Budak Nu Leungit

1 0 0
                                    

Poé eta Si Arkan balikna sorangan. Inditna mah duaan jeung Si Obing, budakna Bi Isom. Ari pangira Si Arkan babaturanana téh geus balik ti heula. Dicelukan sababaraha kali di gunung Sayur, taya nembalan. Geus kitu mah gedig wé manéhna balik. Ongkoh jukut dina tolombong geus pinuh. Maranéhna indit ka gunung Sayur téh ngadon ngarit.

Barang datang ka lembur, gebru neundeun tolombong dina kandang dombana. Sanggeus diparaban sacukupna, koloyong ka lmahna Bi Isom.
Dua puluh meter deui ka imah Bi Isom, Arkan gegeroan “Bing, Obing! ku naon euy ilaing ninggalkeun?!”.
Euweuh nu némbalan.

“Bing! Obing!” ceuk Arkan deui. Geus nepi, gék dina golodog. Kulutrak, sora panto muka, lol sirah indungna Arkan.

“Obing mana Bi?” Si Arkan gasik nanya.
“Tebat ka lebak, ngurek?”.

“Har? Ari manéh kapan tadi ngarit jeung manéh. Geus lila nya ilaing balik”.

“Karek jol Bi, kebat ka dieu, da panyana téh Obing geus balik ti heula.”

Deg, cenah karasana kana dada Bi Isom. Palangsiang Si Obing leungit! Pok wé nanya ka Arkan, “Ke, ari tadi ngaritna ti lebah mana deuih? Mana lalila teuing?”

“Rada jauh tadi mah, Ibi. Hésé néangan jukut nu alus téh. Malum keur usum kieu. Halodo mah di mamana gé hésé jukut nu hadé,” walon Si Arkan.

“Na ti mana ngaritna?” cek Bi Isom.

“Ti gunung Sayur?”

Ngan gebeg we Bi Isom ngagebeg “Gunung Sayur,” gerentesna.

“Gusti, mani jauh-jauh teuing, Arkan! Sia mah can nyaho nya gunung éta? Kolot gé langka nincak gunung Sayur. Sanget kénéh deuleu! Ari ieu maranéh, budak satepak kénéh bet wawanian. Lah kami mah palangsiang Si Obing leungit, aya nu nyumputkeun ku urang dinya! Gusti, mangkaning anak ngan hiji-hijina. Da éta manéh nu mamawa ka dinya téh!”

“Si Obing nu ngajak mah Ibi. Resep meureun cenah di gunung Sayur mah. Loba jukutna jeung ngaremploh. Pikabetaheun deuih, uing mah sakadar nuturkeun manéhna.”

“Lah komo geus nyebut betah-betah kitu, palangsiang.” Ngan géwéwék we Bi Isom ngajéréwét. Hing wéh ceurik. Teu lila rob tatanggana ngadareukeutan. Reuwaseun.

“Ku naon Bi Isom téh, Arkan?” ceuk Bi Teja ka Si Arkan.

“Mimitina mah nanyakeun Si Obing, da tadi téh bareng ngarit ka gunung Sayur. Ari panyangka Uing, manéhna geus balik ti heula.”

“Ari ieu can nyampak di imah nya?” ceuk Bi Teja.

“Puguh nu matak ceurik gé.”

”Di ditu kénéh meureun. Tungguan wé, mun wanci Asar can mulang waé, urang susul ku saréréa. Nya Mang Tarju, enya henteu?” Bi Teja ngalieuk ka lebah Mang Tarju.

“Heueuh ceuk uing mah kitu wé. Wanci Asar Si Obing can mulang, wajib ku urang lembur susul. Boa teuing ayeuna di jalan kénéh, atawa sumpang-simpang heula ka lembur séjén,” ceuk Mang Tarju.

“Mamawa tolombong wadah jukut nya?” ceuk Bi Imik bari seuri. “Kawas nu dagang ancleung nyah?”

Ger nu aya di dinya sareuri, kagugu ku polah Bi Imik.

“Indungna keur sedih euy, teu hadé tingcakakak!” Aya saurang nu ngelingan.

“Aéh heueuh nya,” ceuk Udin nu milu ngariung Bi Isom. Jep wéh jarempé.

“Jadi kitu wé nya Mang Tarju?” ceuk Udin deui.

“Naon téa?”

“Paitkeun rencana urang engké. Mun Si Obing wanci Asar can mulang kénéh, urang wajib nyusul, bébéja waé heula ka RT.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now