Imah Anyar

0 0 0
                                    

Kuring teu ngarti kana paripolah salaki kadieunakeun. Beuki loba kalakuanana anu matak heneg kana haté. Cara ayeuna, teu gugur teu angin ngadadak ngajak ka lemburna. Ti Bogor ka Sumedang téh geus puguh jauh. Lamun dijugjug maké beus mah aya kana genep jamna.

Basa anyaran rumah tangga mah, can ridu ku anak, lamun diajak naék beus téh tara talangké. Ayeuna mah horéamna nataku, mawa budak laleutik kénéh, umur opat taun jeung dalapan bulan. Lamun teu nurut, salaki sok ngambek.

"Kang, naha ngadadak? Aya pikersaeun naon badé ka Embu?" ceuk kuring panasaran.

"Pokona rék milu moal?" salaki rada nyereng.

Teu loba carita, bari haté metegeg ngajugjug ka stamplat beus. Kabeneran nepi ka lembur beurang kénéh. Kasampak mitoha istri, anu ngan kari sorangan, keur ngasur-ngasur seuneu di dapur.

"Euh, geuning Dadang jeung Titi," pokna bangun reuwaseun.

"Muhun, Embu, ieu sareng barudak ogé," ceuk salaki, tuluy ngasongkeun leungeun, sasalaman. Kuring ogé nuturkeun sasalaman, bari ngécagkeun budak tina aisan.

"Damang, Embu?" ceuk kuring.

"Alhamdulilah. Tah kitu atuh, kudu nurut ka salaki téh, ridu saeutik mah jamak," ceuk mitoha bari léos deui ka dapur.

"Ina, tuh salam ka Embu," ceuk kuring ka budak anu panggedéna. Budak téh kalah ka belenyeng lumpat ka tengah imah.

"Keun baé tong dipaksa, da kumaha atikan indungna budak mah," ceuk mitoha bari kurawed haseum. Pikeun kuring mah teu jadi nyeri haté, remen pisan mitoha méré budi anu matak pikanyerieun kawas kitu.

Bada magrib asup ka kamar mépéndé anu leutik, ari anu gedé mah keur lalajo tèlèvisi. Salaki anteng guntreng jeung indungna, kawas budak leutik anu mangadu ka kolotna. Sagala rupa didongéngkeun.

Hudang téh nyubuh, langsung bèbèrès jeung ka dapur. Torojol salaki nyampeurkeun ka dapur.

"Ti, Akang nyelang heula ka Bogor, sabab ènjing aya rapat pukul salapan. Jadi wayahna Titi, maturan Embu heula di dieu," ceuk salaki bari geus rapih rék balik deui ka Bogor.

"Haaar..., ari Akang. Atuh sareng baé, abdi ngiring deui, pan teu ngabantun acuk seueur jang salin," témbal téh mèrè alesan. Kuring ngarahuh narik napas panjang, asa diteungteuingan ku salaki. Ku naon teu dibadamian heula saméméhna.

"Iraha Akang mapagkeun deui?" ceuk kuring deui.

"Titi di dieu heula wé sabulan waé mah, Akang loba uruseun."

Teu lila mitoha mairan, teuing ti mana norojolna, nyaho-nyaho geus aya gigireun.

"Enya atuh Titi, ari jadi pamajikan kudu nurut diatur ku salaki téh."

Kuring ngabetem, teu némbalan, cipanon mimiti ngembeng. Buru-buru lumpat ka kamar bari nyokot budak anu leutik.

"Sok atuh, ulah nguyung, wayahna maturan heula Ambu di dieu. Akang mulang heula nya," ceuk salaki nyampeurkeun ka kamar. Kuring cicing teu némbalan. Batin mah ngarakacak.

Nyaho adat salaki téh kadieunakeun, sok sumput salindung. Anu kabandungan loba hal-hal patojaiah jeung akidah. Ngan nyabar-nyabar manèh, karunya ka barudak. Baheula mitoha awéwé kurang panuju kawin ka kuring, sabab rék dijodokeun ka batur salemburna. Tapi salaki maksa lantaran bapana mah nyaluyuan. Waktu bapana aya kènèh, indungna teu pati réwél teuing.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now