Lebaran Poé Jumaah

0 0 0
                                    

Cilamping téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua.

Imah-imahna kabaheulaan kénéh, hateup injuk julang ngapak, bilikna képang anyam satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gedé sakitu mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Lebé waé jeung nu dareukeut ka dinya. Barudak lembut waéh nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak bujang nu ngadon marondok.

Tapi dina tanggal lilikuran Puasa mah masjid nu sasarina cakueum tiiseun téh ngadak-ngadak hégar, bilikna dikapur, buruanana dikoréd lening.
Tanggal tujuh likur pasosoré loba jelema ngarariung di balé malang bari gorgar ngawarangkong. Di juru deukeut bedug sa­watara urang ngadareluk ngaroméan terebang pakéeun eng­ké ari nyalawat maleman Lebaran. Lebé andekak nyarandé kana tihang, ngagigirkeun boboko tilu wadah béas jeung blék urut minyak tanah, wadah duit.

“Ség-ség atuh rék saletor pitrah mah, meungpeung beu­rang,” cék Lebé, “sor ka dieu, Arjangi, tong asa-asa …. Sabaraha jiwa nya? Tujuh lain?”

“Tilu, Kiai …. Kuring, budak nu cikal jeung indungna ….”

“Ari nu opatan deui?”

“Har, ari Kiai, pan can manjing puasa éta mah …. Pitrah kuma urusanana, bolon kénéh sasatna!”

“Nya atuh, kuma nyanéh waé ari kitu mah …,” ceuk Lebé, “tilu kulak nyah rék meuli téh?”

“Tilu,” ceuk Arjangi bari ngudar cangreud rajut, dicicikeun, borolo bénggol wungkul. Milihan genep, sésana diasupkeun deui, purilit ret dicangreudkeun deui. “Tah, Kiai, kuring seja mésér béas tilu kulak ku duit limalas sén ….”

“Genep bénggol kitu, pan éta duitna gé bénggol wungkul!” ceuk Lebé bari kerung.

“Seug atuh …, kana duit genep bénggol,” cék Arjangi mindo ijab bari ngéntépkeun bénggol dua-dua, sakulakeun-sakulakeun.

“Kula ngajual béas tilu kulak kana duit genep bénggol …. Tah rawatan, tilu boboko …. Sing percaya, geus meunang ngayon éta téh, jejeg sakulak-sakulak …. Sok ayeuna geura setorkeun deui ka kaula …. Setor pitrah kitu!”

“Kuring setor pitrah tiluaneun …. Ieu kawajiban kuring, ngaran Arjangi …. Nu ieu kawajiban awéwé, Si Narti …., tah nu ieu kawajiban anak nu cikal, Si Awisah …. Lain kawajiban popotonganana kénéh, Kiai…? Da can lubar idah!” ceuk Arjangi bari tanggah neuteup beungeut Lebé, “teu datang-datang si selud téh, katempuhan bapana waé tungtungna téh!”

“Tarima kaula pitrah Arjangi jeung Nyi Narti jeug Nyi Awisah …. Sok kadinyah amin urang dungaan,” ceuk Lebé bari nandékeun dampal leungeun duanana.

“Ké heula, Kiai, tobat sanés nyanyahoanan …. Ulah ku dunga indal-maot, kuring mah sok kukurayeun ….”

“Ari geus …. Dunga naon kahayang téh …?”

“Indal-salamet waé atuh sugan, ambéh salamet panjang umur ….”

Lebé kapaksa ngéléhan. Bérés ngadunga, bénggol nu genep téh dirawatan, goloprak-goloprak diasupkeun kana blék téa.

Geus dimimitian ku Ki Arjangi mah sungsong paheula-heula, rata ukuran sakulak lima sén. Nu ngurung budak waé aya, nu geus rada enyay-enyay ngarti mah, nu nurutan Ki Arja­ngi waé loba.

“Punten, ah, kuring mah ti dieu waé ti luar, sangeuk siba­nyo,” ceuk lalaki tengah tuwuh bari melenyun udud. Leungeun­na ngarongkong nyodorkeun duit lima sén ka nu diuk pang­deukeutna, ménta ditepikeun ka Lebé.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now