Mamah Ngimpi Mekprek Beurit

0 0 0
                                    

wengi mah ngimpi teh aya ku aneh," ceuk pamajikan kuring. Kuring angger diuk, teu riuk-riuk. Puguh manehna nu aneh mah. Nyaho salaki kakara datang, kakara ucul-ucul, kesang ge can tuus-tuus acan, disampakkeun carita ngimpi aneh. Boro-boro hayang mairan, anu jelas mah hayang reureuh we. Hayang ngararasakeun kacape, balas leumpang nanjak-mudun aya kana tilu kilona. Aya eta oge ari ojeg mah, tapi Pa Bupati palay angkat nyacat etang-etang olahraga saurna teh. Kapaksa we atuh bawahanana oge, komo pejabat eselon tilu cara kuring mah, kedah ngiringan kana kapalayna.

Puguh we pikeun kuring mah boro-boro olahraga, anu jelas awak asa pasiksak. Urut mangkukna oge masih keneh karasa cangkeulna. Sarua deuih, badarat mapay jalan satapak ngahadiran acara di lembur anu sarua singkurna. Ngan mangkukna mah ngiringkeun Pa Wakil Bupati.

Boh Bupati boh Wabup, duanana ge atasan kuring. Ahir-ahir ieu, duanana mindeng ngayakeun acara di pilemburan. Dadakuna mah sakalian tepung lawung jeung masarakat nu aya di pasisian. "Da eta oge masarakat urang keneh," saur Pa Bupati. Tapi dina enas-enasna mah, kabeh oge pada maphum, duanana rek nyalonkeun Bupati dina Pilkada nu kari sababaraha bulan deui. Pa Bupati palay jadi bupati deui, Pa Wabup palay undak jabatan jadi bupati.

Anu serba salah, pajabat anu aya di sahandapeunana saperti kuring. Ka ditu kumaha, ka dieu kumaha. Milu ka ditu, teu milu ka dieu, bisi majarkeun "ada keberpihakan". Kitu oge lamun acarana henteu mareng. Lamun mareng mah saleuheung keneh, bisa milih acara anu raket patalina jeung dinas tempat kuring digawe. Tapi minggu ieu mah, dikersakeunana teh acarana euweuh nu mareng. Atuh kapaksa kudu milu ka duanana. Matak awak asa pasiksak teh lain bebenjon ieu mah.

Ari anu ngaranna bawahan, lain soal satuju jeung teu satuju, ngan kawasna kabeh oge sarua, sieun aya buntutna. Teu werat nanggung konsekuensi politisna, anu bisa jadi baris mangaruhan kana karier ka hareupna. Salaku pajabat karier, kuring oge hayang atuh naek pangkat mah. Paling copel bisa ngeusian jabatan "yang menjanjikan". Apan ayeuna mah, sabada aya otonomi daerah, nasib pajabat di daerah teh leuwih gumantung ka kapala daerah. Eta masalahna teh.

Pamajikan oge kababawa riweuh deuih. Da Ibu Bupati sareng Ibu Wabup sami-sami sering ngayakeun rupi-rupi acara. Tadi bae, pamajikan mah milu dua acara sakaligus. Isuk-isuk milu kagiatan PKK sareng Ibu Bupati, sorena ngiringkeun Ibu Wabup muka acara turnamen poli putri antar kacamatan.

"Mamah teh tadi wengi ngimpi mekprek beurit. Aya naon nya, Pah?" ceuk pamajikan bari diuk gigireun.

"Ah, ngimpi-ngimpi bae Mamah mah jadi masalah. Riwan eta mah! Ari ngimpi teh kembangna sare, anu muncul tina alam bawah sadar," ceuk kuring tamba bau sungut, ngutip pamadegan psiko-analis Sigmund Freud.

"Eh, Papah mah! Tong dianggap serieus, nya, ieu mah nyarioskeun. Kapungkur waktos Si Enong bade nikah, Mamah teh ngimpi neunggeul oray. Teu kantos lami, apan Si Enong nikah. Da saurna, upami ngimpi neunggeul oray mah bade nikah atanapi bade nikahkeun. Ieu mah ngimpi mekprek beurit, dipekprek ku batu nepi ka paeh si beuritna teh. Anu jadi emutan Mamah teh, ari beurit perlambang naon, nya?" ceuk pamajikan, norostos. Si Enong teh anak kuring nu cikal, lanceukna Si Eneng. Da ngan dua-duana kuring mah boga anak teh, duanana awewe.

"Ah, Mamah mah kawas Si Alung bae percaya kana sioh. Anu jelas, beurit mah sato nu sok kokorowot! Apan dokumen Papah oge di kamar tukang, beak dikorowotan beurit!" ceuk kuring.

Pamajikan ngahuleng, kawas-kawas anu mikiran omongan kuring. Ari nepi ka kitu mah, teu tega kuring oge.

"Apan ceuk Mamah ge tong dianggap serieus. Boa samemehna keur mikiran beurit. Atawa anu siga beurit!" ceuk kuring ngajak heureuy.

"Ah, Papah mah kitu bae. Puguh Mamah teh ti siang keneh teu ngarareunah hate, inget bae ka Si Eneng!"

Teg teh aya nu nyentug kana hate.

"Apan Si Eneng mah biasana sok ngiring kana kagiatan ibu-ibu!"

