Nu Mangprung Na Lulurung Simpé

0 0 0
                                    

Kupejamkan mata ini
mencoba tuk melupakan
segala kenangan indah tentang dirimu, tentang mimpiku...

Ni hayang mareunan da. Asa diléléwé ku lagu nu disetél na beus.

Beus mangprung meulah patalimarga nu can pati ramé. Panumpang gé masih diwatesanan jumlahna, diuk paanggang. Sajok saurang. Lah, asa beuki simpé.

Miceun teuteup ka luar jandéla kaca, kalah keueung. Tatangkalan nu ngabaris di sisi jalan lalumpatan ka tukang, bangun nu hayang malikan lalakon nu kungsi kasorang.

Semakin aku mencoba
Bayangmu semakin nyata
Merasuk hingga ke jiwa
Tuhan tolonglah diriku...

Geus mangtaun-taun, angger teu bisa mopohokeun anjeun, Bim. Ahhh...

Ras baheula urang kungsi sajok na beus basa balik nganteurkeun manéhna ka bandara. Enya Kang Irawan, sobat anjeun nu rék neruskeun kuliah ka luar negri.

***

"Ih, beurat. Leuheung mun teu ngadahdir mah!" nyurungkeun sirahna nu ngulahék kana taktak.

Nu keur nundutan ngadadak cénghar, ngadon nyéréngéh. Tuluy ngodok saku jakétna, goréhél peremén mint. Dipesék, tuluy diasongkeun hareupeun biwir.

"Embung!"

"Kajeun embung mah!" dihuapkeun ku sorangan, "hayang naon atuh tatadi ambek-ambekan waé?"

"Hayang téréh nepi aingah, cangkeul!"

"Sabar atuh, macét."

Jep jempling. Apaleun Bim mah, mun Iyon keur bété tara aya nu bisa mupujuhkeun.

"Keun, nu geus mangkat mah urang jurung ku du'a, ngarah junun." pokna daria.

"Pasti du'a mah. Kudu junun deuih, apan manéhna geus paheut, bérés kuliah bakal ka balé nyungcung." témbal téh bari nyoo cincin tunangan dina jariji.

Bim ngarahuh. Sarua cangkeul jigana pédah beus teu nepi-nepi.

Jep deui jempling.

Beus asa boyot pisan majuna. Kétang, lolobana mah ngarandeg. Nyaan, ni kesel. Pédah keur teu ngeunah rarasaan ongkoh meureun. Saha barina nu ngeunah ditinggalkeun ngadadak? Ngomong rék mangkat kakara tadi peuting, jaba pan lain jarak deukeut nu bisa dijugjug ari sono. Hhh...

Lila-lila merelek heuay, teu kawawa nahan pitunduheun.

Kahudangkeun sotéh ku sora nu ngagorowok, "moal tarurun ieu téh?"

Nyah beunta.

Kasampak kondéktur nangtung bari kumecrék.

Reuwas, bet kasaréan.

Bim ungas-ingus ngambeuan taktak kéncana bari nyengir bangun nu ngaléléwé.

"Ah siah, Iyon mah tara ngadahdir kos didinya!" jamedud, nyumputkeun semu. Kaéraan bet nyarandéan taktakna.

Bim nangtung, geuwat ka luar tina beus nu geus euweuh sasaha.

Tuluy ngarawél pigeulang, mantuan Iyon turun tina beus da nu pendék mah kudu rada ngajleng ningan.

Matak kabayang tadi, kumaha cangkeulna disarandéan ku sirah Iyon da pastina Bim diukna kudu ngadayagdag ngarah bisa nampanan sirah Iyon dina taktakna.

"Ni teu ngahudangkeun?" nyereng.

"Watir tuda, bangun nu tibra."

Teu némbal. Jeung enyana, asa tibra saré na beus téh. Puguh wé kétang dibantalan ku taktakna nu sembada saha nu moal tibra. Ongkohna saprak Kang Irawan nelepon, nyarita rék mangkat tadi peuting, parat nepi ka subuh teu daékeun reup.

Tak bisa kuingkari
engkaulah satu-satunya
Yang bisa membuat jiwaku
Yang pernah mati, menjadi berarti...

Keur leumpang kénéh rék ka luar terminal, ujug-ujug breg hujan. Nyaan, ayeuna mah usum téh teu bisa diprédiksi. Apan saméméhna ni morérét.

Bet kawas manèhna, teu bisa diprédiksi. Ongkoh ngomong teu bisa jauh ti Iyon, tapi naha bet kuliah ka luar negri. Demi cita-cita? Demi prestise? Ah, bet téga ninggalkeun!

"Hayu buru!" ngarurusuh bari ngalaan jakét hideung nu maskét na awakna. Geuwat diturubkeun kana sirah Iyon. Tuluy metot leungeun muru halteu, rék megat angkot. Kaangseu seungit khas awakna.

Teu lila angkot nu ditungguan datang.

"Ih pinuh ningan, Bim?"

"Jung wé tiheula, bisi kapeutingan!" ngajurungkeun.

Rék naék pisan, bet dibedol.

"Kadieukeun jékét, euweuh deui!"

"Pira jékét bau gé, huh!" dialungkeun, meneran pisan kana beungeutna.

Angkot maju ninggalkeun nu ngajanteng kénéh di halteu.

***

Namun kini kau menghilang
Bagaikan ditelan bumi
Tak pernahkah kau sadari
Arti cintamu, untukku...

Mangtaun-taun, Bim. Iyon bulak-balik ka halteu, anjeun bet suwung. Anjeun naèk angkot nu mana atuh? Naha teu nepi-nepi?

Entah di mana dirimu berada
hampa terasa hidupku tanpa dirimu...
Apakah di sana kau rindukan aku
Seperti diriku yang slalu merindukanmu, selalu merindukanmu...

Sora lagu kalah beuki narikan.

Beus mangprung muru bandara. Panon nu beueus geuwat disusut. Moal hadé mun katempoeun ku nu rék dijemput.(*)

Carpon SundaWhere stories live. Discover now