun bari ngécagkeun karung jukut. Ngan barang antel kana samak, kaciri samak téh siga nu hirup jeung rék ngabulen leungeun. Nyaho kitu mah geus teu mikir panjang deui, langsung ngaberengbeng lumpat cul karung jukut, ngabingbrit ka lemburkeun. Nepi di lembur langsung teu inget di bumi alam.”

“Terus kumaha Aki?” ceuk Lurah Abo siga nu panasaraneun.

“Saterusna mah ieu leuwi beuki sanget. Tapi teu saeutik ogé urang lembur nu nyebutkeun majarkeun Aki gedé wadul, jijieunan. Tapi da Aki mah teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon, éstu kaalaman ku sorangan kalawan ampir-ampiran jadi korbanna. Meureun mun Aki kaléléd mah ieu leuwi téh dingaranan Leuwi Ohan.” Kituna teh bari ditungtungan ku seuri.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now