"Leres, enjing-enjing mah aya di Gedong PKK. Tapi teu lami, da saurna teh bade kana acara Pa Bupati."

"Na, da euweuh di ditu mah. Kepala dinasna oge euweuh deuih, diwakilan ku kabagna duaan. Cenah keur aya tugas ka Bandung."

Moal milu ka Bandung mah, kitu? Eta anu kapikir ku kuring teh, tapi henteu dipokkeun ka pamajikan mah. Sabab bisa jadi pamajikan oge boga pikiran kitu. Katurug-turug geus meh pukul dalapan can balik keneh bae.

"Telepon atuh kana HP-na atawa di-SMS," ceuk kuring.

"Atos sababaraha kali, tapi mailbox bae."

Si Eneng teh kakara sataun tamat ti paguron luhur di Bandung. Ti batan ngaligeuh bari juta-jete, ku kuring diasupkeun jadi pagawe honorer di pemda. Pikiran teh, lamun geus aya di jero mah kari ngadagoan wanci nu mustari pikeun dibebeskeun jadi pagawe negri. Soal sulap-selip jeung waragadna mah bisa diatur, lantaran ayeuna tea apan euweuh nu haratis. Can sataun digawe, cenah geus kapake ku atasanana. Malah sok katembong babarengan jeung kapala dinasna sagala. Aya reueus pacampur jeung paur. Kapaur kolot nu boga anak awewe geus sawawa.

Kapala dinasna, Pas, umurna mah sahandapeun kuring. Malah jadi pagawe negrina oge teu leuwih lila ti kuring. Tapi karirna gancang nerekel ngaluncatan para seniorna. Pangpangna mah bareto, jaman Orde Baru, kaasup bisa ngadeukeutan bupati alam harita. Bisa mupujuhkeun karesepna, anu sabenerna mah kurang pantes. Nepi ka aya bejana sosobatan jeung penisilin sagala apan. Ceuk beja, kabiasan jaman Orbana teh terus manjang nepi ka jaman Otda kiwari. Ari ayeuna mindeng kapanggih babarengan jeung Si Eneng. Si Eneng, anak kuring nu bungsu, sarjana anyar. Soal rupa, paling copel di lingkungan pagaweanana mah hese tandingna. Enya, geulis Si Eneng teh, malah leuwih geulis ti Si Enong. Ayeuna teuing keur jeung saha jeung di mana deuih?

Teu mustahil mun Si Eneng kapincut ku Pas teh. Ganteng, gagah, jeung pinter deuih. Pinter sagala rupana. Gelarna oge ngantay ti hareup ti tukang. Gelar akademis asli ieu mah. Lain hadiah komo aspal, saperti kalolobaanana pejabat di urang. Geus puguh ari pakayana mah, da meh salilana aya di dinas anu lain baseuh deui, tapi cikruh. Malah manehna teh disebut-sebut salasaurang pejabat eselon dua anu diincer ku sababaraha calon bupati pikeun jadi wakil bupatina. Ngan cenah Pas can mere putusan ka sasaha oge, sabab manehna leuwih ngincer jabatan sekda, kalungguhan puncak pikeun pejabat karir.

Boa-boa enya ayeuna teh keur babarengan jeung Si Eneng. Beu, teu mikeun hate teh. Sanajan indungna, enya pamajikan kuring, kungsi nyarita yen Pas geus aya jangji rek ngusahakeun Si Eneng jadi pagawe negri. Tapi ari nepi ka kitu mah, asa mahal teuing waragadna. Boa-boa eta kitu anu dilambangkeun ku beurit teh? Beu...

"Kumaha atuh, Pah? Taroskeun atuh ka rerencanganana!" ceuk pamajikan.

"Ku Mamah we atuh! Papah mah jam salapan teh aya pertemuan di Pondok Ungu. Ngarengsekeun perkara potongan bantuan ka desa-desa tea. Atasan nu ngabalana, angger we bawahan anu kudu sasapuna mah!" ceuk kuring, meupeus keuyang.

Atuda enya, salah tah anu nyieun babasan "euweuh bawahan anu goblog, aya oge pamingpin anu teu becus" teh. Buktina mah, lamun pamingpin nyieun kasalahan, angger we bawahan anu kudu daek katempuhan buntut maungna mah. Da euweuh atuh pamingpin anu daek disalahkeun mah, iwal lamun sacara politis leuwih nguntungkeun mun ngaku kasalahan. Mangkaning sasapu kalasahan pamingpin jaman reformasi tea, teu cukup ku catur, da kudu jeung bukurna nepi ka puluhan juta. Sabab anu kudu disumpelna oge leuwih loba tur "merata".

Mun kitu, saha atuh anu dilambangkeun beurit teh?

"Kumaha atuh, Pah?" ceuk pamajikan deui.

"Dagoan we nepi ka Papah balik ti Pondok Ungu. Lamun can datang bae, ku Papah diteangan, sakalian urang pekprek jeung beuritna! Ngan lamun datang ayeuna-ayeuna, talek ku Mamah anu bener! Ulah ngerakeun Papah kituh!"

Pamajikan katenjo cumalimba. Bisa jadi kahariwangna leuwih gede ti kahariwang kuring. (*)

#Budi Rahayu Tamsyah

Carpon SundaWhere stories live. Discover now